SABENGBATAN

"sabengbatan", duduk manis dan simak dengan hati. semoga ditemukan ruang-ruang indahnya....

Minggu, 19 Desember 2010

NU WAKCA NA HAMBALAN RASA

novel sunda
karya: A.Y. Hudayat




I
            Bubulucunan harita teh lain teu era, tapi ieu sirah remen aya nu ngadegungkeun, mamaksa kuring kudu ditaranjang. Sakalieun aya nu mere sarung ge, na jero dada galecok, ngeukeuhan sangkan kuring ngudar eta sarung. Antara hayang make jeung panyarek na jero dada terus-terusan padungdeng. Awak asa aya nu muter-muterkeun. Tapi kuring kudu newak naon bae sangkan teu terus muterna. Keukeuh ragamang teh kana banda nu ngancik na rasa. Najan harita mah karasa aya nu ngageugeuweung taktak ngabedega jiga nu ngawasa, malah bari sesentak sagala.
            “Buktikeun lamun enya sia bisa macakal. Hartina sia geus teu butuh ku aing, kitu?” pokna teh bari siga nu ngulinkeun. Manehna kakalincesan, kekepehan. Kuring ranggah hayang disambat. Teuing paroman naon pihartieunana, manehna ngagelenyu bari terus asup kana jeroeun dada. Teu kungsi lila kaluar deui bari nyakakak. Teuing meunang rusiah naon. Ngan pangrasa, kuring katohyan geus ngampihan rupaning rasa luareun dirina.
            Karasa nu ngawasa geus cacap pamaksudanana. Da geuning sakur nu geus ngancik na diri tuluy barirat teuing ka mana nyumputna. Ngan nu puguh mah, kuring teuing dibarengan ku saha ngudar sesa kapanasaran.
            “Kuring teh saha. Ieu rante keur saha?”
            “Ha….ha….ha… butuh pituduh? Apan sidik sia teh kuring! Atawa hayang leuwih eces, hayang aya bukti pangaku ti saeusining dunya? Hayu urang jujut dalah nepi ka alak paul ge!” cenah bari nyangkeh kuring. Teu ngarti kudu kumaha nembalanana. Kuring ngajoprak. Diri teuing dibalangkeun ka mana. Nu biasa ngancik teuing geus nepi ka mana. 
            Suni…! Mana nu cenah rek bumela bareto teh? Mana nu bareto caliweura na jeroeun dada teh, majar hayang silihcombo? Mana… mana…?!!! Sanyatana, geuning diri teh suni.  Lain kungsi maraneh jangji rek bumetah satungtung masih dipikabutuh ku kuring? Kuring ngan bisa ngandelkeun pangokola maraneh dina nyubadanan pangabutuh kuring!  Lain geus lawas silihmibanda teh?
Enya, kuring butuh ku maraneh. Ngan maraneh nu ngarti kana pangabutuh kuring. Ka mana atuh nu ngancik ngageugeuh rohangan rupaning rasa?  Enya, karasa lamun geus dipuji ku nu nyicingan hate. Cenah kuring leuwih pantes lamun kieu. Pan nu lian ge mani nyarisi mere jalan ka kuring. Ma’lum ka gegeden meureun. Paselang-selang kuring ge remen dititah ceurik. Tapi rek nyengceurikan naon. Pan kuring mah gegeden. Salalawasna kudu bungah, kudu marahmay ka saha bae. Tapi kuring bingung keneh, cangkeul sungut kudu nyerengeh bae mah. Lebar-lebar oge cimata, kapaksa dikaluarkeun. Nu nyicingan mata teh pasea bae jeung sungut. Pahayang-hayang nyombo ka kuring. Heg bae singsaha  ge moal burung digugu. Ngan saratna mah kudu alakur. Ulah wani-wani ngaraheutan rajaning pangeusi hate kula.
Kulit nu mungkus awak, remen ngarenghik, menta disimbutan….tapi keukeuh nu nyicingan hate teu merean. Da ceuk hate mah, ulah galideur ku luareun diri. Cenah, kudu ditembongkeun kateuneung teh. Sakuliah jagad, ngan diri kuring nu perkosa. Enya… ngan kuring  nu perkosa, ha…ha…ha…!
Ari nu nyicingan uteuk mah ngajengjehe bae. Ngan kalan-kalan masih bisa nangtukeun itu-ieuna nu kudu atawa perlu dilakonan bari siga rada teu parurun. Ah, ketang, barina ge teu hayang mamaksa nu geus kaleked. Geus teu perlu babarayaan jeung nu kitu mah. Teu wasa ari kudu hoghag mah. Lain… eta mah, lain kuring.
            Remen kahayang mah nyirekem sorangan di  hiji rohangan nu geus lawas jadi panganjrekan kuring. Tapi tiris-tiris oge kudu bae  nuturkeun suku rek neangan pieusibeuteungeun. Teu rudet nu nyicingan beuteung mah. Rek naon nu diasupkeun ge; asal ceuk dirina meunang diasupkeun… nya asup bae! Kuring ge remen digebes ku nu cicing na hate; ulah ngaherengan jalma nu kungsi barang bere ka kuring. Tapi ari pacengkadan  mah loba ti unggal nu nyicingan ieu awak teh. Nu ngageugeuh sora siga can wasa ngedalkeun pangharewos ti unggal nu ngageugeuh diri. Manehna mah leuwih remen cacarita jeung si hate.
            Geus sababaraha kali manggih nu kieu teh. Aya nu ngasongan. Nu remen mah kuring ngotektak di unggal tempat nu ngajagragkeun dahareun. Kalan-kalan sungut mah gegerendengan. Sok angger digebes ku nu nyicingan eusi hate:
            “Sia mah picik!”
            Nya kuring mah teu sing rek ngabela sasaha. Da geuning teuing ti mana holna, aya wujud nu ngajanggelek dina utek, dina biwir, dina mata, jeung dina hate pribadi. Kabehanana pada-pada hayang ngabejakeun pamanggihna. Ceuk nu ieu, kuring teh asa pantes kitu. Ceuk nu itu, kuring teh leuwih pantes kieu. Ceuk nu lianna, kuring teh teu pantes kitu kieu. Enya…enya….! Nu pantes keur diri kuring mah nyaeta nu kitu, nu kieu, jeung nu lain kitu jeung nu lain kieu.
            Pamanggih ti maranehna kitu soteh, pedah maranehna geus nyarahoeun. Kuring kungsi balaka ka maranehna yen diri pribadi teh geus lawas nyorang hiji sampalan nu taya saurang ge baris bangblas ngahiap kadar diri. Geus lila diri  teh asa nyicingan tempat nu suni. Tarekah mah tarekah, ngawakcakeun ka ditu jeung ka dieu. Kuring kudu kumaha…? Kuring saha nu mibanda…? Sajeroning kitu,  untung keneh geuning aya wujud nu kalan-kalan ngajanggelek di hareup, di gigir, jeung tukangeun kuring. Nya, manehna meureun nu rek bumela. Tapi teuing naon ngaranna. Da sakapeung mah kacida teu wanohna; sakapeung nguyab-nguyab eusining hate siga nu nyacapkeun kasono.
            “Sia mah lain atoh ditutur-tutur ku aing teh”, cenah bari tapis ngagerakkeun awakna nembus kana dada. Tuluy sup nyicingan hate. Atuh kuring ge jadi terus ngajengjehe. Aya rasa nu pagalo antara kuring jeung manehna. Dirasa-rasa beuki bedas wae ngomongna teh; geus lain ditampokeun kana ceuli tapi noroweco na hate.
            “Tong loba teuing tatanya. Sia mah sabenerna geus jongjon. Teu kudu mikiran itu ieu. Hirup sia mah geus merdika. Nu kawasa nangtukeun itu ieu ngan sia wungkul!”
            Naha enya kitu…? Boa-boa manehna ngan ukur lalambe! Enya boa ngan ukur lalambe. Nu cikeneh rek ngajak ngajujut diri ge geuning ngan hoangna wungkul. Kuring angger nyangsaya dina cukang suni.
Naha enya kitu nu siga nyacapkeun kasono teh rek bumela? Da geuning sakalieun diajak ku manehna ka alam nu ngabalukarkeun awak kuring jadi leutik, teuing ka mangsa nu mana, biwir mah geus luwa-lewe paungku-ungku jeung cimata. Teuing rasa naon. Da geuning sabudeureun kuring mah areak-eakan nyurakan kuring. Hideng bae ramo leungeun mah nutupan beungeut. Teuing keur naon. Tapi lamun kitu nu ngajak teh ninitah kuring gancang indit.
“Lain dosa kuring…lain dosa kuring!” sungut ujug-ujug hayang ngomong kitu. Atuh kuring ge lumpat tarik pisan. Da enya, geuning nu lian ge  ngarudag bari ngamang-ngamang paneunggeul. Kuring jadi pamoroan. Kuring teh bagong, kitu?. Henteu ari nepi ka beunang mah. Dalah geus deukeut ge, maranehna teh ngadon tuluy areak-eakan bari runya-renyu nurutan runya-renyuna kuring. Tapi teu kungsi lila nu ngagimbung teh barirat basa didatangan dua manusa nu make pakean bodas-bodas. “Eh, ngadon ngagarimbung di dieu. Indit…indit!”
Nu dedeg barodas teh manggut. Kuring yakin! Kuring ngahajakeun renya-renyu, maksud teh rek menta panyalindungan. Dikukumaha ge pan kuring teh bagong. Keukeuh eta jelema  ngadon nitah indit.
“Alah….. etah sia beunang dititah ku nu lian. Pan sia mah angin!” Nu  kungsi ngajanggelek nyacapkeun kasono geus nembongan deui. Maranehna nuyun kuring ka hiji tempat nu rarasaan mah palataranana angger keneh suni. Nu ngagimbung mah angger keneh masih nyerangkeun ti kajauhan. Kuring mimiti reugreug deui. Enya, maranehna nu remen ngajanggelek teh nu rek bumela mah. Kuring dituyun ka tempat nu kacida sunina. Di dieu sabenerna mah rasa pagalo teh. Maranehna pada-pada hayang nyicingan hate nu sabenerna mah geus maneuh jadi panganjrekan sakur nu asup baheula. Teuing kumaha mimitina, kapan ceuk kuring oge, kuring mah ka sing saha bae moal ieuh rek milih-milih atawa nyombo satungtung bisa keneh babarengan; satungtung bisa keneh silih tuyun kahayang; satungtung masih keneh padabumela ka kuring. Eta lebah getrengna, satungtung masih bisa dipungkas ku salahsaurang nu ngelehan, keur kuring mah teu jadi masalah. Dalah diri pribadi ge sabenerna mah remen teuing ngelehan. Pangrasa teh, satungtung masih aya nu hayang mibanda kuring jeung saeusina, hartina kuring masih keneh bisa kumelendang, sok sanajan masih tetep di alam kasunian. Aeh… henteu…. Henteu suni! Suni soteh lamun nu ngeusian sadirieun kuring paheneng-heneng euweuh picaritaeun atawa nu remen ngajanggelek luareun diri kuring kalan-kalan teu puruneun ngagimbreung-gimbreung ka nu ngancik di diri kuring.
