SABENGBATAN

"sabengbatan", duduk manis dan simak dengan hati. semoga ditemukan ruang-ruang indahnya....

Minggu, 19 Desember 2010

LAIN HARIRINGKEUNEUN


Karasa aya nu ngulincer  nunutur lengkah. Sakapeung hatena mamaksa sangkan ngarandeg. Maksud mariksa nu tukangeun, manehna api-api nyusutan kesang anakna nu ditungtun. Meusmeus memener aisanana; sakapeung ngangsrodkeun calana pondok anakna. Tapi keukeuh beungeut mah disumputkeun. Pisakumahaeun ngajenghokna lamun dirina katohyan. 
Lain rek ngejat atuh ari kudu matak picurigaeun mah. Hatena padungdengan. Gancang  leumpang deui, diatur sangkan teu ngingkig teuing. Pikiranana memener kumaha carana sangkan dirina katingal ku sakur nu pasanggrok ilaharna jalma nu sejen. Rarasaan mah manehna teh nu kungsi dipencetan. Ah, lain…tapi asa enya ningal bayuhyuhna mah. Lain ketang! Pikirna terus ngoconan.
Tungtung samping nu dipake ngais gembolan ngahaja dirungkupkeun kana sirah.  Taya panyalindungan ti moreretna poe. Meneran waktuna budalan pabrik, jam dua. Kekebul taneuh nyerebung kakebutkeun ku kendaraan nu nyemprung cing baliur. Katambah-tambah abrulan pabrik nu silihsered silihdupak, arocon, tambah mulek tambah nyerebung sajajalan. Nu daragang sisi jalan mah teu ieuh ngarasa kaganggu ku kaayaan kitu. Nu nagog, nu cingogo, nu ngahaja masang jongko galehgeh ngolo ka sakur nu ngaliwat.
Harita dunya karasana beuki laluasa nembrakkeun ngeunaan kaayaan dirina. Pipikiranana terus ngadongkangan  rupaning renyu jeung rindat ti sakur nu pasanggrok. Pangrasana ngurihit sangkan terus leumpang. Tapi rasa nu lian keukeuh rumegag sieun meneran anjog na lengkah nu matak piapeseun.
Kenca katuhu sajajalan pabrik. Boh nu budalan atawa nu kakara asup, geus teu kaitung lobana nu pasanggrok jeung manehna. Lah-lahan sugan euweuh nu wawuh, da ceuk pikirna lain di lembur pribadi. Rek kumaha pinasibeun lamun kudu katohyan.
“Buru leumpangna!” cenah ka anakna.
Gancang manehna nyalinker di antara nu ngeungkeuy. Lengkahna asa karungkup ku ambrulan pagawe pabrik. Hareupeun jeung tukangeun rombongan awewe cingcirihil dioconan ku babaturan lalakina. Sigana mah sapabrik. Kaluhurna telor asin, calanana bulao cap loceng. Saurang ngaberetek ka hareupeun meh ngabadug budak nu keur ditungtun. Ti tukang aya nu nyelengkeung:
“Awas siah, Sade!”
 “Kajeun!” cenah bari nyuruntul ka hareup terus ngahaja ngaleng nu aya di gigireun. Dikitukeun teh nu dikaleng asa jadi nyi putri, dulak-dilak bari ngenyoh kana batagor nu diambeng sajajalan.
“Dadaekanan si Dedeh mah!”
“Yey, sirik!”
“Dedeeeeeh, ngabejaan urang mah…  nu enggeus-enggeus ge dua belas jaitan!” saurang deui nyelengkeung bari curuhal-cirihil.
“Keun bae ah, nu penting mah kacih cayang, ya Bang!” cenah bari gulak-gilek kawas budak, ngunggeukan ka nu ngalengna.
“Sayang manuk, meureun!”
“Bae! Rek naon deui nu diteangan teh, pan manuk …ha..ha..ha..”
“Dasar si Dedeh mah saruana!”
“Tuh manuk operator nu gede mah ulah nu Si Sade, leutik!” nu bayuhyuh mairan.
“Gede ge ari teu bisa hiber mah keur naon!”
“Teu bisa hiber kumaha, leuwih-leuwih ti lingas… galak deuih.”
“Enya ketang, apan si Yati ge nepi ka kaluarna teh da dipacokan jeung dibintihan wae ku operator!”
“Bebel siah sangeunahna ngomong teh. Ku si Dodi eta mah.”
“Aing tea, sakeclak ge matih! Ner teu, Ded ?!! Tuh si Yeyen ngagumes bae kana jambu aer, geus dibintih ku kuring eta teh!”
