Janari leutik masih can keneh bisa sare. Pikiranana ngadongkangan deui gambar-gambar kahirupan nu geus lawas. Enya, cenah, mun tea mah si jenat aya keneh mah geus tangtu jalan kahirupan teh lain kieu. Salakina mah taya ceda saeutik oge. Taya pisalempangeun. Tapi naha atuh panasiban bet dikadarkeun kudu gancang-gancang pisah. Teu salah nu ngaromong teh. Jelema bageur mah, cenah sok gancang dipundut deui ku nu kawasa. Kabuktian teh lain sakali dua kali, lain ukur ku salakina wungkul, tapi dulur-dulur jeung bapana pribadi.
Keukeuh, cenah lamun diparengkeun boga anak cikal teh hayang lalaki heula. Teu nyangka ngan semet ngilu ngaguritaan wungkul. Teu kalaksanakeun naon-naon nu kungsi dicaritakeun harita mah, mangsa pada-pada bungangang bakal boga anak.
“Nu kahiji mah, Akang teh hayang lalaki heula,” cenah bari rada neuleukeum kana beuteung pamajikanana.
“Ari awewe kumaha kitu, Kang?”
“Heunteu kukumaha. Ngan ieu mah kahayang Akang. Resep meureun…pang-pangna keur meujeuhna kembang buruan, hut-hetna metakeun jurus-jurus ti bapana. He…he..he”
“Yey meni asa nu Akang. Lamun diparengkeun awewe mah, ku Endah mah rek sina pinter nembang. Resep tuda ningali neng Pepi anakna Pa Andi mah, leutik-leutik geus bisa ngala duit.”
“Enya atuh eta mah katetesan darah seni ti kolotna. Ari anak urang? Bapana tukang bangunan, indungna kuli pabrik… he…he…he.”
“Na meuni leutik hate… nya diilukeun atuh kana Grup Pa Andi.”
“Tapi asa mending lalaki. Leutik ku leutikna kangaranan lalaki mah angger jadi batur ludeung. Komo deui da urang teh moal salalawasna unggal usik pageye-geye. Sakalieun meureun Akang aya pagawean ka tempat nu jauh, ninggalkeun di dinya teh meuereun teu pati melang teuing. Ke geura karasana mah lamun budak geus mangkat rumaja. Sakalieun akang aya kaperluan nu lain, pan nu ngaplus teh nya meureun anak sorangan!”
“Har…ari Akang, meuni cupet teuing. Maenya atuh bapana tukang bangunan, anakna rek jadi tukang bangunan deui. Paling copel ge si utun mah kudu jadi mandorna lamun tea mah aya patalina keneh jeung bangunan.”
“Enya…lah kuma dinya!”
“Jeung naon deuih kudu narima pagawean jauh-jauh. Nu deukeut ge teu kalayanan kabehanana!” Nyi Endah rada kuraweud.
“Eh, eta mah …. karek meureun!”
“Lain…. Kang, awewe nu panggedena mah pan sok jadi gaganti indung pikeun adi-adina engke teh.
“Lalaki…lah!” cenah bari neuteup ngahaja ngoconan pamajikan.
“Lah… kuma Akang. Kuma behna we. Ke ah, cangkeul. Asa nyeri bobokong!” Nyi Endah cengkat terus muru kamar dituturkeun ku salakina.
“Kang, hareudang. Pang ngepetkeun!”
“Alah mani ogoan kieu geuning si utun teh. Tong digeberan. Mending ge ka cai heula. Ke ku Akang dijiad ngarah jagjag.
“Enya da di imah teh ngan duaan!” Cenah bari kaluar deui.
“Salah kitu? Ayeuna mah pan ngan duaan. Sugan we si Ema teu teteh-tereh meunang seureuhna.” Salakina beuki ngahajakeun ngaheureuyan.
“Tuh, da kitu si Akang mah.” Cenah teuing rasa naon nu keur diebrehkeun ka salakina. Aya rindat nu geus loma pikeun maranehna mah. Nyi Endah disangkeh. Nu ngajurungan jeung nu dijurungan ka cai antukna pada-pada silanglang dina tingtrimna katresna.
