carpon AY Hudayat
Jam satengah sapuluh peuting, manehna masih keneh ngarengkud mencetan salahsaurang pagawe pabrik, tatanggana. Ledak-ledak paremna di balurkeun kana tonggong nu keur dipencetan. Geus lantis, lalaunan tina lebah punduk disasar, dilelebah. Terus dipencetan, nunutur ceuk pangrasana kudu disasar jeung dirancet kalawan lantip.
“Ceu Odah, sok kamana wae ngider teh” nu nangkuban sorana rada ngosom. Tukang dampal leungeunna dipake pangganjel gadona. Sakapeung muringis meneran mamarasna dipencet rada tarik.
“Nya ari abdi mah kumaha nu nganggo bae. Tapi teu acan ari ka nu tebih pisan mah.” cenah. Rancetatanan geus nepi kana bitis. Nu keur nangkuban cengkat.
“Ke heula…alah ieu dada meni eungap kieu.” Katingali nu dipencetan maksakeun maneh nyeuseup hawa sababaraha kali. Geus katembong mernah deui, bantal dipake pangganjel, manehna nangkuban deui. Sawatara lilana paheneng-heneng. Nu mencetan jongjon ngulinkeun ramona. Ramo kenca katuhuna meber siga kukupu, gugulusuran dina tonggong nu leucir ku balur. Jempol jeung jempol nu adek lalaunan silihpajauh. Masing-masing ngawangun gerakan muter. Saputeran, jempol jeung jempol tepung deui. Ayeuna mah nu mencetan teh museurkeun gerakanana kana dampal leungeunna.
“Alah… Ceu ngeunah..” nu dipencetan peureum beunta. “Tah sasar lebah walikat.” Ku cara sakitu ge sabenerna geus cukup pikeun nyambung deui obrolanana. Nu nangkuban geus pok deui nanya,
”Ceu, ulah kokomoan teuing digawe teh. Ieu mah ceuk beja sok nepi ka peuting pisan geuning Euceu mah. Karunya ku budak!”
“Karunya kumaha, pan sadidinten ge dibantun. Ayeuna teu dibantun teh, ngiring ka ninina ka nu hajat.” Geus biasa pikeun dirina mah nampa kedalan sarupa kitu. Geus remen jawaban-jawaban ti dirina museur kana lebah, sugan bisa, mernahkeun pikiran jeung sangkaan nu sejen kana kaayaan nu saenyana keur kaalaman. Sakapeung jero hatena nganaha-naha ka maranehna nu keukeuh neundeun karempan atawa curiga nu kaleuleuwihi. Leuheung basa lamun semet kahariwang mah, dalah diri pribadina ge kalan-kalan kalimpudan ku rasa nu kitu. Tapi lebah curiga? Naon atuh nu keukeuh ngomberan maranehna da puguh sakitu buktina. Ngerong deui kana pangabutuh, geus dianggap jamak rupaning bagal-bagal katugenah nu mindeng katampa mah. Manehna nandonkeun rupaning katugenah. Ceuk pikirna, moal nulungan rasa nu epesmeer mah.
Jawaban teh karasa rada beda keur nu dipencetan harita. Rasa panasaran terus nuyun manehna ngudar rupaning peta ti nu keur ngarengkud mencetan. Sora nu karasa rada nyereng tadi, kacindekanana geus nepi kana lebahna. Nu dipencetan teu bisa kapalingan, rancetanana geus beda ti wirahma nu mimiti.
“Komo kitu…. Budak dibawa sapopoe. Ulah disaruakeun jeung urang. Ku angin tea. Kurang-kurangna kuat mah, sidik pipanyakiteun teh narapeu ayeuna mah”
“Ah, henteu pun anak mah. Ngartieun bae meureun…ngajurung laku ka indung. Paling kaserang pileg. Lamun sapopoe ditinggalkeun, beuki melang. Ulinna sisi walungan wae budak teh. Aya dititipkeun ka ninina, karaos ku abdi… kumaha adat budak teh… rudet.
“Tara sieun lamun balik ti peuting?
