Naon atuh nu ngahunyud dina dada jeung pikiranana ti tangtungan nu remen ngajanteng, nganti jeung mapag nu datang. Dikadarkeun jadi door-man di hiji hotel, dirina remen ngarasa yen hirupna baris moal aya undakna, boh tina lebah ngudag kahayang, ketak nu laluasa, atawa naon bae nu saestuna bisa ngebrehkeun yen dirina kawasa pikeun nunutur karepna. Tapi pikeun nu lianna mah can tangtu bisa engeuh atawa surti ka nu keur nyidem angen-angenna.
Saliwatan ge, najan kareret ku juru mata, moal bisa dipungpang yen manehna teh kacida kewesna. Kaluhurna beureum ati polet hideung lebah taktak jeung sakuna; kahandapna calana hideung; lebah dada kencana disulam benang emas: IROET-HOTEL. Tangtu kana tegepna. Enya keur di lemburna keneh mah, ti samprak manjing rumaja ge, manehna mah geus remen kapeto jadi pager bagus dina unggal kariaan pangantenan tatangga atawa dulur-dulurna. Ceuk pangrasana mah taya agulkeuneun ti dirina. Mungguh ceuk nu sejen mah, lebah dedegan jeung rupana teh kaitung nu pangonjoyna. Atuh lebah kamampuh nyengker rupaning rasa, manehna mah geus kaipuk ti leuleutik; teu ieuh nembrak dina pasemon nu haseum. Keur dirina mah geus dikadarkeun kudu jadi jalma nu marahmay. Enya kaipuk ku kolotna nu teu weleh nyaah, akur jeung batur.
Geus dua bulan manehna di gawe di eta hotel. Aya nu haat ngajeujeuhkeun sangkan terus maju. Jeje nu masih bau-bau sinduk jeung dirina muka lawang pikeun anjog dina kahirupan hotel. Diririhan ku Jeje sangkan daek digawe jeung dirina. Cenah, moal burung dikeurseuskeun heula basa Inggris, genep bulan; ka dituna mah geus teu kudu hese deui. Tungtungna manehna digawe di eta hotel najan can tutas ngarengsekeun keurseusna. Geus cukup cenah, bari dilakonan bae, moal burung kapulungan elmu ti ditu ti dieu, ti nu pagilinggisik sarua digawe di dinya.
“Naon nu pangonjoyna di dinya?” ceuk salah saurang petugas rekrutmen basa manehna mimiti nincak eta hotel, rek diwawancara. Nu ditanya ngabetem, teu wasa nyebutkeunana sok sieun teu mernah dina ukuran nu nanya jeung ajen hotel. Nu nanya surti.
”Maksud teh, kira-kira di dinya mampuh lamun ditempatkeun jadi door-man?”
“door-man?
“Enya. Tapi teu cukup ukur ngajanteng, mapag semah atawa rikat muka lawang jeung muru babawaan semah. Aya nu kudu leuwihna keur ieu hotel. Tah kira-kira naon nu aya di dinya?”
“Eu.... duka atuh...” manehna ngelemes weleh tacan timu naon pijawabeunana. Gurat marahmayna teu ieuh leungit ku kaayaan nu matak ngagalideurkeun dirina.
“Ieu teh teuing di dinya teu jujur atawa teu sadar kana potensi. Sabenerna mah nu cikeneh teh tanaga gede. Rupa jeung marahmayna di dinya teh dipikabutuh ku ieu hotel. Itu ieuna mah nu patali jeung tugas jeung aturan hotel bisa dilalanyahan dina pelatihan. Kumaha sanggup?” cenah bari rikat nyalaman nu keur masih hemeng keneh.
Mimiti digawe, dirina geus teu ngarasa ringrang. Gilir sip, ditempatkeun di lawang hotel. Dirina salawasna kudu marahmay. Rikat muru nu rek ngarinep nu sabawana-sabawana. Najan aya dina lingkungan nu sarwa matak piheroyeun, dirina mah ngan ukur kabagean di lawang. Sesana ngan ukur bisa bangblas ningal ka hareupna, jalan pajurawet jeung kendaraanana nu patingbaliur jeung gedong-gedong perkantoran nu ngajalungkiring. Teuing kanikmatan naon nu masket ti unggal nu daratang ka eta hotel.
Teu kungsi sabulan, manehna geus digero ku pimpinan. Aya kabungah ti menejerna nu nyalingker disumputkeun kahalangan ku sikep profesionalna.