Mamanis harita jeung salaki tacan lantis. Pangbakti ka salaki tacan tamplok sagemblengna. Lamun tea mah piinditeunana teh ngaringkuk ripuh heula mangbulan-bulan, meureun hate geus ngomberan pikeun rido aya dina panungtungan jodo jeung manehna. Tapi da ieu mah teu nyangka sacongo buuk. Teu salesma-salesma acan. Ngan peuting harita, poeanan panungtungan, manehna hayang dipencetan lebah walikatna. Teu aya kedal nu kawilang penting pikeun jadi tanda pipanungtungeunana. Isukna, isuk-isuk geus gesat-gesut rek muru pagawean. Ci teh manis nu disadiakeun diinum ngan sasorolok. Sawatara lilana paneuteupna nujul ka pamajikan nu teu weleh nembongkeun paroman manis. Manehna ngan semet balaka, cenah ci teh teh amis teuing.
“Amis teuing kitu, rarasaan cai teh langsung ngorolok kana beuteung”
“Eusian ku sangu heula atuh!”
“Ah, keun bae. Beurang teuing!”
Kituna teh bari ngaleos. Pamajikanana nganteurkeun nepi ka lawang panto. Teu ieuh aya rasa hariwang. Jenatna mah tara ieuh sumpat-sumput keur urusan naon bae oge. Jeung deuih tara rumahuh ngadadarkeun kasusah. Weleh salaki soleh. Sakalieun gering ge, tara ieuh ninggalkeun pagawean.
Kira wanci satengah dua beurang, panto aya nu ngagedor. Salakina dipayang muru ka tengah imah. Nu keur ngisikan di tampian disusulan. Nu nyusulan ngan semet wasa ngabejaan yen salakina gering. Anjog di imah, salakina geus ngajepat dituruban ku samping kebat. Nu anyar datang nyangsaya di alam kapidara.
Ti mimiti harita alam karasa reueuk taya pungkasna. Ngomberan kasoleh hate, ngan semet bisa nyengker saliwatan. Tuntungna mah anjog dina rupaning kahanjelu, waas, keueung, sono. Kalan-kalan ngarasula. Kabehanana pagalo. Aya kana sabulan mah, batin remen melengek. Rarasaan nu miang teh sakeudeung deui balik. Teu bisa karirihan ku nu sejen. Yakin bakal balik. Sakapeung ngahajakeun ngalengo dina jandela. Ngadago nu can ngurunyung deui. Sugan jeung sugan deui bae. Sugan ngurunyung ti lebah rungkun, ngoconan nu keur nganti-nganti. Sugan geus aya gigireun ranjang bari ngupahan yen manehna teh rada elat datang alatan aya urusan heula. Sugan….sugan…. sugan.
“Enggeus bageur, ridokeun!” dileuleuyan ku indungna saban usik. “Karunya ka nu geus mangkat. Anggur mah do’akeun sing aya di tempat nu mulya. Ema pribadi mah teu salempang teuing. Si jenat mah jalma soleh. Ridokeun bageur!” Kituna teh terus nyangkeh nu keur kingkin, dituyun muru ka tengah imah. Lalaunan buuk nu kusut ku indungna disisiran. Nu nyisiran teu kawawa nahan cimata. Kadeudeuh nu gembleng ti hiji indung. Indung nu salawasna mibanda rasa nu leuwih ketir batan nu anyar ditinggalkeun. Teu beda jeung dirina basa panungtungan pisah jeung salaki salalawasna. Obrolan ngan semet ka dinya. Ceuk pangrasa indungna, teu hade nguah-ngaeh teuing nu keur kingkin. Lain matak ngahegarkeun. Salah pok mah anggur matak ngabedahkeun cimatana. Incu rungsing ge teu terus disusukeun ka indungna. Karunya. Dibaruru ku nu aya di tukang. Pada teu kawawa. Budak pada ngagalentoran. Taya saurang ge nu bisa nyumputkeun piceurikeun.
Nepi ka budak aya kana opat taunna, tapi tacan bisa mangpalerkeun dirina kana rasa waas. Komo deui jalan kahirupan nu kiwari kudu diungkulan. Siga hayang nimu jalan pikahareupeun, budak nu keur tibra teleb naker diteuteup. Kapapay saliwatan ge, tarang jeung irungna nu nyeples bapana teh. Budak meunang kahayang bapana. Budak nu jaga, cenah jadi gaganti bapana; bedas nalingakeun indungna.
* * * *
Tidak ada komentar:
Posting Komentar