Balilihan ngan kedal na hate wungkul. Geus teu kawawa, ramisak. Gancang kuring ngerem maneh di jero mobil; nyemprung nganteur rasa nu keur baluweng, keueung tur longkewang. Lebah dieu mah taya bedana jeung dirina, ngan nu nyata kuring bisa rosa nyumput-nyumputkeun rasa kingkin sok sanajan sakapeung aya mangsana budal. Teu kungsi kasaksian ku sasaha.
Poe ieu teuing ka mana jugjugeun. Kuring terus nyemprung mapay jalan nu ngembat ditiungan ku langit reueuk. Rasa nu pagalo geus teu katadah deui, ranggah menta pangbudal. Nyemprungna mobil teu mampuh mere lolongkrang sangkan kuring ngejat tina rasa lewang longkewang. Rupaning rasa angger pagaliwota minuhan dada; silihsered, sisihsengker, silihrawel, silihsidem, silihtembrakkeun. Rupaning rasa angger nyiruruk na rasa nu pangjerona; teu kalis ku nahan ambekan jeung cimata.
Lamun diri keur janglar, diipuk ku harepan ngahontal pamaksudan, geus tangtu ti poe ka poe baris meungkeut tanaga nu tohaga pikeun narekahan kaayan diri. Meureunan pasosore teh wanci nu endah pikeun ngimpleng jeung mernah-mernahkeun rasa jugjugeun peuting, paduduaan. Meureunan eta rasa teh ised saeutik jeung haneutna hawa isuk-isuk atawa tingtrimna diri jeung bungangangna hate mapag peuting mungkas sakabeh implengan dina mumunggang duriat. Tapi geuning, mega beureum nu hibar mungkus hateup jagad karasana beurat pikeun ngejat tina panasiban diri. Ayeuna ngan kari lewang jeung waasna.
Aya nu geus lawas nampeu. Geus lawas lengkah remen ngarandeg paselang jeung kahayang mernah-mernahkeun hate jeung pikiran. Aya harepan nu terus nuyun sangkan kuring nepi kana kapancegan. Aya kacangcaya nu terus ngukuntit. Rasa terus pacaruk.
Harita mah keur kuring jeung dirina, mangsa dirungrum asih jeung harepan, balebat jeung hibarna layung kasorenakeun teh jadi pangjurung laku mancegkeun paniatan pikeun ngahiji. Tingkaretipna bentang najan aya kana dua tiluna nu pangnyengcelakna, jadi tanaga nu baris meruhkeun dirina tina cangreudan hate nu dipepende galindeng kingkin. Geuning ngan semet kitu. Pangakuna mah cenah geus teu kuat nandanganana. Cenah, dirina ngan bisa ngusey dina wangwangan jeung implengan nu tacan kungsi anjog bari awak kudu riksek.
Najan remen anjog dina kahanjelu, tapi dirina terus nunutur implengan. Kuring remen dituyun ku implengan rasa dirina; mernah-mernahkeun diri, tapi keukeuh pasalia. Kahayang mah pada-pada anjog ngan ukur lebah sampalan nu taya watesna, atawa jalan nu ngembat teuing lebah mana tungtungna. Teu ieuh galideur najan tacan cindek ka mana nya jugjugeun. Implengan diri ngangkleung di wahangan nu caina teu ieuh rek ngagalideurkeun hate najan nepi ka sagara. Hate bangblas jeung panceg nujul mega; taya nu baris pikalewangeun jeung pikawaaseun. Tapi kanyataanana, keur dirina, mudalna duriat kuring teh dina beungkeutan birahi baris ngajonghokkeun dirina dina raga jeung rasa nu cenah digunasika. Kuring cenah geus ngabalangkeun dirina kana sampalan nu pinuh ku batu. Kuring geus ngabeubeutkeun dirina dina tanjakan nu netek, tarahal jeung taringgul. Wahangan birahi nu ceuk kuring mah ngangkleung ngamalir, keur dirina mah lir lambak nu motah neumbragan raga jeung rasa nepi dirina ngarasa kasiksa.
Kacangcaya antukna mimiti ngukuntit; harepan tacan bae jinek, ngan ukur sakolebatan. Najan kitu, nu sakolebatan teh sakapeung mah tohaga nyingraykeun rasa cangcaya. Geus lawas kuring diganggayong rasa mangmang. Naha kuring bisa gembleng nyanghareupan eta kawajiban? Galecok teh ngan ukur jeung hate pribadi. Sakapeung aya sora ti nu lian, mitoha pribadi, nu katarimana ku kuring mah lir rek neundeutkeun diri sok sanajan dibungkus ku sikep marahmay dina reumbeuy obrolan profesi.
Nincak bulan katilu mimiti ngabina rumah tangga, hate mimiti hemar-hemir. Sakapeung dijanglar-janglarkeun. Diri ngerong yen kuring bakal anjog dina hiji kaputusan.