“Goblog siah ka nu gede teh!” nu disebut Yeyen nyuruntul ngudag. Jambu aer nu rek dihuapkeun dibaledogkeun meneran kana pundukna. Ngarasa can puas, manehna, maledog sababaraha kali.  Si Dedi nyingcet. Pamaledog nu katilu keuna pisan ka nu keur ngais gembolan.
“Alah…Eteh punten pisan!” Nu maledog kuram-kireum. Luak-lieuk neangan nu ngiles. Terus nyuruntul ka hareup maksud rek ngeprikeun kaera. “Mana si Sade teh…? Sadeeee……!” cenah bari ngaberebet.
Nu kabaledog ngan semet ngareret, terus ngungkug deui. Asa hayang tereh nepi. Awak geus heheaban, lain pedah hareudang-hareudang teuing, tapi inggis lima lengkah nu katukang bisa muka lawang pikaapeseun pikeun dirina. Nu pilewangeun geus narampeu.
Gancang manehna ka sisi, api-api nyampeurkeun nu keur ngelek dagangan nu nangtung hareupeun kios phone . Geus ngarasa yakin dirina teu diperhatikeun mah, manehna ngungkug deui.
Ambrulan sisi jalan geus karasa rada anggang jeung dirina nu keur kalimpudan ku karingrang. Lila ti lila sisi jalan geus mimiti corengcang.  Hiji-hiji nungtutan pisah, ngajugjug pamaksudan sewang-sewangan.
Anjog dipanyumputan, rasa beuki teu paruguh. Pikirna, lamun tea mah kudu kapanggih, geus taya deui panglumpatan. Duh, meureun geus dikepung ieu tempat teh.
Panasaran hayang ngudag rasa, manehna lalaunan ngelol ka luar. Teu sora hayam-hayam acan.  Panto dipeundeutkeun deui. Jandela jeung panto kalawan lantip dipariksa nepi sababaraha kali. Ati-ati naker. Selot panto lalaunan ditulakkeun. Inggis sorana ngondang mamala. Gap kana lalangse. Diteger-teger oge, keukeuh karasa aya keneh nu ngawaskeun. Dipapay hiji-hiji, weleh teu kawenehan kalangkang kalangkangna acan.
“Pindah wae kitu?” Ngan sakitu nu kedal. Pikiranna  teu mampuh ngudar nu geus kagok  pajeujeut tangka nalimbeng dirina. Sajongjongan mah ngan bisa ngahuleng. Hayang nepung-nepungkeun lengkah nu baris dipilampah. Ceuk pangrasana, lamun gura-giru pindah, kumaha pialesaneunana.
“Pek bae rek dieusian mah, ngan kudu beberesih heula, ma’lum urut  paneundeunan segon.” ceuk nu boga imah basa tepung munggaran jeung manehna. Harita poe  keur meujeuhna mentrang-mentring, nu lunta geus teu kawawa ngarasakeun kacape.  Manehna ngilu ngiuhan. Susuganan mimitina mah. Ahirna eta tempat teh bisa dieusian ku manehna. Geus teu mikir panjang deui, ceuk pangrasana, nu penting dirina kudu gancang bisa ngejat ngajauhan mamala.
Tapi pamustunganana, kakara saminggu geus hayang pindah deui. Asa leuwih hade neangan nu nenggang pisan. Tapi tetep karasa aya nu ngukuntit wae. Pangrasana, dirina kalepasan teuing ngalayanan jalma ti unggal tempat. Moal boa, di tempat nu keur dicicingan ge aya hiji dua  nu wawuh jeung manehna.
Pikiran jeung rasa antukna dipulangantingkeun kana lebah-lebah alesan nu pipanteseun. Pikeun jinisna, aya nu kawilang beurat. Apan teu sirikna disambat dirina teh. Ningali tangtungan awewe nu laka-leke. Geus katohyan ku nu ngangkir ge yen dirina geus lunta jauh neangan tungtung harepan. Ditanya ngan balas gideug jeung ramisak.
“Ma, tong loba teuing ditanya. Ituh…karunya kitu!” nu kacicingan ngelingan pamajikanana.
“Eh, naon salahna. Sugan sidik kulawargana. Geus katempuhan mah keh kumaha ?” Untungna  kedalanana teh ngan padu ngaharewos.
“Lah, sok nu lain-lain! Geus sidik jalma tulunganeun. Isuk pageto ge indit deui meureun geus ngarasa  cukup reureuhna mah.”