“Tina memo nu disagragkeun di unggal kamar keur ngaevaluasi kualitas pelayanan, peunteun ti nu ngarinep pangpangna ibu-ibu, ngajen yen di dinya kaasup pinunjul kaopat ti sakabeh pagawe. Dianggap punjul lebah kasopanan jeung kharismatik’ cenah. Satutas ngabejaan aya cokoteun di bagean keuangan keur bonus prestasina, menejerna halon tapi tandes ngomong deui, “Dang, pangmapagkeun tamu-tamu ti pusat, nya. Sakeudeung deui nepi. Kade, pangmaturankeun nu keur pelatihan, opatan.”
Manehna teu ngajawab nanaon. Geus dititah ka hareup deui mah, gancang ngaleos bari adab naker najan aya nu teu kaampeuh, aya nu ngadadak kokolebatan. Gancang manehna muru toilet; panglupatan nu tara ieuh nganaha-naha. Nyoceng waktu pikeun neger-neger diri. Nu kokolebatan asa beuki ebreh. Kaayaan hatena ngomberan sangkan lantip ngajujut rasa.
Mun ku nu teu wawuh mah meureunan dirina disangka anak menejer eta hotel. Aya gurat-gurat paroman nu meh sarua; seurina jeung rengkuhna. Nu lianna mah malah nyebutkeun meh sarimbag. Najan umur kakara dua puluh dua taun, sikep nu teleb nyangking wibawa nu hese kapimilik ku nu saumuran jeung dirina. Dalah menejerna oge can tangtu dina umur sakituan bisa mibanda wibawa siga kitu.
Saliwatan mah Dadang siga nu geus biasa nampa rupaning kasenangan hirup; beungeutna cahayaan, lir lahir ti teureuh no lain jore-jore. Pikeun Dadang pribadi, jinekna di eta hotel teh karasa beuki ngawawaas. Beungeut bapana nu ngan semet katingal dina poto, remen direka diimpleng dipernahkeun dina tangtungan jeung harisma menejerna. Dirina ngacacang, mulut implengan, hayang jadi bagian tina kahirupan nu keur disinghareupan ku menejerna.
Paneuteupna teleb nujul kana eunteung nu napel luhureun wash-tafel. Hayang atra, teu kahalangan cangcaya, manehna lalaunan ngelap eunteung. Beungeutna beuki deukeut. Lalaunan dirina ngotektak rupaning rasa nu meureun kungsi kapibanda ku jalma-jalma nu muru ieu hotel. Ti anggalna dirina geus kaipuk, yen rea jalma nu bakal mikaresep ka dirina. Tapi kalan-kalan dirina tonggoy teu malire kana harepan-harepan nu ngusey sarasana-sarasana ti unggal nu mikawanoh dirina, najan ti kaanggangan.
Paneuteupna nu teleb robah jadi alum. Pikiranana ngadongkangan mangsa lawasna. Ngajujut deui carita lawasna. Naha lengkahna di tuyun ku lelembutanana nu biasa ngarasa jinek dina lebah-lebah nu dianggapna mernah?. Dirina hayang mernahkeun rasa nu teu weleh ngarep-ngarep nu mulang ti tempat nu kacida jauhna. Jadi pager bagus harita ge keur dirina hakekatna mah nuyun sikep sangkan siap jeung biasa nyugemakeun nu rek datang bari can tangtu mikawanoh saha-sahana nu datang teh. Kitu deui, nyangking jadi door-man teh teu beda ti mapag nu datang bari angger nyesakeun kapanasaran; anteng nyantelkeun harepan-harepan sok sanajan disidem dina ketak profesional salaku pagawe hotel. Naha nu kungsi wanoh baris tepung deui. Naha nu diimpleng mibanda tanaga implengan nu sarua ka dirina. Naha nu lawas dianti-anti bisa haat nginjeum raga nu lian pikeun nepungan dirina?