“Lah, jamak nu kitu mah. Nu nyangka lain-lain mah, aya. Tapi kumaha urangna. Ari tadi naon, bade ka dieu teh, aya nu nunutur dugi ka buruan! Ngagugulung kasieun teuing mah atuh abdi moal gaduh keur balanja uyah-uyah acan panginten” beuki dieceskeun ku manehna, kateuneung jeung kaludeung teh lain rek disalenggorkeun ka lebah nu matak pikanistaeun.
“Enya, matak ge kade. Puguh mah ladang kesang halal, nu lain mah can tangtu bisa… ” sorana teu kebat. Aya nu didagoan nepi ka mana nu mencetan teh surti kana maksud eta ucapan. Nu didagoan kedalanana geus mungkas rancetanana. Wadah balur geus ditutupan deui. Duit receh diasupkeun kana carecet.
“Har, ari Ceu Odah… atos kitu. Ari ieu ramo suku naha moal dicetrekkan?” sorana ngahaja dihampangkeun. Gancang manehna ngarongkong kana kutang nu ngalumbruk di gigireun.
“Lah…. Ulah seueur teuing dicetrekkan. Cenah mah persendianana bisi garing. Atuh jadi rarengkeng keh. Kersa kitu?!!”
“Enya ..lah. Ceu Odah tea ahlina atuh. Eh… Kadieu deui minggu hareup, nya? Lamun aya waktu mah hayang dipangundeurkeun pucuk sampeu. Urang ngalalab jeung meuleum peda geura. Abong mun te pedo sambel Ceu Odah mah!” Cenah bari ngusiwel ngaluarkeun duit terus dikeupeulkeun ka Nyi Odah.
“Kumaha engke bae. Gampang lah…caket ieuh!”
Teuing naon nu nyangkaruk dina pikiran jeung hate Nyi Odah harita. Peuting nu suni tur palataran nu meredong tacan bisa nyalametkeun dirina tina rupa-rupa hal nu kudu karandapan. Sakur laku lajuna tacan mampuh ngabalakakeun ka nu sejen yen dirina masih tatag panceg dina titincakanana.
Budak ditutungtun diaakod teh lain teu beurat lain teu cape, lain teu ridu. Tameng nu pangampuhna keur dirina taya lian ti kudu mamawa budak. Meungpeung can manjing sakola. Da mun geus waktuna sakola mah, kapaksa meureun aya nu kudu ditarekahan sangkan dirina bisa ngalumangsungkeun pacabakanana kalawan taya halangan harungan.
Enya, ku mawana budak, sahanteuna aya pangreugreug. Leutik-leutik ge lalaki., bisa jadi batur ludeung. Bisa jadi saksi yen indungna kalawan euweuh niat saeutik ge rek mengpar tina tujuan mimiti: ngipayahan budak jeung indung ku jalan halal. Sakalieun di titah mencetan lalaki, mikir heula, satungtung masih wawuh, puguh dulur jeung kulawargana bisa wae ditedunan, komo lamun nu saimah atawa tatanggana milu hayang diparencetan. Teu pati ieuh salempang.
Budak montel teh pikeun dirina mah hiji kauntungan keur pamanceg jeung panyengker tina sagala rupa nu baris mengparkeun paniatan mimiti. Kungsi hiji waktu, manehna teu mawa budak. Ninina keukeuh nyarek. Cenah, ulah dibiasakeun. Geus diolo mah teu burung repeh budak teh. Nu miang meusmeus ngarandeg. Karasa aya nu narampeu matak pikarempaneun. Rada jauh ti lemburna, antukna manehna anjog ka hiji imah nu combrek. Apal nu ngeusian ngan saurang, lalaki deuih, karempanna beuki ngandelan. Harita Kaitung pangalaman anyar keur dirina mah kudu lunta ka imah lalaki keur urusan kitu. Pikiran ngopepang kana kaayaan imahna. Enya, lamun tea mah nyumponan nanon-naon nu dipikabutuh keur nu daratang, meureun bae nepi ka ayeuna ge masih bisa mencetan di imahna bari teu kudu ninggalkeun indung. Bubuhan we meureun dibarung niat nulungan, tatangga remen nitah sangkan kuring datang ka imahna, ngadon mencetan di imah sewang-sewangan. Lila ti lila, ku beja pabeja-beja, ti nu jauh ge daratang, ngahaja ka imah heula. Aya nu gadon langsung menta dipencetan. Ngan hanjakal, teu lana. Enya, sakalieun hayang kiih ge, nu keur narungguan giliran teh, kudu bae neang rungkun nu kaitung teu kagiridig ku nu aya di lembur. Atawa teu kitu kudu bae ka tampian nu jauh ti imah teh. Komo deui lamun hayang ngising mah, make kudu jeung teteregeng ka walungan sagala. Nya ti harita, aya urang Ciantanan nitah manehna ka imahna. Alesanana mah hayang leuwih rineh.
