SABENGBATAN

"sabengbatan", duduk manis dan simak dengan hati. semoga ditemukan ruang-ruang indahnya....

Kamis, 23 Desember 2010

JATI NU NGIPUK JUNTI


esey budaya

ku A.Y. Hudayat

           

           Naha enya Sunda geus nampeu dina gawir pikalewangeun? Naha enya Sunda geus rampohpoy pikeun tandang makalangan di wilayah nu leuwih lega, copelna di pulo nu saamparan? Rupaning kalewang jeung hariwang naha cumpon pikeun ngahudangkeun Sunda? Rupaning pananya museur kana lebah kamampuh Sunda dina ngungkulan paneka jaman. Urang Sunda teh aya dina kamampuh lebah mana dina hal: dominasi, prestasi, kompetisi, jeung pageuh nanjeurkeun jati diri?
            Lebah dieu kuring teu rek ngandelan kahariwang tapi mernahkeun kondisi dina strategi strukturasi. Ieu pedaran nyoko kana kondisi poko nu ngebrehkeun yen “junti” di tatar Sunda bisa kaipuk ku watek “bageur” urang Sunda. Cecekelan “silih” nu nembrakkeun harmonisasi (asih, asah, jeung asuh) dina hirup kumbuh kontak budaya nu intensif can nembongkeun ajen nu nohagakeun jati sacara positip. “Silih” nu jadi panginditan  pikeun ngahontal harmonisasi ngan ukur mernah jeung mibanda pungsina keur dulur nu nyekel ideologi “silih” nu sarua. Mungguh kanyataan ayeuna, cecekelan “silih” ngan ukur nembongkeun, kasarna, ambon sorangan alatan junti mah geus tangtu nogencang tina harepan jati. Semah   nu baris jadi junti bumetah di lemah pribumina jati. Naha junti bisa bumetah di lemah jati? Tangtu betah alatan alam endah jeung rahayat Sunda nu sugema ngaula kana katengtreman hirup jeung duduluran.
            Kontak budaya nu mayeng saestuna geus jadi bagian nu kudu disinghareupan dina ngungkulan paneka jaman. Tapi mungguh teu gampang pikeun urang salaku pribumi jadi pribadi nu tohaga ngahontal pamaksudan. Mungguh teu gampang pikeun naratas ketak dina kapentingan dominasi (dina konteks jati >< junti), mancegkeun wawanen dina ketak kompetisi, atawa nanjeurkeun jati diri jeung harga diri nu pasti.
            Naha urang kudu pengkuh dina pribadi “bageur” tur tetep kudu narima konsekuensina tina nyikepan rupaning kondisi nu beuki nembrak ayana ketak junti nyilih jati? Naha modal watek potensial urang Sunda nu cageur, bageur, bener, pinter, wanter, jrrd. geus nembongkeun jinekna dina lebah pungsi nu baris jadi tanaga ngahontal paneka jaman? Naha rasa kuciwa alatan harepan nu nogencang baris nuyun urang pikeun rikat ngabebenah diri dina raraga restrukturasi? Can tangtu! Bisa jadi urang  kakara nguniang saupama mazeway (papagon), ceuk Anthony Wallace, geus teu mampuh nuyun pikeun ngungkulan realita sosial. Mandegna mazeway muka lolongkrang gerakan restrukturasi jeung revitalisasi.
            Nu kawilang wijaksana mah tangtuna  teu kudu ngancokeun urang Sunda anjog dina kondisi macetna mazeway. Mungguh macetna mazeway teh lain ngan ukur dibalukarkeun ku kailaharanana watek balarea patalina jeung papagon hirup ciptaanana,  tapi oge alatan sosiopolitik nu ngilu aub, numpes, atawa ngagilekkeun jeung ngaganti mazeway.
            Nyoko kana sawangan teoritis Wallace, mernah lamun dibaladah kalawan lantip “watek modal” urang Sunda nu kudu dibebenah dumasar paradigma restrukturasi pikeun narekahan jaman.
            Cageur, bageur, bener, pinter, wanter, jrrd. minangka watek potensial pangrojong laku urang Sunda remen disurahan sacara hierarkis. Cenah, cageur heula kakara bisa panceg bageurna; bageur jadi sarat keur ngahontal bener; bener nu cumpon bisa ngipuk pinter. Ised kadieunakeun, wanter jadi bagian nu disodorkeun pikeun jadi tanaga nu tohaga dina ngungkulan paneka jaman. Teu wanter moal kajeueung ku nu lian; teu wanter moal laluasa tandang makalangan di wilayah pakumbuhan nu leuwih lega.
            Eta potensi-potensi teh diidealisasi pikeun ngadadasaran jeung nuyun paripolah manusa Sunda. Mungguh nu disebut idealisasi tangtu nyoko kana hal nu sipatna hade jeung aya dina tingkatan pangluhurna (luhung). Idealisasi jinek dina konsep nu dijadikeun  bahan udagan. Ku robahna jaman, idealisasi watek perlu dibebenah. Lebah dieu lengkah restrukturasi perlu dilaksanakeun. Ieu lengkah pikeun  ngajinekkeun potensi watek dina pungsi nu mernah.
            “Bageur” nu jadi cukang lantaran kaipukna junti, perlu dipernahkeun dina kondisi jeung kapentinganana. Potensi “bageur” nu  tembong dina polah, di antarana: tuhu, satia, ngaula, surti, jembar hate, berehan, ngaragangan, ngelehan, mihormat, someah, darehdeh, asak hampura, jrrd. geus lain watek nu istimewa keur  urang Sunda mah. Tapi keur seler pijuntieun mah atuh jadi tanaga pikeun mitembeyan mernahkeun diri kalawan ati-ati. Pijuntieun satekah polah nyiasatan diri jeung kondisina sangkan dirina diraeh, diaku jadi bagian kulawarga pribumi. Maranehna imeut yen pribumi mibanda watek resep dicombo, milih repeh-rapih, jeung muka lawang duduluran.
            Watek potensial “bageur” saupama teu ditempatkeun dina kondisi jeung pungsi nu merenah, tangtu bisa nalimbeng unsur-unsur nu lianna dina beungkeutan watek potensial banda urang Sunda;  ngabalukarkeun teu jinek pungsi pentingna dina ketak ngungkulan jaman.
            “Bageur” nu geus nalimbeng jiwa urang Sunda nepi ka kiwari tacan kacukcruk lebah jinek jeung pungsina nu gembleng; naha mageuhan kamampuh diri? naha keur nembrakkeun yen diri aya dina katingtriman sajati di lemah cai nu kacida asri? atawa  ngan ukur jadi siasat keur nyalametkeun diri alatan kawanina nu teu cumpon?
            “Bageur” bisa mepende potensi lianna keur urang Sunda. “Bageur” potensial pikeun ngomberan junti nu baris ngadeseh jati. “Bageur” baris nalimbeng seler-seler Sunda ti mangsa budak. Watek kolot nu diwaris sacara kultur mitembeyan ngipuk watek anakna.
            Patali jeung sosialisasi watek (warisan kultur nu panceg),  ajen atawa kapercayaan sarta watek nu dominan masarakat bakal nembres dina hirup kumbuhna sacara alami. Masarakat baris kajurung pikeun miara jeung ngalanggengkeun eta sistem sosialisasi kultur. Sok sanajan Kaplan ngebrehkeun data empirik yen teu cocogna antara institusi jeung ciri watek rahayatna (dina pola sosialisasi) teu ngabalukarkeun sistem kultur jadi teu mibanda tanaga, tapi  repeh-rapihna kahirupan manusa Sunda teu ngandung harti jejem dina sagala hal; tantu aya nu nyumput, omeeun urang,  dina ajegna kultur.
Lumrah saupamana kulawarga jadi wilayah nu poko pikeun ngalanggengkeun watek ngaliwatan  proses sosialisasi. Ku kituna, teu bisa disapirakeun yen atikan nu holna ti kulawarga mibanda pungsi pikeun numuwuhkeun watek jati diri tuturusna. “Bageur” diugung-ugung jadi watek nu penting. Kolot ngarasa geus cacap tugasna saumapa anakna, sahenteuna, jadi anak nu bageur. Moyanna Sunda nembrak dina lebah dieu. “Bageur”   ngolongan toleransi; bisa ngomberan jadi pangaula; ngipuk rasa bumetah keur semahna; pangparnana, “bageur” bisa ngipuk  watek ponteng ka nu koneng cueut ka nu hideung; Eta kaayaan potensial teh baris numuwuhkeun junti nu “koneng” nerekab ngahieuman jati. Antukna “bageur” geus teu engeuh pikeun numuwuhkeun daun-daun harepan. Jati nu ponteng ka nu dianggap koneng teu ieuh ngarasa yen cageurna, benerna, bageurna, pinterna, jeung wanterna aya dina kondisi jeung kapentingan anu tacan cumpon nohagakeun jati Sundana. Dirina geus teu ngarasa kahieuman junti; teu ieuh malire yen dirina masih perlu ku caangna panon poe. Teu ieuh sadar yen dirina kudu nyanghareupan balebat.
         Satungtung “bageur” ditempatkeun dina kondisi jeung kapentingan nu mernah, tangtu “bageur” baris jadi tanaga pikeun nyumponan ketak hirup nu dikokolakeun ku potensi watek lianna. Kahadean nu dibeungkeut ku ketak “bageur” mibanda dua konsekuensi umum: bageur jeung bageur “ balukarna duduluran/harmonisasi; bageur jeung junti, hubungan nu ganjor. “Junti” nganti-nganti pangomber jati. Geus jinek mah, junti teh luas dina nyilih jati. Bisa jadi ketakna teu katingal ku rasa nu kurang seukeut. Bukti geus nembrak sabudeureun urang! Mangga geura kotektak!

           

Tidak ada komentar:

Posting Komentar