Manehna sadar yen hirupna geus aya guratna. Ti samprak dirina wanoh kana kahirupan; ngalengo na lawang panto nungguan ngarep-ngarep nu mulang teh pedah harita nu sapantarna di imah peuntaseunana pahibut muru bapana nu kakara mulang ti pagawean. Nu ngalengo gancang dirawu ku indungna. Bageur, cenah, bapa mah masih di Kongo. Indungna rikat neangan atlas. Ditutuh-tuduh lebahna. Ngayakinkeun yen tempat tugas bapana kacida jauhna; moal kana tereh balikna. Nincak kelas tilu SD, indung jeung uwa-uwana kakara balaka basa ngajak nadran sapoe saacan manehna disundatan. Teu ieuh sungkawa harita mah. Panon anteng mariksa padung nu nantrat nembrakkeun ngaran bapa.
Taya bahan pisungkawaeun. Enya, nu ngalelebah implengan ka nu tacan kungsi panggih teh ngan kongang ngalelemu jeung ngimpleng bari sakapeung ngareretan poto nu tacan kungsi dipajang, dipiguraan atawa diterapkeun na tembok jeung sawareh dipajang na lomari hias. Ieu mah ngan ukur diselapkeun di antara tumpukan map; indungna lantip nyumputkeun kakingkin. Lajuna waktu, mimiti nembrakkeun harepan-harepan jeung kawaasna nu holna tina rasa nu pangjerona. Teuing lebah manana, nu karasa pangkandelna teh ti samprak dirina di gawe di eta hotel.
Lalaunan kamar toilet aya nu muka. Jeje nyampeurkeun.
“Dang, moal aya tungtungna atuh. Kawas budak leutih bae maneh mah. Geura tatan-tatan, rombongan sakeudeung deui nepi.”
Nu kagareuwahkeun lantip naker ngarobah pasemonna. Di lingkungan eta hotel, ngan satoilet-toiletna nu matak teu pikagalideureun keur dirina nembrakkeun kaayaan hatena nu pangjerona. Luareun eta, dirina geus milik publik hotel. Rea nu ngarep-ngarep imutna, rengkuhna, kedalan nu halon tapi jinek dina tingkatan profesional nu diperedih lain ngan ukur pupulasan. Najan ukur door-man, tangtu aya sababaraha sarat nu kudu cumpon keur ajen jeung ukuran eta hotel.
Menejer hotel ngingetan deui yen satengah jam deui baris aya rombongan gegeden nu rek ngalaksanakeun rakerda salila saminggu. Rombongan matuh, ampir unggal taun. Atuh dirina jeung babaturanana kudu saged naker. Nu keur pelatihan aya kana opatanana, dikaleprak sangkan rikat nyanghareupan tamu. Nu tangtunganana rada pendek sakapeung ngarasa hemar-hemir, sok sieun ketakna nyalahan; ma’lum pangawakan teu sarua jeung batur. Nu saurang deui pulanganting ka toilet, memener pakeanana. Sakapeung runya-renyu, latihan imut nu payus. Teu kaur mariksa diri, kaganggu ku nu nyusulan. Ku kituna teh angger tetelepek nanyakeun pantes henteuna, sieun meunang peunteun goreng, cenah.
Aya kana lima urangna nu geus datang. Atuh Dadang nu katalatahan ku menejerna getak muru lawang. Pasanggrok lebah lawang pisan. Teu kapalingan sareretan oge yen eta teh rombongan nu ti pusat. Awewe nu bayuhyuh ngagigeug muru meja resepsionis dituturkeun ku petugas nu rikat muru barang-barangna nu kakara diturunkeun tina bagasi mobilna. Nu opatan deui mah siga nu teu wani miheulaan nu bayuhyuh. Maranehanana mah ngan dua jingjingan sewang. Satutas dicek daftarna, petugas resepsionis ngasongkeun konci kamar ka nu bayuhyuh.
Pedah barang-barangna teu gancang dipapag ku trolly, nu bayuhyuh kukuraweudan hayang dilayanan. Manehna ngareret ka nu keur cek-in gigireunana, urang bule, terus miceun beungeut. Ku petugas, koper jeung rangsel si bule teh geuwat digolerkeun kana trolly nu geus nyampak tukangeunana laju muru lift. Nu bayuhyuh masih ngajanteng keneh; rada lila nungguan nu mawa trolly kosong. Gancang manehna ngagentraan ka nu kakara ngurunyung nyurung trolly kosong.
“Je, tas!”
Nu digentraan surti naker. Geuwat manehna nyampeurkeun.
“Meeting deui, Bu?” cenah siga nu geus loma. Gancang manehna nampanan tas eusi laptop.