“Enya kitu tea mah. Tapi lamun ….”
“Lamun…..lamun! Nyai….. asup ka dieu. Cai heula yeuh. Mana si Ujang? Aya kulub jagong yeuh…!” Salakina ngajorowok ka nu keur ngadaweung di tepas jeung nu keur anteng tatanggahan ningal langlayangan nu kapakan nyangsang na tangkal jambu. Nu digeroan teu ieuh nolih. Paneuteupna kosong, teu wasa nyingrai-nyingraikeun saliara na tatapakan hirupna; nyingraikeun kaketir diri nu bruh-breh ti saprak nampa pangolo dina unggal rancetanana;  dirina geus lungkra jauh tina paniatan mimiti, lain ngan ukur mencetan.  Budak anteng memetot kenur nu ngarait pajeujeut na dahan jambu. Kenur dipanteng. Jeprut! Ngusey nyieun bandringan. Kenur nu masih pajeujeut na dahan terus dibandringan. Indungna anteng ngajugjug implenganana. Tapi teu kebat, manehna kakebah ku budakna nu ngajorowok bakating ku atoh meunang langlayangan jeung kenurna nu sakitu ngembat panjangna..
Manehna ngarenjag. Rikat muru anakna. Alesan ka nu nawaran cai mah, cenah rek beberes heula. Budak ditungtun asup ka kamar panyumputan. Paneuteupna teu lesot kana calana budak. Gancang diporosotkeun. Disalinan ku calana nu lainna. Budak ditonggongan. Lantip naker manehna mariksa. Seuri maur. Manehna ngarongkong  nyokot gunting leutik. Taliti naker ngabedelan kaputan lawon na jero calana anakna. Leungeunna kumeter ngaluarkeun plastik leutik eusi lintingan pahpir aya kana tujuh lintingna sagede-gede curuk anakna, anteurkeuneun ka langgananana nu dadaku hayang dipencetan. Gancang calana teh ditilepan dihijikeun jeung dua calana lianna nu  masket jadi panyumputan plastik leutik nu pangamanna. Pangamanna? Manehna galideur tapi rikat ngeprikkeun karempan.
“Ma, engke Ujang dipasihan acingan deui nya ku Om Ucin?” ceuk anakna muru indungna  nu cengkat rek neundeun eta plastik. Dirina  masih mangmang milih tempat nu mernah keur eta lintingan. Anakna terus ngepot ka manehna. Indungna deku manehna nangkod; indungna leumpang manehna montel ti tukang.
“Cik atuh hareudang, lah!” budak dikepeskeun. Dikitukeun teh bangun siga nu ngahajakeun. Sabot ngudar gembolan, leungeun budak geus nyusup kana  dada indungna.
“Maneh mah!” sakali deui digeuweungkeun. Budak gancang ngarawel beuheung indungna. Awakna ngahaja dibeubeutkeun kana lahunanana. Budak ngadon siga nu ngaheureuyan. Geus kitu sup deui leungeunna ngusey kana jeroeun baju lebah dada indungna. “Rek sare mah sare we atuh. Ieu Ema kagok  rek beberes heula.”  Dikitukeun teh, leungeun hijina deui beuki pageuh meulit kana  beuheung indungna. Antukna teu bisa  kukumaha, budak dirawu. ”Laah, si jagur mah, gede-gede kokorobet keneh kana susu indung!” Budak terus dilahun bari diusapan sirahna lalaunan. Nu dina lahunan teu lila tuluy ngaguher bari angger leungeun katuhuna mah nyusup kana kutang indungna. Budak lalaunan di golerkeun kana samak. Paneuteup indungna anteng mapay gurat-gurat beungeut nu keur tibra. Aya nu hayang dikobet ti rupaning kahirupan nu geus kaalaman tug nepi ka kiwari. Teu saeutik kesang nu kudu dikaluarkeun ti tangtungan awewe nu hirup ku tanaga sabeulah. Teu saeutik kaketir nu tetep kudu disumputkeun salalawasna.
Taya hariring nu kedal. Najan hariring ketir batin karasa dumareudana, tapi lain keur hariringkeuneun ka budak nu masih beresih keneh. Sumputkeuneun najan salalawasna karasa aya nu terus ngukuntit.
* * * *

Tidak ada komentar:

Posting Komentar