Henteu suni…! Da keukeuh geuning na diri teh loba nu pagaliwota, noroweco. Teuing lebah mana tinimbanganana kudu kitu. Angger di jerona pagalo. Angger pamustunganana kuring kudu katingali sugema, ceuceuleukeuteukan paselang-selang jeung ngumbar cimata, najan teu kedal sakecap ge. Nu saha atuh kuring teh?
Kalan-kalan mah asa hayang ngaluarkeun nu nyicingan sirah sangkan tong ngajengjehe bae. Tapi tetep hese beleke. Pokna teh: pek bae rek ngusir kami mah. Ngan meureun aya sawatara nu nyicingan diri maneh kudu ngilu ka kami. Pek bae gugulung jeung combo nu nyesa dina eusining hate. Pamustungan ngan maneh nu bakal hanjelu. Apan lain embung nyiruruk di tempat suni?!
Lebah dieu mah, kuring teu sing rek ngabela diri. Ngan kadar nepikeun katugenah bongan dirina ngan nyangsaya na lebah pagaliwotana rasa. Tapi keukeuh manehna  ngayakinkeun yen diri kuring bakal leuwih untung mun dibarengan dirina sanajan karasa tara loba ilubiung dina urusan nu remen disanghareupan ku kuring.
Ah, ku kitu tea mah bener pisan ngajengjehena  nu nyicingan uteuk teh. Nepi ka nangtukeun kuring kudu kumaha oge, mani banggana. Ditodel puseur dirina, ngan semet wakca malikan deui naon-naon nu kungsi ku kuring kadenge, nu kedal lain ti manehna. Enya kuring teh bangong. Kuring teh angin. Kuring teh perkosa. Kuring teh kawasa. Ngan semet ka dinya. Geus teu mampuh manehna mere harti nu leuwih lega ka diri kuring.
Enya diri nu ngambah alam nu suni teh balukar manehna. Ketang… balukar diri pribadi ngandelkeun teuing nu remen galecok na jero dada. Ka dituna geus teu mampuh nyubadanan kahayang nu pagaliwota na jeroeun dada. Aya dunya nu kacida legana nu mo kadongkang ku wujud-wujud nu ngancik unggal eusining diri. Nu kahontal teh ngan gambar-gambar nu kokolebatan, siga hayang wakca yen aya carita keur diri kuring ngeunaan diri kuring pribadi ti diri kuring nyatana.

 
II
Kuring kiwari mah geus teu bisa disebut “manehna” tapi sakaligus can bisa leupas sagemblengna ti “manehna”. Enya, manehna nu asal muasalana ti wujud kuring; bagian kahirupan kuring. Moal kamana boa, saumpamana, dalah ayeuna keneh nu ceuk batur kuring teh geus cageur deui, asa karasa keneh kumaha pangraeh maranehanana nu ngabalukarkeun kuring narima, bumetah, malah, jeung mibanda “kuring-kuring” nu lianna. Ngan keukeuh aya sawatara nu ngeusian diri kuring masih tetep bumetah, mernahkeun diri. Cenah mah hayang nalingakeun kuring tug nepi ka taya deui pangabutuh kuring ka maranehanana.
Naon atuh nu disebut cageur keur diri kuring jeung harti cageur keur diri maranehna ka kuring jeung sadirieun maranehna? Lamun tea mah ukuranana kana pasolengkrahna rasa nu nyaliara na diri sewang-sewangan, da geuning lain diri kuring wungkul nu lesot tina kadali rasa nu kudu samistina dipaheutkeun jeung dimaneuhkeun dina tatapakan kahirupan. Pedah kitu kuring kungsi bubulucunan; kuring nu tarik teuing atawa dalit teuing ka sakur rasa nu cenah hayang bumela; kuring nu mibanda basa ngan keur sadirieun; kuring nu mibanda peta nu aya dina luareun gurat kailaharan. Dalah luareun diri kuring, nyatana manusa-manusa nu disebut cageur, geuning masih kaancikan ku rupaning pangraeh rasa. Bedana teh meureun, nu karasa ku pribadi, nu ngancik na jeroeun uteuk  mah gawe ngan ngajengjehe;  ari eusining rasa kalan-kalan ngajanggelek bari mengparkeun kuring ka sampalan teuing di mana boa. Banda manusa lianna mah rampak sauyunan bumela jiwa raga ka nu diancikanana anu moal boa mibanda hal nu sarua jeung diri kuring. Ngan nu lian mah nyamunikeunana pedah mibanda pangeusi rasa jeung pikir nu tohaga.
Kuring satekah polah hayang mageuhkeun paniatan. Kuring kudu bisa nembongkeun yen diri kuring teh sarua jeung nu lianna. Yen nu pagaliwota na jeroeun diri  geus nungtutan laleungitan basa sawatara katukang kuring diwanohkeun jeung nu ngaranna rupaning “ubar” nu geus mulan-malen ngojayan ka jeroeun diri.
Teu gampang kuring nembrakkeun kaayaan diri nu geus, cenah mah, jejem deui. Teu gampang kuring bisa ngayakinkeun diri yen memang lingkungan luareun diri geus narima kalawan euweuh paniatan rek terus matalikeun diri kuring jeung  kasang tukang kulawarga sarta status nu kungsi dipibanda salaku manusa nu kungsi nganjrek di RSJ. Kabuktian geuning, sorot-sorot mata di lembur tempat asal maneuh ngabalakakeun yen kuring kungsi kitu. Keukeuh karasa pangraeh dulur-dulur, pamajikan, jeung anak…. karasa lain; teu siga pangraeh nu baheula. Komo deui lamun ningali semu tatangga mah. Atawa kuring nu can mampuh meungkeut rasa nu sakuduna ditembrakkeun, ilaharna jalma-jalma nu walagri jeung tacan kungsi ngarandapan hal  kawas kuring atawa memper-memper ka dinya. Da geuning pangraeh nu katarima ayeuna mah asana geus taya hartina. Ayeuna mah pangraeh teh karasa pisan aya na lebah ngan ukur ngaragangan.
Moal boa basa wanci jam dalapan, kira-kira dua poe satutas kuring mulang ti RSJ, tangka teu purun kaluar. Tadina mah hayang moyan di tepas.
“Aduh, Pa… kabantun ku Ibu panginten!” kitu alesan nu kadenge ti Si Sawitri, babu di imah. Manehna kokompodan bari api-api kututang-koteteng; sagala disingkaban sagala dirampaan, tuluy ngadepong nyasar kana handapeun korsi.
Kuring teu wani terus mariksa. Sabenerna mah geus teu kudu menta katerangan nu leuwih jentre.
“Enya, isuk mah bejakeun… sakalian konci panto tukang bawa, kituh!” Asa pamohalan teuing ngagugubug konci ka luar, nyaho aya nu cicing di imah!
Eta kajadian teh lain sakali dua kali, malah  karasana  mah diri teh geus dipanjara ku itu ku ieu; malah ku diri pribadi. Sakalieun aya tamu ge, kuring geus remen disingkurkeun ka kamar. Ku leuwih ti sakali, hate pipilueun manjara kuring. Manehna remen nuyun kuring sangkan sadar kana kadar diri. Kuring teu wenang pikeun nyinghareupan naon bae anu ceuk pangrasa pamajikan atawa nu lianna geus teu lumrah disagragkeun ka tangtungan kuring ayeuna. Geus euweuh hargana tangtungan hiji jalma nu ajur siga kieu. Kuring geus teu wenang nyangking wibawa boh salaku bapa, salaki, dulur, atawa tatangga. Kuring geus teu wenang ngedalkeun sakur nu dipikahayang. Sakalieun hayang sosonoan ge jeung anak, geus teu kudu ngadagoan parentah indungna, maranehna ngan cukup nyampeurkeun, diuk gigireun bari paneuteupna mariksa diri teuing ka lebah manana, terus indit deui, ngan sakolepat. Enya, siga kokolepatanana gableg pamajikan nu  bisana ngan ngador. Sakalieun balik rada sore keneh, geus cucul-cucul teh ngadon leos deui. Cenah mah rek nepungan kolotna; aya rundingkeuneun. Tetela aing teh euweuh hargana. Na naon atuh nu kudu dirundingkeun nepi ka kudu nepungan kolotna sagala? Salaki  nu leuwih wenang diajak runding mah! Horeng galehgeh teh lamun aya keneh sueseupeun ti diri kuring. Nyatana geus euweuh nu nyesa mah diri  dianggap tunggul;  geus dianggap tuna dina lebah mana bae. Semu maranehna nu ti semet poeanan kuring kudu nganjrek di RSJ nepi ka ayeuna  nu atra ngawakcakeun yen kuring sabenerna geus dipengpangkeun ku maranehna; geus ngahaja disingkurkeun ti dunya maranehanana. Kuring teu bisa kapalingan ku semu pamajikan harita basa poeanan kuring miang ka RSJ diiring ku dulur-dulur. Sok sanajan rasa kuring keukeuh kakalincesan teuing rek muru naon atawa rek nyoarakeun naon. Tapi nu karasa aya nu rosa nu can kakobet lebah-lebahna.
“Sanes teu hawatos.. nanging pan urusan waragad ge kedah diperhatoskeun. Maksad teh bilih nu tos aya teu nyekapan. Abdi bade nyelang heula ka Wa Taslim. Kantenan, upami tos beres mah, abdi nyusul ka Rumah Sakit!” Kadenge keneh omongan manehna harita. Enya, dirarad deui kana semu, sigana mah, malah geus pasti, teu neundeun semu-semu sedih atawa karunya ka kuring. Tapi pikeun kuring pribadi harita, teuing kuring nu mana nu ngajanggelek dipayang ku dulur kapi-kapi harita. Da rarasaan mah kuring geus ngajoprak dina mangratus hambalan kapas. Sabudeureun kuring ngan nyampak mangrebu panon jeung sungut nu renya-renyu siga nu nuyun sangkan kuring milampah hal nu sarua. Malah aya nu ditampokeun pisan kana beungeut. Maranehna ceuceuleukeuteukan. Tapi kadenge ngan hawar-hawar. Terus dibarengan gegerendengan ditema ku ceuceuleukeuteukan deui bari angger paneuteup maranehna museur ka kuring. Rob deui paneuteupna beuki aradek. Sakolebatan katingal beungeut bapa. Beuki lila nu aradek teh beuki loba, silihdupak silihsered, padahayang nampokeun beungeutna. Nu sidik tina mata jeung sungut manehna nu lain deui nyeleukeuteuk, tapi nyakakak semu nu sugema, semu nu puas…
“Ha….ha….ha….bakal jadi baraya….!” Cenah nu saterusna mah lus-les teuing ka mana nu kari ngan nu ngabaredega make bedahan bodas-bodas ngunggahkeun kuring kana korsi roda.
“Serat-serat tos rengse. Ieu langsung dibantun ku abdi. Nanging teu acan ditangtoskeun bade kamar nu mana. Tiasa ditaroskeun eta mah ti pengker!” ceuk nu ditiung bodas.
Ti harita kuring mimiti nyicingan hiji rohangan, nu ceuk jalma-jalma nu marake bedahan bodas mah kuring cicing di kamar dua genep. Ngomongna lain sakali dua kali bari angger ditompokeun kana ceuli… Dua genep! Dua genep! Kuring dituyun muru hiji rohangan.
“Tah, di dieu…!”  ceuk nu ngabedega ngetrokkan panto bari pupuntenan terus ditembalan deui ku sorangan. “Mangga, Juragan…. Lebet!” manggut dibarung ku ngagelenyu. Rasa antukna pagalo antara pananya naon sababna kuring kudu di dieu jeung panggero nu ngunguntit unggal lengkah unggal renghap: Geus jadi baraya, lin?!!!
Aya nu kudu dibangblaskeun. Aya nu kudu disingkahan. Aya nu kudu…. Ah, horeng kuring geus nyiruruk di tempat nu suni na pagaliwotana rasa. Hese, kudu didongkang nu mana; kudu ditembrakkeun nu kumaha. Nyatana paselang antara kuring nu ceuk lianna minangka kuring sajatining kuring jeung kuring nu ngajanggelek pepeta jeung nuyun saringkanging lengkah.
Masih kakalincesan keneh. Teuing naon maksudna. Aya nu keukeuh hayang ngagele kuring. Cenah mah, da geus kabuktian yen kuring geus meh nincak kana gawir dunya anyar keur  kuring. Tapi rarasaan mah katagiwur harita nu leuwih kuat mulang-mulangkeun kana kasieun… sieun leleb teuing ieu imut nu dibarung ku inghak teh salalawasna marengan. Rumasa, geus rada hese ngawilah-wilah rasa. Pikeun kuring, kalan-kalan asa leuwih aman lamun diri ngomberan atawa ised ti dinya ka sakur nu rek, cenah, satia marengan diri. Enya, karasa pisan, ari geus mimiti dalit mah, nu ngukuntit bareto teh lus-les laleungitan tina soal katugenah alatan  lampah hiji jalma, nyatana aki sorangan. 


III
Genep turunan deui satutasna bapa, bakal aya nu sejenna nu baris nandangan hal nu sarupa. Aki pribadi nu geus ngahiap rupaning wujud nu baris ngalangkangan hirup turunan saterusna di rohangan nu sarwa pagaliwota.
“Tapi rek percaya rek henteu eta mah. Nu nepi kana ceuli kuring, kitu kabuktianana!” Eta kekecapan teh ngung-ngong ti ditu ti dieu ngomat-ngomatan kudu bisa narekahan hirup ka kuring.
“Dana, jeung di dinya teh di dieu mah geus teu asa jeung jiga. Lain tega kuring nepikeun naon-naon nu kadenge ngeunaan kulawarga di dinya, pangpangna ngeunaan hirup nu baris karandapan ku di dinya,” ceuk si Sapri harita, nyatana sobat kuring sorangan. Sok sanajan eta omongan teh karasa pisan siga nu beurat ditepikeunana. Meusmeus manehna neuteup siga nu ngawawaas atawa leuwih cocogna nyoba ngobet eusi hate kuring nu saenyana remen nampa eta beja. Aya nu disumputkeun ku manehna. Enya, kaharti ku kuring oge. Balukar tina sagala renyu, rindat, jeung kedal ti manehna moal boa pikeun dirina mah hal nu kacida ngabahayakeunana. Kapaur dirina, sagala nu geus ditepikeun ngabalukarkeun diri kuring beuki nampeu dina kaayaan nu dipikahariwangna.
“Heunteu, Pri. Sabenerna ti beh ditu mula ge geus kailo. Rupaning tarekan si Uwa jeung indung harita, muka lawang kacindekan nu baris tumiba ka diri kuring. Keur kuring pribadi, kahariwang nu kacida ngaganggayong ayeuna mah iwal ti rasa kuring nu keukeuh rempan dina nandonan  rupaning semu ti sakur jalma luareun diri kuring.” Sakitu kedalan teh. Enya, ceuk pangrasa, naon nu kudu dipihariwang dina waktuna, lamun enya kuring kudu nandonan nasib kuayana sumpah. Tangtuna asupna kuring kana dunya anyar geus aya dina beungkeutan rasa kuring nu anyar. Tapi ari maranehna? Naha geus siap kaganggu hirupna ku kaayaan diri kuring nu anyar?
Tapi kuring teu rek ngabibisani. Lamun diinget-inget deui, nepi ka mana kuring bisa ngahargaan bapa kuring sorangan nu geus maneuh “geringna”. Nu aya na utek ngan ukur neangan carana kumaha sangkan  pangbeubeurat hate bisa ngurangan. Karasa  tacan cumpon tarekah indung jeung kulawarga ku teu ngoncar raga bapa. Acan……acan cukup. Panon masarakat aya di mana-mana. Moal bisa kapalingan tenjo, moal bisa kasalenggorkeun denge dalah nepi ka disingkurkeun ka lebah mana bae. Atawa moal boa, sagala kahariwang jeung kaera moal kabayar ku sagala cara oge?
“Na…!” cenah. Kuring ngarenjag kagebah ku Si Sapri nu geus aya di lawang panto heleran. Huut dua karung leutik  geus nyangkoyot dina kareta mesinna. “Na, kuring percaya ka di dinya. Tarekah mah bisa ti mana jalanna jeung kumaha bae.” Kareta mesin dituyun nepi ka dora.  Manehna ngareret ka tukang terus ngajorowok. “Euy, lain rek neangan nu anyar?!! Rek mileuleuheungkeun mah urang nangkring di MT, loba mojang nu barudalan ti pabrik, lin!” Kaharti maksudna mah. Hate nu gudawang alatan awewe can bisa kaubaran. Wina! Teuing kudu dipiceun ka mana eta ngaran.
Kuring nyerangkeun ti tukang. Baju cele bulaona, pamere kuring, masket. Teuing kabeneran bae kitu. Atawa memang manehna narimakeun pamare kuring. Lebah dinya mah, asa kaaku keneh kuring teh. Enya, nu boga heleran di lembur teh aya dua tiluna, tapi manehna angger ngalanggan. Nu kieu nu bisa naur sawareh karempan kuring teh. Sanajan teu jadi sual lamun dina pamustunganana manehna ngejat atawa miceun beungeut mangsa jaga pasangrok jeung diri kuring nu anyar. Tapi teu kitu, kabuktianana mah, sok sanajan bapa kuring nu  geus nyata-nyatana “gering”, sikepna teu robah, pangpangna ka kuring.
 Aya nu mimiti beurat deui na dada. Heleran nu keur meujeuhna nedeng harita basa bapa keur jagjag ayeuna meh kari jugrugna. Kalan-kalan  dipake ngan ukur  pikeun nyumponan pangabutuh sadirieun jeung dulur-dulur.  Pabrik tinun geus ragrag ka nu lain hakna. Kuring harita ngan bisa metakeun nu kadadak kaduga ku kuring. Hayang nembongkeun ka nu lain, yen sagala rupa banda kualawarga holna tina kesang bapa pribadi. Warisan ti aki ngan ukur imah nu ayeuna dicicingan. Sakitu ge kudu diuruskeun heula ngaliwatan pengadilan. Aya sawatara banda, pangpangna tanah jeung sawah nu upluk-aplak digugat ku nu lian. Hasil tina pangadilan, mutuskeun yen ngan satengahna tina tanah nu dicicingan nu jadi hak aki mah. Sesa tanah nu geus kagok diimahan kapaksa kudu dibayar. Horeng nu boga peta totorosol hayang mibanda rajakaya aki teh masih rerehan aki pribadi, nu keur ngawasa hayang nambahan pakaya tina hasil nistana. Horeng geus diangkat jadi jelema jeneng mah, jadi camat nu pasti,  kalahka beuki laluasa ngararad banda rahayat.
Mangsa kuring geus nincak rumaja, nungtutan kahirupan   nu tumiba ka aki jeung bapa dibejakeun. Tug nepi ka kaayaan panungtungan aki ngagarabag di pengadilan. Dadalak;  katugenahna dibudalkeun tangka teu nyesa. Geus kasawang pisakumahaeun peurih jeung tugenahna aki harita. Geus euweuh nu diragangan deui, geus euweuh nu dipikainggis deui. Sorana handaruan ngadalak Aki Huja nu keur bungangan nampa kaputusan pangadilan. Sorana nenggel kana angen sakur nu nyaksian eta kajadian.
“Huja, urang silihbuktikeun. Saha nu baris nandangan mamala ti ieu perkara. Dengekeun ku kabeh! Daek gelo tujuh turunan lamun enya aing boga kitu peta!!! Kabeh jadi saksina. Saksian ku kabeh….. daek gelo tujuh turunan!!!!” 
Cenah, ti saprak harita, aki tuluy kagegeringan  nepi ka hanteuna.
Sakapeung kuring hayang leuwih nyaho gek-gekanana. Tapi jawaban ti uwa, da bapa mah geus teu bisa dikumahaan, cukup ku nyebutkeun nu enggeus mah enggeus, lain pikiraneun pantaran kuring harita! Ngan lila ti lila mah ku remen di desek sarta umur nu kaitung manjing pikeun nanya kalawan daria, antukna si uwa balaka.
“Ceuk pangrasa uwa, aki teu salah. Geus puguh balitunganana. Sanajan susuratanana teu puguh, tapi sacara lisan geus ditandeskeun pisan ku aki, geus remen diuruskeun ka desa tapi tara puguh tungtungna. Lamun perlu mah, loba keneh  saksina nu kuduna mah bisa nulungan di pengadilan.   
Sumpah, daek gelo tujuh turunan!!! Bukti tina rupaning kedal kaheuheul aki basa nampa panuduh, cenah mah ti bareto mula remen ngajabelan tanah boh dulur-dulurna atawa nu lianna.  Lamun enya tea mah kitu, geus kabuktian, sumpahna geus kabayar sapergenepna, ku bapa. Lolongkrang keur kuring pikeun ngejat tina panasiban diri teu kaitung gede, sanajan lima puluh persenna pikeun bebas tina jiretan sumpah masih nyampak, tapi nya lima puluh persenna deui aya dunya anyar nu keur ngulincer ngadodoho. Anak bapa teh ngan ukur dua urang, nyatana kuring jeung adi. Anapon si uwa, najan kaitung kulawarga, tapi aya di luar kokocoran getih aki; anak bawa ti nini. Nyaho soteh ti saprak kajadian bapa pribadi nu ceuk batur mah geus teu hideng. Kalan-kalan tatangga aya nu nyabit-nyabit pancakaki kulawarga kuring.
“Dana, sing kuat!” Hiji mangsa basa ngareureuhkeun cape tina geus dibawa nyaba pikeun tatamba ka nu bisa. Kuring dipangku bari diusapan. Omongan Si Uwa  can kajudi naon maksudna. Dina pikiran harita, ngan cukup bisa ngahartikeun yen kuring kudu sehat jeung ulah rudet. Paneuteupna nu teleb ngan cumpon dihatikeun yen si Uwa teh nyaah ka kuring; si Uwa teh karasa bisa jadi gaganti bapa nu geuning dina pamustunganana tuluy “gering”.
Horeng paneuteupna nu teleb sanajan dibarung ngareyembeng lain ngan ukur nandakeun kamelang ka jinis nu keur ngambah alam anyar nu saha bae can tangtu bisa neuleuman eta kahirupan. Enya, meureun aya dua kamelang ti dirina. Inggris, supata terus ngaruntuy. Ngadodoho turunan saterusna, nyatana diri kuring pribadi nu pangdeukeutna.
            “Ayi, lamun aya rido ti Ayi, Akang oge sanggup ngurus Dana jeung Tati mah. Susuganan, aya lolongkrang urang sarerea pikeun narekahan nu baris karandapan.” Sorana bangun nu asa-asa. Indung teu nembalan nanaon. Paneuteupna laju ka lebah bapa nu keur ngabaheuhay dina korsi goyang. Umur kuring harita  can manjing pikeun ngahartikeun naon maksud saenyana tina eta kedalan. Tapi lila ti lila mah, antukna nepi kana hiji kacindekan: rupaning lampah, boh si uwa, indung, atawa nu lianna horeng museur kana hiji tarekah pikeun nyalametkeun kuring jeung adi. Teu rek kitu kumaha, meh unggal minggu, kalan-kalan kudu nyoceng waktu sakola, kuring jeung adi remen dibawa nepungan “kolot-kolot” nu nyiruruk dipilemburan. Dina waktu lianna, si uwa ngahaja ngondang ka imah. Harita mah, barang mimiti pisan kuring ditarekahan teh, ilaharna ka budak, si uwa ngan ukur ngabejaan yen kuring kudu mandi ku ci kembang nu geus dijampean ku Aki Ehob ngarah pinter jeung sehat, henteu ririwit. Cukup ku sakitu. Harita mah teu ieuh engeuh ayana maksud lian. Nu aya mah atoh bae. Komo deui lamun rupaning pangjiad teh meneran pisan waktu kuring rek nyinghareupan ulangan umum di sakola. Ku geus ngarasa merenah aya hasilna, kalan-kalan kuring sorangan nu menta dipangjiadkeun.
            “Enya, ku Aki Ehob we heula nu kitu mah!” ceuk si uwa basa kuring niat rek ngilu balap lumpat nu diayakeun di sakola. Nya, dina poeanan, suku kuring dibalur   ku minyak kalapa jeung bawang beureum.  Aki Ehob  neueteup lila ka kuring. Teuing naon nu nyampak dina pikiran jeung hatena. Teuteup nu can kaharti harita mah. Sangkaan teh, meureun bae kudu kitu carana lamun keur nerapkeun pangjiad mah. Tapi, lamun ku sawangan pikiran kuring ayeuna, harita si aki kawasna pikiranana keur dipangpengkeun ka lebah kahariwang, inggis dirina teu mampuh narekahan  diri kuring.
            “Aki, naha jadi siga nu ngalamun!” kuring ngahaja ngingetan. Enya bae, si aki ngabalieur siga nu keur ngumpulkeun paromanna nu kudu merenah deui ilaharna nu keur ngajiad.
            “Aeh, eu…. Lah geus cukup. Tah, samemeh prung lumpat, aya nu kudu dibaca ku Dana. Turutan … Batu beulahJagat ngariutNyemprung lir puyuhBismillaah… Kade samemeh ngabelesat lumpat, tenjrag heula bumi tilu kali!” pokna.
            “Beres, Ki?”
            “Beres keur eta mah. Tapi ke heula…” si aki ngarongkong kana besek. Tuluy nyolek apu. Si aki tungkul bari siga nu keur jajampean. Teu kungsi lila, jepolna diteueulkeun kana tarang kuring.
“Naon deuih ieu teh, Ki?” tanya kuring. Si aki ngan cukup ku unggeuk bari seuri mawur. Karasa aya nu nyecep, meh sarua jeung pangjiad ti Aki Dahya basa embun-embunan kuring ditiupan halon naker bari diceuceuhan ku cai kembang nu geus diminyak seungitan; sarua nyecepna jeung panyeuceuh ti Ma Eruk basa kuring jeung adi satutas dititah noong eusi endog nu geus dijampean.
            “Sok bageur, tingali eusi endogna. Cing saha nu katingal teh?” Ma Eruk ngasongkeun endog. Kuring jeung adi diuk diriung ku uwa, indung, jeung Ma Eruk. Kabeh paneuteup nujul ka kuring.
            “Encep, enggal bageur,  tingali!” sora Ma Eruk ngolo.
            “Dana, cepengna ku panangan katuhu atuh. Sok, enggal tingali, aya saha di lebet endog teh, Aya Dana atawa Tati?” ceuk indung. Tapi keukeuh, sawatara lilana kuring teu ningal nanaon di jero eta endog. Nu aya mah cangkang endog teh jadi leucir ku kesang kuring.
            “Leres bageur, teu aya nanaon?” indung kuring nanya deui. Kuring unggeuk.
            “Ari Tati kumaha? Ceuk indung nanya ka adi. Manehna gideug.
            “Kumaha, Ma?” tanya si uwa.
            “Rupina mah aya nu kedah  diperhatoskeun!” Ma Eruk sajongjongan tungkul. Kuring dirinduk bari diusapan. “Encep…” sorana teu kebat. Ma Eruk gancang muru si uwa terus dituyun ngajauhan kuring.
