Kuring kiwari mah geus teu bisa disebut “manehna” tapi sakaligus can bisa leupas sagemblengna ti “manehna”. Enya, manehna nu asal muasalna ti wujud kuring; bagian kahirupan kuring. Moal kamana boa, saumpamana, dalah ayeuna keneh nu ceuk batur kuring teh geus cageur deui, asa karasa keneh kumaha pangraeh maranehanana nu ngabalukarkeun kuring narima, bumetah, malah, jeung mibanda “kuring-kuring” nu lianna. Ngan keukeuh aya sawatara nu ngeusian diri kuring masih tetep bumetah, mernahkeun diri. Cenah mah hayang nalingakeun kuring tug nepi ka taya deui pangabutuh kuring ka maranehanana.
Naon atuh nu disebut cageur keur diri kuring jeung harti cageur keur diri maranehna ka kuring jeung sadirieun maranehna? Lamun tea mah ukuranana kana pasolengkrahna rasa nu nyaliara na diri sewang-sewangan, da geuning lain diri kuring wungkul nu lesot tina kadali rasa nu kudu samistina dipaheutkeun jeung dimaneuhkeun dina tatapakan kahirupan. Pedah kitu kuring kungsi bubulucunan; kuring nu tarik teuing atawa dalit teuing ka sakur rasa nu cenah hayang bumela; kuring nu mibanda basa ngan keur sadirieun; kuring nu mibanda peta nu aya dina luareun gurat kailaharan. Dalah luareun diri kuring, nyatana manusa-manusa nu disebut cageur, geuning masih kaancikan ku rupaning pangraeh rasa. Bedana teh meureun, nu karasa ku pribadi, nu ngancik na jeroeun uteuk mah gawe ngan ngajengjehe; ari eusining rasa kalan-kalan ngajanggelek bari mengparkeun kuring ka sampalan teuing di mana boa. Banda manusa lianna mah rampak sauyunan bumela jiwa raga ka nu diancikanana anu moal boa mibanda hal nu sarua jeung diri kuring. Ngan nu lian mah nyamunikeunana pedah mibanda pangeusi rasa jeung pikir nu tohaga.
Kuring satekah polah hayang mageuhkeun paniatan. Kuring kudu bisa nembongkeun yen diri kuring teh sarua jeung nu lianna. Yen nu pagaliwota na jeroeun diri geus nungtutan laleungitan basa sawatara katukang kuring diwanohkeun jeung nu ngaranna rupaning “ubar” nu geus mulan-malen ngojayan ka jeroeun diri.
Teu gampang kuring nembrakkeun kaayaan diri nu geus, cenah mah, jejem deui. Teu gampang kuring bisa ngayakinkeun diri yen memang lingkungan luareun diri geus narima kalawan euweuh paniatan rek terus matalikeun diri kuring jeung kasang tukang kulawarga sarta status nu kungsi dipibanda salaku manusa nu kungsi nganjrek di RSJ. Kabuktian geuning, sorot-sorot mata di lembur tempat asal maneuh ngabalakakeun yen kuring kungsi kitu. Keukeuh karasa pangraeh dulur-dulur, pamajikan, jeung anak…. karasa lain; teu siga pangraeh nu baheula. Komo deui lamun ningali semu tatangga mah. Atawa kuring nu can mampuh meungkeut rasa nu sakuduna ditembrakkeun, ilaharna jalma-jalma nu walagri jeung tacan kungsi ngarandapan hal kawas kuring atawa memper-memper ka dinya. Da geuning pangraeh nu katarima ayeuna mah asana geus taya hartina. Ayeuna mah pangraeh teh karasa pisan aya na lebah ngan ukur ngaragangan.
Moal boa basa wanci jam dalapan, kira-kira dua poe satutas kuring mulang ti RSJ, tangka teu purun kaluar. Tadina mah hayang moyan di tepas.
“Aduh, Pa… kabantun ku Ibu panginten!” kitu alesan nu kadenge ti Si Sawitri, babu di imah. Manehna kokompodan bari api-api kututang-koteteng; sagala disingkaban sagala dirampaan, tuluy ngadepong nyasar kana handapeun korsi.
Kuring teu wani terus mariksa. Sabenerna mah geus teu kudu menta katerangan nu leuwih jentre.
“Enya, isuk mah bejakeun… sakalian konci panto tukang bawa, kituh!” Asa pamohalan teuing ngagugubug konci ka luar, nyaho aya nu cicing di imah!
