SABENGBATAN

"sabengbatan", duduk manis dan simak dengan hati. semoga ditemukan ruang-ruang indahnya....

Kamis, 23 Desember 2010

ÉFÉK ÉSTÉTIK “HUJAN”


kritik karya
ku A.Y. Hudayat

            Geus ilahar upama alam jeung pangeusina dijadikeun sumber imajinasi ku nu ngarang, boh nu diwakilan ku nu disebut jalma, tatangkalan, batu, layung, walungan, lambak, sasatoan, jrrd. Tangtu ngahirupkeun éta sumber-sumber imajinasi téh aya dina kamampuh  nu ngarang dina lebah meungkeut rupaning “kodeu” pikeun ngahirupkeun imajinasina. Kodeu nu dimaksud nyaéta  bahasa jeung sajeroeunana, nyaéta ma’na.
Nengetan carpon Monolog Ki Hujan karya Anggi Novia Déwi dina Cupumanik No. 88 Nopémber 2010, baris katiténan rupaning kajadian nu dibeungkeut ku munculna tokoh Ki Hujan di unggal kajadian-kajadian nu nyampak. Ku nu ngarangna, hujan alias Ki Hujan  dipungsikeun jadi tokoh puseur dina éta carita. Hujan minangka sumber imajinasi geus diulinkeun sarta diumbar sacara bébas  pikeun nepung-nepungkeun rupaning kajadian nu malahmandar baris gumulung ngawangun leunjeuran carita. Lebah dieu, hujan dihirupkeun sacara imajinatif pikeun meuleuman polah-polah manusa tipikal masarakat kota.
Katiténan kumaha Ki Hujan aya dina unggal kajadian jeung meungkeut unggal kajadian ti awal nepi ka ahir. Lain ngan ukur Ki Hujan “ngabaseuhan” sacara pisik di antara tokoh-tokoh liana, tapi Ki Hujan digunakeun pikeun ngerong jeung ngobét kaayaan jalma-jalma nu  kabaseuhanana. Atra pisan, nu ngarang ngagunakeun tokoh Ki Hujan pikeun alat paningalna kana sawatara hal nu karandapan ku jalma-jalma nu aya pakuat-kaitna kahirupan masarakat kota. Lebah dieu mah hujan raket pisan jeung paripolah manusa nu diukur tina kasenanganana, romantismeuna, tagiwurna, tarékah nyiar kipayah,  jeung musibah nu karandapan.
Geus remen jadi ancoan nu ngarang  yén hujan baris dijadikeun hal nu mampuh negeskeun suasana dramatis dina sawatara kajadian dina carita nu dikarangna. Dina sawatara narasi, boh carpon, novel, atawa film, hujan jadi bagian penting pikeun  ngandelan éfék éstétik nu maca, upamana waé dina sawatara film fiksi, hujan jadi bagian penting dina adegan2 kingkin, kasmaran, pikalongkewangeun, atawa pikagimireun. Kumaha dimangpaatkeunana hujan pikeun ngandelan rasa éstétis nu maca dina carpon Monolog Ki Hujan?
Dina éta carpon, nu ngarang can mampuh némbongkeun suasana nu teleb ngunaan hujan nu dipakaitkeun jeung masalah-masalah nu karandapan ku manusa. Upama nu ngarang mampuh ngamangpaatkeun  pangaweruhna ngeunaan inténsitas hujan (boh kakara paralak, girimis, atawa ngagebrét, nepi ka umpalanana) nu baris dipernahkeun pikeun ngandelan suasana-suasana nu neueul kana hal-hal anu béda sacara éstétis dina tiap kajadian nu béda, tangtu masing-masing suasana teh jadi tanaga nu hadé dina ngahasilkeun éfék-éfék  éstétis pikeun nu maca éta carpon.
Dina nembongkeun suasana, nu ngarang ngan mampuh ngagunakeun sababaraha paningalna kana lebah-lebah gumulungna diri Ki Hujan jeung barudak nu atoh huhujanan, rumaja nu keur kasmaran dipapaés ku hujan, jeung nembrakkeun Ki Hujan nu geus sawawa dina nyurahan rupaning masalah hidup manusa nu dibeungkeut ku sikep kritis jeung simpatina.
Lebah dieu, perlu ayana tarékah pikeun nyanggrakkeun hiji klimaks nu memang kudu dituyun ku kajadian-kajadian samemehna. Tapi dina éta carita, klimaks teu diwangun kalayan daria. Kajadian demi kajadian diguluyurkeun ngan cumpon mernah-mernahkeun ki Hujan nu “nepungan” unggal jalma nu aya dina masalahna séwang-séwangan nu dipungkas ku kaayaan hiji lingkungan kakeueum alatan musibah banjir. 