“Nya naon deui atuh. Unggal usik ge kieu. Je, keun weh ieu barang mah ku ....” Nu bayuhyuh luak-lieuk bari nyokot deui tas laptop ti Jeje. “Tuh saha itu teh .... budak anyar, nya?’ cenah bari tutunjuk siga nu hayang geura diladosan.
“Tugas di payun eta mah, Bu.”
“Lah, na teu meunang ka jero. Gancang geroan.” Cenah bari kukuraweudan, dulak-dilak. Tas laptop nu keur dijingjing Jeje gancang dicokot deui.
Jeje surti. Gancang ngojengkang ngageroan Dadang. Teu lila duanana rikat ngunggah-ngunggahkeun barang kana trolly. Jeje meusmeus ngareret ka Dadang terus ka nu bayuhyuh. Manehna angger surti. Geus beres mah, Jeje terus ngaleos bari sakapeung ngalieuk ka tukang, mesem ka Dadang.
“Kamar sabaraha, Bu” ceuk Dadang bari nyurung trolly ka lebah lift katuhu.
“Eh, hayu bareng kana lift-na jeung Ibu.” Nu bayuhyuh kasieunan teu dibarengan ku nu kewes. Tas leptop gancang dipasrahkeun ka Dadang. Geus di jero, nu bayuhyuh terus neken tombol pamukana.
“Rupina abot teuing.”
“Laah, sup-sup we.”
Dikitukeun teh teu bisa kumaha. Manehna asup. Nu bayuhyuh ngelemes. Bel di jero ngisarahan yen momotanana beurat teuing.
“Enya ku poho wae, nyaho awak tiluaneun teh, ditambah barang-barang. Ka kamar tujuh kosong dalapan, nya!”
Nu kewes ka luar deui, gancang asup ka lift gigireunana nu meneran geus muka. Lift laju ka tingkat tujuh. Kaluarna deui meh bareng. Nu bayuhyuh nyerengeh. .
“Ibu mah aya kana dua taunna ngalanggan ka ieu hotel jang acara pertemuan, rapat-rapat. Teuing asa ku betah di dieu teh. Para pagawena balageur.
Nu diajak ngobrol ngan mairan cukup ku rengkuh jeung imut. Dua taun ngalanggan ka eta hotel, lain hartina teu nyangsang beja ngeunaan nu bayuhyuh keur pagawe nu anyar asup siga dirina.
Barang-barangna gancang di asupkeun ka jero.
“Aduh kade eta mah laptop, kasep... Beulah dieu we.”
Nu kewes nyolongkrong ngadeukeutan meja leutik nu mere aksen psikologis keur nandeskeun ayana wates antara ruang hareup nu dipasang korsi sa-set jeung ruang pangreureuhan dina kasur hipu nomer hiji. Nu kewes ati-ati naker neundeun eta tas. Nu bayuhyuh nyekel pigeulang Dadang.
“Teuing ku resep ibu mah ka nu ngora teh. Komo nu limit kasep siga .... eh saha nami teh?”
“Dadang.” Cenah, bari angger nembongkeun paroman marahmay.
“Siga Pa Herdis!” Nu bayuhyuh anteng neuteup beungeut nu keur mindah-mindahkeun barang. Pikeun Dadang mah geus remen ngadenge langsung ti nu baralaka yen dirina teh ampir sarimbag jeung rupa menejer eta hotel.
Nu bayuhyuh ngolesed ngadeukeutan Dadang. Manehna rikat ngaluarkeun kamera digitalna tina tas leutik. Ngisarahan sangkan nu kewes ulah waka obah. Nu bayuhyun dungdak-dengdek, neangan lebah-lebahna nu pipanteseun jadi latarna. Kana genep tujuh kalina dipoto.
“Tos nikah?” cenah bari rada nahan ambekan.
Nu ditanya gideug. Nu nanya mesem bari ngotektak ngalalanyahan ketak nu pipanteseun keur nu gideug sangkan karawel hatena tur teu hese beleke nyacapkeun kapanasaran sare jeung nu limit, najan ngan sapeuting tina gemblengna acara rapat di eta hotel.
Nu amitan dikeupeulan uang tips ku nu bayuhyuh. Dadang gancang muru lift. Kaca sabudeureun jero lift jeung dirina silihsidem. Pateuteup-teuteup maluruh deui gurat-gurat nu baris ngajinekkeun dirina dina lengkah panceg muka lolongkrang anyar.
* * * *
Tidak ada komentar:
Posting Komentar