Eta kajadian teh lain sakali dua kali, malah karasana mah diri teh geus dipanjara ku itu ku ieu; malah ku diri pribadi. Sakalieun aya tamu ge, kuring geus remen disingkurkeun ka kamar. Ku leuwih ti sakali, hate pipilueun manjara kuring. Manehna remen nuyun kuring sangkan sadar kana kadar diri. Kuring teu wenang pikeun nyinghareupan naon bae anu ceuk pangrasa pamajikan atawa nu lianna geus teu lumrah disagragkeun ka tangtungan kuring ayeuna. Geus euweuh hargana tangtungan hiji jalma nu ajur siga kieu. Kuring geus teu wenang nyangking wibawa boh salaku bapa, salaki, dulur, atawa tatangga. Kuring geus teu wenang ngedalkeun sakur nu dipikahayang. Sakalieun hayang sosonoan ge jeung anak, geus teu kudu ngadagoan parentah indungna, maranehna ngan cukup nyampeurkeun, diuk gigireun bari paneuteupna mariksa diri teuing ka lebah manana, terus indit deui, ngan sakolepat. Enya, siga kokolepatanana gableg pamajikan nu bisana ngan ngador. Sakalieun balik rada sore keneh, geus cucul-cucul teh ngadon leos deui. Cenah mah rek nepungan kolotna; aya rundingkeuneun. Tetela aing teh euweuh hargana. Na naon atuh nu kudu dirundingkeun nepi ka kudu nepungan kolotna sagala? Salaki nu leuwih wenang diajak runding mah! Horeng galehgeh teh lamun aya keneh sueseupeun ti diri kuring. Nyatana geus euweuh nu nyesa mah diri dianggap tunggul; geus dianggap tuna dina lebah mana bae. Semu maranehna nu ti semet poeanan kuring kudu nganjrek di RSJ nepi ka ayeuna nu atra ngawakcakeun yen kuring sabenerna geus dipengpangkeun ku maranehna; geus ngahaja disingkurkeun ti dunya maranehanana. Kuring teu bisa kapalingan ku semu pamajikan harita basa poeanan kuring miang ka RSJ diiring ku dulur-dulur. Sok sanajan rasa kuring keukeuh kakalincesan teuing rek muru naon atawa rek nyoarakeun naon. Tapi nu karasa aya nu rosa nu can kakobet lebah-lebahna.
“Sanes teu hawatos.. nanging pan urusan waragad ge kedah diperhatoskeun. Maksad teh bilih nu tos aya teu nyekapan. Abdi bade nyelang heula ka Wa Taslim. Kantenan, upami tos beres mah, abdi nyusul ka Rumah Sakit!” Kadenge keneh omongan manehna harita. Enya, dirarad deui kana semu, sigana mah, malah geus pasti, teu neundeun semu-semu sedih atawa karunya ka kuring. Tapi pikeun kuring pribadi harita, teuing kuring nu mana nu ngajanggelek dipayang ku dulur kapi-kapi harita. Da rarasaan mah kuring geus ngajoprak dina mangratus hambalan kapas. Sabudeureun kuring ngan nyampak mangrebu panon jeung sungut nu renya-renyu siga nu nuyun sangkan kuring milampah hal nu sarua. Malah aya nu ditampokeun pisan kana beungeut. Maranehna ceuceuleukeuteukan. Tapi kadenge ngan hawar-hawar. Terus dibarengan gegerendengan ditema ku ceuceuleukeuteukan deui bari angger paneuteup maranehna museur ka kuring. Rob deui paneuteupna beuki aradek. Sakolebatan katingal beungeut bapa. Beuki lila nu aradek teh beuki loba, silihdupak silihsered, padahayang nampokeun beungeutna. Nu sidik tina mata jeung sungut manehna nu lain deui nyeleukeuteuk, tapi nyakakak semu nu sugema, semu nu puas…
“Ha….ha….ha….bakal jadi baraya….!” Cenah nu saterusna mah lus-les teuing ka mana nu kari ngan nu ngabaredega make bedahan bodas-bodas ngunggahkeun kuring kana korsi roda.
“Serat-serat tos rengse. Ieu langsung dibantun ku abdi. Nanging teu acan ditangtoskeun bade kamar nu mana. Tiasa ditaroskeun eta mah ti pengker!” ceuk nu ditiung bodas.
Ti harita kuring mimiti nyicingan hiji rohangan, nu ceuk jalma-jalma nu marake bedahan bodas mah kuring cicing di kamar dua genep. Ngomongna lain sakali dua kali bari angger ditompokeun kana ceuli… Dua genep! Dua genep! Kuring dituyun muru hiji rohangan.
“Tah, di dieu…!” ceuk nu ngabedega ngetrokkan panto bari pupuntenan terus ditembalan deui ku sorangan. “Mangga, Juragan…. Lebet!” manggut dibarung ku ngagelenyu. Rasa antukna pagalo antara pananya naon sababna kuring kudu di dieu jeung panggero nu ngunguntit unggal lengkah unggal renghap: Geus jadi baraya, lin?!!!
Aya nu kudu dibangblaskeun. Aya nu kudu disingkahan. Aya nu kudu…. Ah, horeng kuring geus nyiruruk di tempat nu suni na pagaliwotana rasa. Hese, kudu didongkang nu mana; kudu ditembrakkeun nu kumaha. Nyatana paselang antara kuring nu ceuk lianna minangka kuring sajatining kuring jeung kuring nu ngajanggelek pepeta jeung nuyun saringkanging lengkah.
Masih kakalincesan keneh. Teuing naon maksudna. Aya nu keukeuh hayang ngagele kuring. Cenah mah, da geus kabuktian yen kuring geus meh nincak kana gawir dunya anyar keur kuring. Tapi rarasaan mah katagiwur harita nu leuwih kuat mulang-mulangkeun kana kasieun… sieun leleb teuing ieu imut nu dibarung ku inghak teh salalawasna marengan. Rumasa, geus rada hese ngawilah-wilah rasa. Pikeun kuring, kalan-kalan asa leuwih aman lamun diri ngomberan atawa ised ti dinya ka sakur nu rek, cenah, satia marengan diri. Enya, karasa pisan, ari geus mimiti dalit mah, nu ngukuntit bareto teh lus-les laleungitan. Rineh nu rek diburu teh.
Peuting ieu, teuing ku tingtrim. Sanajan awak karasa riksek bati beurang ngababad nu barala. Buruhna ayeuna. Hayang dadapangan, hayang ngabebengkang, hayang lalanggiran, hayang rineh di tepas dina kaayaan geus suni. Geus waktuna hirup kudu nyalse. Naon deui nu kudu dipikiran. Mun tea mah aya keneh, nu pasti kudu muru lebah undakna katingtrim diri.
Pamajikan geus surti kana paniatan kuring. Sareupna, Kuring geus disalinan ku baju piyama kelir kulawu. Teuing pohoeun, ngasongkeunana mah nu bulao sausap. Tapi kuring gideug. Eta mah samblehna geus pinuh ku cai meuting.
Kuring nyangsaya. Lalaunan buuk disisiran ku pamajikan. Buuk nu meulit na sisir lalaunan dipautan hiji-hiji. Manehna nyanda dina tihang tepas. Sakapeung paneuteupna nu dipaksakeun meuraykeun mega, geus teu mampuh nuyun implengan. Geus dipautan ku cimata nu taya pungkasna kana carita baheula.
Luk deui tungkul. Sigana mah mega nu ngadingding geus katohyan moal wasa nembongkeun nu nyengcelak tingkaretip. Henteu, bageur. Nu nyengcelak na heherang soca nu utama mah.
Aya ku tingtrim ieu hate. Sirah geus aya na lahunanana. Anteng pateuteup-teuteup. Nu rek ngeclak kana beunget gancang diusap. Taya sora deui. Lalaunan nu ngalahun gunta ganti. Hanjakal ngan sakolepat sakolepat. Siga nu surti kana cimata, maranehna ngajarugjug mega. Malah aya nu siga rek balaka, ngahiap ti kajauhan.
Aya nu rek ditepungkeun antara katringtrim diri jeung nu baris dipitembeyan. Susuganan datang deui carita anyar. Sugan bisa ngiberan heula ka sadirieun kuring, ngarah lumakuna diri geus tangtu na tatapakan sorangeun.
Angin tingtrim geus nyaliara kana hate sagemblengna. Enya, tingtrim. Nu dipikasono geus narembongan deui. Aya nu nguyab-nguyab deui eusining hate siga nu nyacapkeun kasono. Aya nu ngaharewos deui yen kuring teh teu kudu mikiran itu ieu deui. Hirup teh geus merdika. Nu kawasa nangtukeun itu ieu ngan kuring wungkul, cenah.
Lapat-lapat katingal aki disangkeh ku bapa, ti tukang indung nuturkeun.
“Lamun rek milu, geuwat ka dieu. Aya jugjugeun urang. Urang udaran rante nu baris nalimbeng seler urang jaga!” sora aki halon naker.
Teu bisa kumaha, sok sanajan beurat oge ka nu can bisa mungkas cimatana, kuring nguniang. Nu narembongan geus deukeut ngariung. Kuring lalaunan disangkeh ku bapa, nincak kana mangrewu hambalan kapas. Taya deui nu karasa. Katemboh ti kajauhan pamajikan nangkeup pageuh raga katresnana. Kuring terus leumpang, nyorang cahya nu hibar beh jauhna. Kuring meh cunduk na carita anyar.
* * * *
Tidak ada komentar:
Posting Komentar