Nyi Odah langsung di titah asup ka kamar. Reuwasna teuing semet mana. Kasampak nu boga imah keur nangkuban padu dikaos sangsang jeung calana kolor. Manehna langsung nuduh-nuduhkeun lebah-lebah nu carangkeulna. Bari ngarengkud, tanda tanya mah masih terus ngulincir dina uteuk manehna. Naon kajadian nu baris karandapan ku manehna. Naon kahayang sabenerna ieu jelema. Ngan kitu jeung kitu. Tapi lila ti lila mah kasalempang teh ngurangan. Tina omongan eta lalaki, teu mampuh dihartikeun ku manehna minangka galagat nu teupihadeeun. Ilaharna obrolan di sela-sela mencetan, nu mencetan ngobrol padu teu jempling teuing. Aya atohna kituna mah. Ngadedempes omanan malah matak nyumput-nyumputkeun nu teu pikahartieun nu tungtungna bisa ngerekeb dirina nu teu bisa walakaya, teu diomberan pikeun ngejat atawa ngabela diri heula.
Teu lila teuing mencetan teh, eta lalaki geus ngeureunkeun. Cukup cenah poe ieu mah. Geus mere buruh, ngomat-ngomatan sangkan datang deui minggu hareupna. Nyi Odah nembalan ngan cukup ku unggeuk terus amitan.
Enya, ku geus ngarasa aman mah, aya kana dua tilu kalina mencetan di eta imah lalaki teh. Ku ngarasa euweuh nu pisalempangeun, budak kalan-kalan teu dibawa. Ninina mah atoheun kacida. Pokna teh itung-itung nungguan ninina nu camieu sorangan di imah.
Antukna si lalaki teh jadi ngalanggan. Keur Nyi Odah mah karasa hiji kauntungan. Bayaranana leuwih undak ti sasaha oge. Malah kaitung ngarti eta lalaki teh. Ngahaja Nyi Odah, dielingan, lamun perelu mah bawa bae budak teh. Ulah ngarasa kagok da dirina mah teu ngarasa kaganggu ieuh.
Geus diangkir deui, saperti biasa, obrolan ngan padu miceun kasimpe wungkul. Nu dipencetan nunuduh lebah-lebahna nu kudu dirancet. Lebah bobokong nu dirancet teh teu laju nitah deui ka lebah sejenna. Cenah mah asa carangkeul pisan. Atuh Nyi Odah terus bae ngarengkud. Tapi teu kungsi lila, manehna nitah ngarancet ka nu leuwih handapna. Manehna mimiti galider. Lain soal lebah-lebah mana nu kudu dirancet, tapi aya nu leuwih nandeskeun kapaur. Panitah eta lalaki teh ngadenge haroshos. Geus teu kudu dihartikeun nu sejen, keur tangtungan Nyi Odah nu kungsi ngalaman mamanisna birahi, geus mangrupa pangbalaka ti eta lalaki. Manehna keur ngadodoho kasempetan pikeun ngudar rereged nu nyaksrak saawak-awak.
Teu diengkekeun deui, Nyi Odah ngeureunkeun rancetan. Nu keur haroshos neger-neger maneh. Sieun katohyan naon nu keur nyaksrak na awakna.
“Enggeus kitu?’
“Seueur keneh bujengen!”
“Har…. buruhna ge atuh kudu dikurangan.”
“Teu langkung” cenah bari terus ngojengkang muru lawang panto. Nu ti jero kamar ngudag. Nongtak leungeun Nyi Odah.
“Heureuy atuh kuring mah. Tah…!” cenah bari ngasongkeun buruhna.
Nyi Odah ngingkig. Dirina neger-neger maneh. Minggu hareup, naon deui nu baris karandapan?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar