SABENGBATAN

"sabengbatan", duduk manis dan simak dengan hati. semoga ditemukan ruang-ruang indahnya....

Kamis, 23 Desember 2010

“GEURI” DINA AMPARAN ESTETIKA

kritik karya
ku A.Y. Hudayat 


rasa nu nyeungceurikan raga
raga nu nyeungceurikan rumasa
rumasa nu teu walakaya
ngalempreh na amparan dosa
ngageuri dina kanyeri

            Najan can tangtu ieu sajak mibanda harepan sangkan nu maca bisa aub kalawan gembleng kana enas-enasna rasa nu karandapan ku nu ngarangna, Sajak Geuri karya Jejen Jaenal Wargadipura dina Cupumanik nomer 78 bisa muka lolongkrang nu maca sangkan aub atawa ngan ukur mikawanoh rasa nu ditujul ku nu ngarangna. Runtuyan unggal baris sajakna ngebrehkeun ayana rasa nu ngentep. Eta runtuyan nyatana bisa ngomberan nu maca dina wates ngadongkang lebah-lebahna rasa nu dipatalikeun jeung raga dina kondisi: “nyeungceurikan”, “nyeungseurikeun, “teu walakaya”, jeung “ngageuri”.
Upama nu ngarang mangmang (antara kudu, ngarasa teu perlu, atawa ngawatesan saperluna) dina nembrakkeun hal nu pangjerona tina rasa jeung pasualanana, tangtu eta kamangmang teh dina sawatara hal bisa nyengker nu maca dina ngadongkang pangalaman batiniah nu ngarang atawa ngokolakeun rasa tina hasil maca eta sajak; dina sawatara hal liana malah bisa mere kalaluasaan ka nu maca pikeun ngadongkang pangalaman batiniah nu ngarang jeung pangalaman rasa pribadi nu maca nu kacangking tina hasil macana. Upama nu ngarang togmol teuing ngedalkeun rasana, tangtu nu maca teu diomberan pikeun ngolah lolongkrang rasana. Padahal geus sakuduna antara teks jeung nu maca silihsimbeuhan. Kitu deui upama eta teks kacida pageuhna nyumputkeun hal nu hese malah teu bisa kadongkang ku nu macana, tangtu eta teks nu ngabigeu teh geus nutup lawangna pikeun disungsi ku nu macana. Sajak Geuri aya dina lolongkrang nu mana?
Payung jejer “geuri”, najan lumrahna bisa nuyun kana maksud nu dipibanda ku nu ngarangna, tetep mibanda pasualan nu teu basajan. Pasualanana nyaeta aya dina lebah “kadar ngageurina” eta sajak. Nu maca mah tetep mikabutuh jalan sangkan nepi kana “renghap” jeung “geuri” nu aya dina rupaning efek estetik nu dipiharepna, malahmandar mibanda efek nu pangpunjulkan luyu jeung wewenganana. Najan nu maca mibanda hak pikeun ngadongkang teks luyu jeung rasa nu baris dikokolakeunana, tapi tetep teks sajak nu disinghareupanana baris jadi hal utama pikeun muka lolongkrang-lolongkrang nu kudu dieusian, dientepan, dipernahkeun, atawa malah dikomunikasikeun jeung rasa-rasa liana nu nyangkaruk dina dirina sangkan kapibanda rasa nu gembleng najan kalan-kalan kudu dipernah-pernahkeun deui dina kondisi-kondisi sejenna.
Upama nu ngarang ngarasa geus cumpon dina ngedalkeun rasa nu dicantelkeun dina unggal kecap atawa baris-baris sajakna jeung mercayakeun yen roh eta sajak aya dina kaparigelan nu macana, tinangtu nu jadi pasualanana lebah dieu nyaeta naha eta sajak geus cumpon ngomberan nu maca sangkan anjog dina hiji rasa nepi roh eta sajak kapibanda ku nu macana? Ieu aya patalina jeung paniatan atawa obah-obahna rasa (nu tetep dipangaruhan ku potensi teks eta sajak) sabot nu maca nikreuh mapay unggal kecap jeung hubunganana pikeun muru puseur rasana. Lawang nu mana nu baris dipilih ku nu maca sangkan anjog dina palataran rasa?  Teu bisa dipungpang yen Sajak Geuri nyadiakeun hiji puseur rohangan “kingkin” nu kudu ditempatan ku nu macana.
Tangtu lawang nu disadiakeun ku Sajak Geuri teu salawasna dibuka tur dieusian ku nu macana ku cara nu basajan. Saeutikna aya tilu kasadaran nu nyampak dina eta sajak: diri nu ngageuri, diri nu nyeungseurikeun kateuwalakayaan; diri nu nyawang jeung meungkeut eta dua rasa. Upama dipapandekeun kana hubungan rasa, bisa disebut aya subyek nu nyeungceurikan nu keur nyeungseurikeun nu ngageuri. Kukituna, Beungkeutan triadik: komedi-tragedi-ironi jadi bagian nu ngalangkangan masing-masing rasa dina eta sajak.
Najan Sajak Geuri enas-enasna geus ngadongkang hal nu daria ngeunaan hirup, tapi kadar “ngageuri”na tacan mampuh ngahasilkeun efek estetik nu  bisa langsung sumarambah tur nembres kana rohangan hate panganjrekan rasa ti unggal nu maca eta sajak. Eta sajak can mampuh nembongkeun cara “ngageuri” nu cumpon keur ukuran pangabutuh nu maca pikeun nepi kana rohangan “kingkin alatan dosa”. Sajak Geuri tacan ngawangun jalan rasa nu ngahubungkeun antara rasa nu kapibanda ku nu ngarang jeung rasa nu baris jeung sakuduna kapimilik ku nu macana. Moa boa, “dosa” teh “lagu geurina” geus beda deui ti jaman ka jaman; pajamanan nu mibuah rasa nu beda-beda: ngageuri, ngaheruk, atawa ngan ukur keom?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar