SABENGBATAN

"sabengbatan", duduk manis dan simak dengan hati. semoga ditemukan ruang-ruang indahnya....

Minggu, 19 Desember 2010

PANUNGTUNGAN



 Kuring gupuy-gapay ngadongkangan hate jeung pikiran. Ngeunteung kana rampohpoyna waruga bapa pribadi, geus pasti mibanda pasualan nu beda. Hese rek mapay jeung ngerong kaayan diri jaga. Dalah ayeuna ge, rasa teu mampuh jinek dina hal nu pasti. Kuring terus dikukuntit ku kalangkang nu kokolebatan; kakuatan nu hese disingkahan.
Saupama Bapa nandeskeun kana dua pilihan, kuring kacida lebeng poekeun pisan kana eta pilihan. Cenah, hirup teh aya dina tatapakan milih; dua pilihan. Kuring angger poekeun. Kahayang mah ngabecir lumpat muru sampalan nu ngembat; rek diteuteup mega malahmandar kuring teu remen nanya ngeunaan jalan panungtungan, najan rasa paselang jeung kahayang ngabelesat muru kana kahirupan panungtungan bari nyangsaya siga Bapa dina raga nu teu walakaya nandangan pangdakwa.
Ti bubudak, saacan kuring nyaho aya kajahatan nu ngukuntit  jeung luwas ngajurkeun diri,  kekecapan Bapa nu kuduna mah katampa ti anggalna, tangtuna baris disurahan kalawan imet tur gemet. Bareto mah nu aya ngan rasa laluasa najan dina waktu nu heureut. Lain ngan ukur nyampak rupaning pilihan dina kahirupan harita, tapi sakabehna tamplok ngan keur kuring. Saterusna eta teh nungtutan laleungit tina kahirupan pribadi. Antukna kuring kacida ngarasa kaleungitan ku maranehanana nu jongjon ngadongkangan udagan hirupna di nagri deungeun. Kuring geus dipengparkeun. Bapa tacan kungsi ngatik jeung ngaping kuring ngawangun jeung nohagakeun harga diri. Kuring nu ti leuleutik can ngarti kana kasalametan hirup nu kuduna mah dilatih tapis ku Bapa pikeun narekahan jeung ngahontalna.
Ti saprak harita, nicak umur tujuh taun, kuring geus mimiti aya dina babakan.kahirupan nu kalimpudan suni. Minangka pangbangbalerna nu kaitung ampuh mah nya ulin sakahayang jeung babaturan salembur, lungkra jauh moal ieuh aya nu nyarek.
Bibi kuring nu dipihapean teu ieuh ngarasa melang. Manehna mah leuwih tagiwur lamun kaleungitan cela, sipat, atawa lipenna. Teu ieuh tunyu-tanya ka kuring lamun elat balik ka imah, najan noron aya kana dua tilu poena. Sesana mah keur kuring hiji kasenangan teu nampa panyarek teh. Tapi nu remen mah hate galecok nanya: saha nu baris bumela.
Remen kuring ngajajal kaludeung; ngangkleung nebeng kana pick-up kosong atawa beus bari teu nolih kana panyarek supirna atawa kondektur beus. Teu rek kitu kumaha, kuring jeung babaturan remen ngajleng turun sangeunahna, di mana bae najan mobil keur laju rada tarik.
Hiji mangsa kuring eleh gesit. Di parapatan nu pabaliut ku mobil, hate merod; teu bisa meuntas, teu bisa ngudag babaturan. . Tacan tuman; teu bisa meuntas sorangan. Tapi aya nu ujug-ujug ngarawel leungeun, nuyun kuring mangmeuntaskeun. Kuring niat rek ngudag babaturan, tapi manehna gancang ngarawel pigeulang. Manehna ngagelenyu.
“Besok juga masih ketemu mereka kan?” cenah semu ngosom bari kamalayon siga nu tacan tuman kedalkeun ku basa Indonesia. Aya nu ngadadak kokolebatan. Ras inget sababaraha kawawuhan Bapa, bangsa deungeun, nu kungsi unggah ka imah sabulan saacan kolot kuring muru harepan di nagri deungeun. Lentongna meh sarua jeung eta lalaki nu mangmeuntaskeun.
Kuring unggeuk. Kareret babaturan geus nyalingker kana tikungan bagungan supermarket. Rindat manehna harita mah can mampuh dihartikeun naon-naon. Manehna nawaran teh kotak. Kuring dituyun deui muru kios sisi jalan sapuluh lengkaheun ti kuring ngajanteng.
Kesang nu ngagarajag na beuheung jeung tarang gancang ku manehna dielap ku saputangan. Aya nu terus  kokolebatan. Ras inget ka nu kungsi unggah ka imah tea. Nu itu mah kulitna rada beureum, ieu mah ngeplak bodas.
Manehna nojoskeun sedotan. Teh kotak gancang diasongkeun ka kuring.
“Senang menggambar? Om punya banyak crayon. Mau?” cenah bari angger ngagelenyu. Kuring dituyun muru jalan leutik. Manehna muka panto mobil. Kuring dititah asup bari paromanna angger marahmay. Mobil ngageuleuyeung lalaunan, mapay-mapay jalan nu lalinduk. Manehna galecok sagala dicaritakeun; nataan tempat-tempat nu can kungsi kasorang ku kuring. Kuring kalan-kalan unggeuk jeung gideug. Geus dituduhkeun di mana imah kuring, manehna ngeupeulan duit. Kana beca bae rek balik mah, kagok rusuh aya jugjugeun nu kaitung jauh, cenah. Engke pageto bae disampeur deui hayang crayon mah sakalian jalan-jalan deui. Selang dua poe ti harita, kuring dipapag di jalan peuntaseun nu daragang tanaman hias, nu dituduhkeun ku manehna sangkan kuring ngadagoan di dinya. Ahirna kuring mimiti nampa kasenangan ti dirina.; dibawa jalan-jalan mapay-mapay puseur kota.
Kuring nyeungceurikan panasiban diri. Di hiji kamar hotel, peuting, geus numuwuhkeun kaceuceub nu ngarayap nuturkeun waktu ku tambahna umur. Nu karasa nyeri nu pangnyerina. Eta lalaki teh ngolo sangkan kuring repeh. Manehna ngadongkan laci nu napel kana ranjang. Ngusiwel, dua lambar sapuluh rebuan disesebkeun kana saku kameja kuring.
 “Sekarang kamu harus segera tidur. Sudah malam sekali!”
Kuring murungkut. Kanyeri geus meungkeut awak jeung hate. Kuring terus nahan piceurikeun.
“Anak laki-laki gak boleh cengeng!”
Eta lalaki teh mareuman lampu kamar nu ngempray diganti ku lampu duduk lima watt. Manehna ngabaheuhay lungse. Kuring sisimekkeun, nyeungceurikan diri nu teu wasa nolak, ngalawan, atawa ngejat.
Ti harita, rasa tuluy kaangsonan jeung dituyun ku kacangcaya. Nincak lawang munggaran rupaning kasieun terus nyangkaruk na diri. Harita kuring tacan ngarti. Nu karasa ngan nyeri nu kacida; leuwih ti lir ditampiling nu kondektur basa kuring maksa rek luncat tina  beus. Kuring ngarasa dialungkeun ka jurang combrek nu lungkawing dibarung sabengbatan diampul-ampul ka alak paul. Awak ngalayang terus rarasaan teh nyirorot kasedot. Kuring ragrag.
Isukna manehna geus ngiles. Ti samprak harita, aya nu nyangkaruk dina unggal ambekan; pacaruk antara rasa ceuceub jeung sakapeung midangdam dirina datang dina ketak jeung ringu nu beda; ringu nu moal matak pikalewangeun;  teu kudu ngadodoho kuring. Tapi tacan tangtu lamun jonghok deui mah. Teuing rasa nu mana nu baris mudal.
Satutas dipantengkeun jalan hirup ti leuleutik tug nepi ka kiwari, horeng tacan kabual; tacan aya lolongkrang pikeun ngahontal, nembrakkeun jajaten, nembrakkeun kaceuceub. Nu dipantengkeun teh diulur deui, ngan ukur pikeun mancegkeun hate yen hiji mangsa kaketir diri nu pilewangeun geus lain rereged nu ngabakutet diri. Palias nu ngabakutet teh meulit awak nepi ka kuring kudu ngelel jeung panon jamotrot meredih hak hirup nu ilahar.
Meh unggal peuting kuring remen padungdengan jeung wanci nu geus lawas dina galur implengan pikahareupeun. Pikiran ngacacang, ngotektak jeung ngadongkan tur mernah-mernahkeun diri dina rupaning kajadian nu dipiharep. Naha baheula kuring gubrag ka dunya bet sakolebatan nampa pangrurungrum asih teh?
Kuring terus lumaku; ngan ukur nuturkeun lengkah, teuing lebah mana anjogna kahayang. Rek dikotektak hakekat hirup ti nu geus kaalaman jeung nu rek kaalaman. Naha kuring nu kudu lumaku dina ieu lalakon nu jauh tina harepan?
Kuring nu simpe dina kacangcaya. Teuing ti lebah mana heula kudu nyurahan ieu jalan hirup nu ngembat.: papasten atawa ngan ukur saliara babadeun sangkan ambahan beuki lega dina ngababakan kapanceg diri.
Peuting ieu teu ieuh bisa disisilihan ku naon bae.  Lelembutan bisa ngumbara; kawasa mapay-mapay harepan. Najan teu nepungan deui raga ge, teu ieuh galideur. Rea cara pikeun mulang-antingkeun lelembutan, keur saheulaanan atawa ...
Kuring geus lumaku meh satengahna tina jalan hirup kuring nu masih ngembat panjang. Peuting engke, umur panceg dua puluh opat taun. Taya nu istimewa, taya nu baris nuyun hate jadi bungangang. Kuring teu butuh panghiap nu lian. Diri ngan butuh katingtriman malahmandar bisa ngotektak diri. Mungguh papasten jeung atawa naon bae disebutna, atawa “kabeneran” nu bisa ngababakan jadi papasten, eta kotektakeun kuring.
 Keur kuring mah hirup teh lir congo regang nu pinuh ku merang niiran raga, niiran rasa. Tapi kalan-kalan eta regang teh ngajanggelek jadi amparan buludru  kulawu nu nuyun  ngabangbalerkeun rupaning kahanjelu boh keur diri pribadi dina beungkeutan mangsa nu lawas; pangbangbaler dina pangreureuhan jeung pangbalikan, atawa ngan ukur sabengbatan mepende hate.
Sabenerna mah kahayang teh hampang-himping ngalengkah bari hahariringan heheotan dina hawa nu kacida segerna. Tapi ieu imah pangreureuhan geus nganteurkeun kahirupan nu teu pikahartieun saacan kuring pantes jeung siap narimana saupama ieu jadi bagian tina papasten nu moal bisa dipungpang.
 Kuring geus lawas kajiret jeung ngusey dina mongklengna kahirupan alatan kolot pribadi nu ngalalaworakeun sagala kawajibanana. Mangsa lawas nu terus ngukuntit bari teu ieuh mere bongbolongan.
Aya nu kudu gancang dikedalkeun samemeh lelembutan geus teu purun ngancik deui dina ieu raga.
Bapa.... saupama jaga kuring dipapag papasten nu langgeng, pangharewoskeun... kuring tangtu ngareungeu dina lawang kalanggengan. Pangharewoskeun, pangpancegkeun lengkah; Bapa bedas nuyun kuring dina kasadrahan. Pancegkeun hate, najan diri  aya dina kamampuh narekahan hirup ngan semet dieu, aya jugjugeun nu pasti di ditu tapi lain pikeun nyangsaya na rasa nu angger kingkin. Pangharewoskeun saha Bapa jeung Ema teh, saupama kuring geus poho mangsa ditalek di alam kalanggengan. Pancegkeun  hate kuring yen aranjeun mikaheman kuring. Pancegkeun hate kuring  yen kuring aya dina pangrungrum kanyaah nu mernah. Tapi saupama geus teu mampuh kadongkang ku diri nu geus aya na tungtung harepan, aranjeun ulah ieuh kingkin ningal kuring lumaku muru carita anyar di kalanggengan. Keun, ieu jadi pamungkas kakingkin kuring, pamungkas nyantelna harepan,  nyangkarukna implengan nu lawas, jeung tarekah nu gelarna tina sesa tanaga nu diipuk ku rasa cangcaya. Pileuleuyan.

****

Tidak ada komentar:

Posting Komentar