“Bade teras kieu bae, Kang!” cenah bari ngasongkeun kompres burwater ka kuring. Sorana halon naker, meh teu kadongkang rasana anjog di lebah mana. Manehna nonggong, nangkeup hariguna. Nu gareuneuk na tonggongna jeung lebah-lebah nu lianna lalaunan dikompresan.
Reureuh tina rasa nu rosa, kuring remen ngaheruk. Teuing naon nu ngadalikeun diri nepi ka siga kitu. Pamajikan terus dilelemu yen tong galideur, tong cangcaya kana duriat kuring. Gembleng ngan keur dirina. Ieu bagian tina kanyaah kuring; nembrakna dina ombak nu kacida rongkah. Puguh bae nyeblakna, pamajikan ngingetan nu sakitu kalina. Ngan kadieunakeun rada ngurangan. Mimitina mah tameng nu pangkuatna taya deui iwal ti ngabela diri. Sakapeung tameng panasiban jadi pamuntangan. Saha nu teu hayang bagja ku jadi manusa nu ilahar jeung balarea. Dirina dijonghokkeun jeung takdir ngajodo ka kuring. Naha dirina mampuh milih takdir sangkan anjog dina jalan takdir nu dipiharep; jalan takdir nu luyu ceuk pangrasa dirina. Takdir? Lain bagian kuring atawa dirina pikeun nangtukeunana. Panasiban diri dina tarekah gembleng oge sigana can tangtu geus nepi kana tungtungna; lengkah panasiban nu jadi tanaga pikeun ngajugjug takdir.
Kuring ngan mampuh ngajawab ku ambekan nu ditompokeun kana ceulina. Tarekah nu sakitu kalina tacan mampuh meruhkeun dirina.
“Lamun tea mah, kuring geus anjog dina tungtung tarekah...” sora ditompokeun kana ceulina bari sakapeung biwir nodelan ceulina, ngajak ngabangbalerkeun rasa nu geus lawas pacaruk, “peuting nu mana nu rek jadi pamungkas keur urang namplokkeun duriat... nu panungtungan?”
Pamajikan ngolesed. Paneuteupna teleb. Dirina lain keur neangan nu nyumput ti diri kuring. Mungguh keur dirina mah kabehna geus nembrak. Manehna lalaunan ngagelenyu bari angger teu bisa nutupan paroman alumna nahan kanyeri; paroman nu meh dua taun remen dibuni-buni. Manehna keur ngulinkeun rasa jeung cimatana. Kuring ngarti, dirina mah geus anjog dina hiji sikep. Enya, sikep nu kaipuk ku kaayaan kuring. Dirina nyangka yen kuring geus nganggap manehna lir kalakay nu nember na gawir; nu didodoho angin leutik; ragrag terusna kapalidkeun cai nu umpalan; moal kapuluk deui.
“Naha Akang luas kuring jadi kalakay? Naha Akang bedas nahan sungkawa saupama kuring nepi kahanteuna? Cenah bari nangkeup pageuh ka kuring. Paselang jeung kanyerina jeung pangabutuh batinna nu can anjog, manehna ngagalentoran kuring nu geus ngabaheuhay lungse. Meus-meus manehna pupuringisan -najan disumputkeun- nahan kanyeri saawak-awak.
Harepan jeung rasa kuciwana dina ngambah rumah tangga jeung kuring geus ngandelan kaputusanana. Dirina geus ngalelemu kamampuh kasadrahan kuring dina undakan nu cumpon pikeun ngaragragkeun talak. Kolotna remen madungdengkeun ieu; ngumaha ka kuring pikeun jalan pamustunganana. Tacan tepung bae dina kasapukan, mitoha jengkat bari rada nyentak: teu rido!
Peuting ka peuting, taya nu baris jadi panuyun sangkan kuring mageuhan rumah tangga. Dua taun pakuat-kuat mageuhan katresna; dua taun silihtuyun nyingraykeun cangcaya; dua taun silihperedih hak. Taya pungkasna. Kuring nu nyangking jabatan eselon dua, gandang, teuing dipernahkeun lebah mana; teuing dipengparkeun ku dirina ka gawir hate nu lungkawing siga kumaha.
Sakapeung diri kaangsonan rasa sangkan pageuh dina titincakan rumah tangga. Tada teuing lamun kajadian pisah teh, earna ge lain ngan ukur di kantor, tapi geunjleung sadepartemen propinsi. Tacan oge leler kahariwang nampa budi nu pinuh ku curiga jeung pananya alatan kuring elat ngabina rumah tangga. Kuring kakara mancegkeun hate pikeun ngambah dunya rumah tangga sabulan saacan pelantikan jabatan; dina umur nu meh nincak opat puluh genep taun. Tada teuing jadi omongan balarea mangsa kuring dilantik taya nu nyanding gigireun bari imut pinuh kareueus jeung kabungah.