Dua hal nu kudu jadi tinimbang nu ngarang éta carpon, nyaéta: (1) upama hujan panceg dijadikeun tokoh utama nu mibanda karakter, tangtu nu ngarang kudu mibanda kamampuh pikeun enya-enya ngahirupkeun tokoh “hujan”; (2) saupama hujan ngan dijadikeun pikeun alat ngahubungkeun sababarapa kajadian, tangtu hujan dina sawatara hal kudu bisa kakobét ku nu macana patali jeung pungsina; hartina kajadian nu didadarkeun tangtu kudu dina tinimbangan-tinimbangan nu penting, patali jeung enas-enasna hirup najan aya dina lolongkrang sawangan-sawangan tokoh séjénna ka hujan.
            Kacida bakal laluasana saupama nu ngarang panceg dina ngagunakeun téhnik sudut pandang “kuring” sacara gembleng pikeun ngawadahan sakur kereteg atina atawa kamampuh ngobét sacara simpatik ka tokoh-tokoh nu aya di sabudeureunana. Judul: Monolog Ki Hujan kudu enya-enya dipungsikeun sacara téhnis pikeun ngawangun galur carita nu mernah. Upama nu ngarang éta carpon ngagunakeun sudut pandang “kuring”, rupaning rasa nu nyampak di tokoh “kuring” (ki Hujan) bakal teu kagok ditembrakkeun sarta tarékah pikeun neuleuman manusa di sabudeureunana bisa kadongkang sacara laluasa ku cara-cara nu dianggap mernah pikeun ngadongkangna, upamana ku carana pribadi nu tangtu béda ti manusa nu disinghareupanana najan enas-enasna nu rék ditujul teh masih aya dina pasipatan nu sarua, nyaéta  ayana tanaga pikeun misurti jeung dipisurti.
Ku cara ngagunakeun sudut pandang “manéhna”, eta carpon jadi karasa teu kuat dina tilikan kana hal nu leuwih jero. Narator nu  nyampak dina éta carpon ngan mampuh ngantet-ngantetkeun kajadian bari tetep ngawatesan diri alatan sadar yen narator (ised sahambalan ti nu ngarangna) tangtu beda jeung diri Ki Hujan atawa tokoh-tokoh nu dicaritakeunana. Antukna, niat ngobét enas-enasna haté unggal jalma ku nu ngarangna ditarékahan ku cara Ki Hujan kudu deukeut sacara pisik jeung jalma-jalma nu rék dierongna. 
Dina éta carpon, tina sawatara kajadian, ki Hujan réréana dicaritakeun ngabaseuhan (najan ukur semet cérét atawa jibrug maseuhan sakujur awak) heula awak tokoh-tokoh nu rék dierong kaayaan dirina (targét kritik, simpati, jst. ki Hujan). Ku cara kitu,  carita  terus dipatalikeun jeung urusan romantismeu, kritik kana lingkungan kota jeung masalahna,  ngerong cai nu kungsi ngeueum kaom nu teu tumut ka nabi Nuh, simpati ka rahayat leutik nu keur nyiar kipayah dina waktu hujan, jeung lingkungan nu kakeueum alatan musibah banjir. Dina sawatara kondisi Ki Hujan katingal kabuncal-bancilna alatan nyubadanan tarekah sacara téhnis sangkan carita ngaguluyur saperti ilaharna pasipatan cai nu ngamalir, pindah ti hiji tempat ka tempat séjénna.
Carpon Monolog Ki Hujan tangtu bisa dibaca ku sababaraha cara. Pon kitu deui urusan  nu ditembrakkeun dina éta carita tangtu bisa disawang ku rupa-rupa cara, gumantung Ki Hujan ngagupay nu maca nepi ka lebah mana…

4 komentar:

  1. seueurna mah nu nyandak sudut pandang orang pertama 'kuring' rasa empati sareng emosi pembaca teh bakal langkung kacandak kana carita urang...
    ,
    Pa, asa hoyong dikritikan carpon abdi oge, ngan hanjakal kedah dimuatna di cupumanik.

    --'

    BalasHapus
  2. opik, via cyberspace ge tos langkung2 publikasina batan dina media cetak konvensional. carpon mana nu palay dikritik? pasti ke dilongok ka blog opik.

    BalasHapus
  3. Wah, da leres pisan Pa...
    ayeuna mah seueur media kanggo mublikasikeun karya sareng catetan urang teh...
    dina catetan fb, dina blog, sareng nu sanesna.
    ,
    abdi teh basa eta nyobian ngintunkeun carpon ka mangle, ari pek dimuat, kemis engke baris medal.
    tah carpon anu dina mangle payun nu hoyong di kritik teh, da asa kabita ku kritikan bapa.
    janten hoyong nambihan elmu sareng pangaweruh, supados tiasa langkung seukeut dina ngadamel hiji karya...
    heuheuh...

    BalasHapus
  4. tosa aya eta carpon di blog opik. judulna naon? pasti ku bp diaos...

    BalasHapus