Kirang naon deui atuh, ceuk maranehanana; ngantosan naon deui atuh; ulah katungkulkeun teuing ku padamelan atuh; bade milarian nu kumaha; jeung rupa-rupa pananya lianna. Eta teh holna tina rasa palanasaran maranehanana. Maranehanana teu ieuh surti ngadongkang kana hate kuring nu pangjerona. Tapi teu rek nyalahkeun rupaning pananya. Ngan diri kuring nu gembleng mikawanoh diri ceuk ukuran kamampuh diri pribadi.
Tangtuna urusan rumah tangga mah lain keur konsumsi publik. Kuring remen ngingetan pamajikan sangkan lantip nembrakkeun paroman jeung sikep dina unggal acara pasamoan. Sakapeung manehna ngajangilek ku remen kudu nembongkeun paroman berag pinuh kasenang jeung pangrungrum duriat nu saestuna teu gembleng kapibanda ku dirina; malah pasalia. Sakapeung manehna teu bisa nahan kanyeri, disalaman ku nu lian di pasamoan teh bari rada muringis, najan angger aya tarekah nu tohaga pikeun nyumputkeunana. Cenah nyerina teh sabuku-buku. Antukna dirina ngan wasa pikeun wakca semet cimata. Nyegruk di kamar. Kuring nyangsaya, barieukeun ngeprik-ngeprikkeun rupaning rasa nu pagaliwota, antara hanjelu, lewang, nyeungceum harepan, jeung rasa lianna nu kakalincesan meh unggal wanci.
Peuting tadi, hujan ngaririncik muka wanci laju ka peuting panungtungan. Simpena, lewang longkewang, jeung tirisna ieu hate beuki ngandelan. Manehna jongjon ngusey di kamar. Unggal detik nganti dirina leah muka panto kamar bari marahmay. Unggal detik ngadodoho dirina dina kaayaan nu pangleahna. Naha masih aya peuting lianna keur kuring? Sugan, ieu peuting lain peuting panungtungan. Tapi rek nepi ka mana? Naha kudu terus hoghag atawa dipungkas ku sikep silihsalahkeun? Manehna tetep nganti-nganti kasadrahan ti kuring pikeun mungkas rumah tangga.
“Kang....” Cenah sorana dareuda meneran itungan detik nu kasakitu rebuna, lima lengkaheun deui jarakna ti kuring. Saliwatan kareret lengkahna panceg najan nyumput dina paroman nu alum. Gek diuk gigireun. Sajongjongan paheneng-heneng. Ambekan dipernahkeun bari nganti kedalan saterusna ti dirina. Sajongjongan silih teuteup. Gurat alum kasilih paroman nu geus lawas nikreuh ngecagkeun pangbeubeurat duriat nu nalimbeng.
Lalaunan manehna ngeupeulkeun ali panyangcang duriat kana dampal leungeun kuring. Lalaunan ramo-ramona mapay dada, ngulinkeun tungtung ramo. Nu karasa dirina leuwih ti rek balaka. Ramo-ramona ngusapan dada nembrakkeun sesa duriat; paselang jeung kuku ramona nu semu asa-asa rek nyakar ngabejakeun yen dirina hayang gancang ngudar rereged nu geus lawas teu kaomberan ku kamampuh kuring; antara deudeuh jeung pangabutuh dirina pikeun anjog dina tungtung birahi nu teu kasubadanan ku kuring.
Manehna ngagalentoran. Kuring rikat nyangkeh, malik ngagalentoran. Manehna mere isarah sangkan kuring eureun. Teuing rasa nu mana nu pangkandelna ti dirina keur kuring. Cimatana pagalo jeung paroman atohna nu disumputkeun. Tapi ieu hate terus kaomberan sangkan kuring nembongkeun kamampuh diri nyumponan pangabutuhna. Kuring kudu bisa terus ngarawel hatena sangkan teu gancang ngejat.
Manehna ngoloyong ka kamar deui. Kuring nuturkeun.
”Aya keneh hak Akang dugi ka enjing. Kuring geus tunduh pisan.” Cenah bari terus muru ranjang. Ngarengkol bari nonggongan. Keupeulan masih pageuh keneh nyekel alina. Teu wasa muka dampal leungeun.
Kuring terus mapay jalan nu teuing lebah mana tungtungna. Terus bae nyemprung satungtung diri tacan paler. Teuing di mana tungtungna; teuing lebah mana janglarna. Sajajalan nu nonggongan terus ngalangkangan; sajajalan lencana dines kokolebatan, guwang-gawing siga silihrawel jeung ali simbul pameungkeut duriat; ngulincir terus lus-les kaganti ku beungeut kuring keur budak pateuteup-teuteup jeung ieu lelembutan. Kakalincesan beungeut Bapa. Kuring ngeureunkeun mobil di jalan nu malibir. Hate ngaheruk. Beubeur ngolebat ngincer awak.
* * * *
Tidak ada komentar:
Posting Komentar