            “Naha teu cekap ku sakali, Ma?” Sok sanajan hawar-hawar, kurang leuwih kitu sora ti si uwa nu kadenge teh. Kurang leuwih pimaksudeunana mah geus kaharti ku kuring harita ge. Enya, geus ilahar, tatamba teu cukup ku sakali datang. Pikeun kuring harita geus apal pisan naon bae nu remen ditanyakeun ku si uwa atawa indung ka sakur jalma nu dipercayana. Geus tangtu, ku lumangsungna waktu, ngebrehkeun pasualan kalawan atra ka diri kuring ngeunaan diri kuring: harita, ayeuna, jeung jaga.
 Lamun kitu kanyaataanana, bener ngeunaan panasiban diri, hartina kuring kudu geus waspada.  Inget keneh harita, dalah kuring pribadi basa nyanghareupan kaayaan bapa nu sarupa kitu, erana nataku, pangpangna mah ku babaturan. Ari ayeuna, naon nu kudu dikobet pikeun nyanghareupan kanyaataan nu baris karandapan ku diri? Da geuning, mimiti holna teh nu datang ka diri bapa euweuh saurang oge nu nyaho, boh bapa pribadi atawa nu lianna. Lampahna asa karasa biasa keur kuring. Euweuh tanda-tanda nu bisa ngiberan yen geus deukeut kana waktuna “gering”. Teuing pedah harita umur kuring nu can cumpon pikeun bisa ngobet harti nu leuwih jero tina kaayaan nu sabenerna.
Geus lawas diri aya dina kacangcayaan. Naha enya dina hiji waktu kuring bakal ngarandapan hal nu sarua jeung nu karandapan ku bapa. Loba keneh sanghareupeun rupaning kahirupan teh. Tapi naha ngan ieu wungkul nu jadi pikiran teh. Mun puguh aya jirimna mah, asa hayang nangtang ka nu baris nagih sumpah. Teu kudu ieuh ngaganggayong batur. Der-der bae asup kana raga kuring. Geura burak-barik rupaning pikiran jeung eusining hate. Geura awut-awut nu geus entep na hambalanana. Prak! Geura burak-barik pikiran jeung hate jalma-jalma lianna sangkan panceg nyaho kana diri kuring. Prak geura rakrak diri kuring; geura bolekerkeun katunaan kuring; geura burakeun kaceuceub aranjeun.


 

IV

Bojong Asih, 13 Jumadil akhir 1395

 Ka Payuneun Kang Dana
Di Panglinggihan


            Sinareng hormat,
            Kang, bentang nu kumetip na kolbu abdi harita geuning ngan ukur panaur mega nu kantos balilihan dikantun mundinglaya. Nu kumetip harita, sugan teh nu baris naretes layang salaka domas boroeun urang. Horeng, lami ti lami nungtutan plak-pluk marurag. Duka ka mana sareng lebah mana ragragna.
            Kang, neda nawakufna bae, raraosan teh asa lewang dibarung hariwang saupamina sim kuring keukeuh muru jugjugeun urang harita. Sim kuring teu tiasa apilain kana kereteg ati. Horeng lepat nu salami ieu ngalimpudan manah teh. Ku kituna, sakali deui, neda nawakufna. Panuhun Akang kersa nampi ieu kaayaan.
            Mung sakitu. Hatur nuhun.

                                                                                    Baktos
                                                                        Pun Wina Winarti


            Teuing naon nu nuyun ieu leungeun sangkan ngampihan surat heubeul ti urut bebene. Sakapeung hate meredih sangkan kuring wani miceun eta surat. Aya kereteg nu wakca yen taya gunana malikan deui malikan deui maca eta surat. Kitu-kitu keneh. Geus euweuh hartikeuneun deui lian ti kacindekan yen manehna geus kudu jauh tina kahirupan kuring ti mimiti kaerana geus teu kaampeuh alatan nyaho yen kuring mibanda garis kahirupan nu bakal kabaud ku sumpah.
Rasa harita dilimpudan ku rupaning pananya.  Keur muru naon atuh lamun kuring diparengkeun hirup terus. Naha kudu nandonan rupaning nu geus diguratkeun dina kahirupan kuring? Nu lain geus teu pati malire. Geus pasti dina pikiran si uwa, indung, jeung nu lianna panceg nyebutkeun yen kuring baris nyorang dunya anyar nu suni tur pilewangeun. Tarekah tinggal tarekah. Kuring diubar-aber ka ditu ka dieu, weleh tacan tangtu bisa megatkeun rante sumpah. Tong boro rante sumpah nu geus kabuktian kuatna ngajiret ka bapa nu jadi wadalna, dalah  dina ngubaran kasakit kacangcaya jeung kahariwang, tacan pisan karasa undakna. Harita, Keukeuh kuring diudag-udag ku rasa sieun. Sieun dina hiji mangsa nu bakal ngawasa diri teh holna kitu bae.
Sok sanajan enya kacida hese belekena, geus diparengkeun kudu aya gantina mah, antukna kanyeri hate ku putusan Si Wina geus kabual ku datangna hiji mojang  nu  rada loba ceta lamun dibandingkeun jeung Si Wina mah.  Tapi keukeuh aya hal nu sarua ti diri-diri maranehna.  Lebah duriat teuing kumaha ngukur sakumaha gedena. Najan enya, ahirna nepi ka jadi kawinna tug nepi ka boga anak, keukeuh kacangcaya ka hiji jalma terus nampeu. Kasalahan kuring pribadi. Manehna lain awewe implengan. Tapi ngarasa geus kagok guyang dina mamanis nu peuheur, kuring geus teu loba tatanya basa manehna balaka yen si utun nu dina kandunganana harita butuh pangyuga.
“Kang Dana, dalapan poe deui, ieu kandungan teh panceg opat bulan.” cenah bari teu ieuh ramisak ilaharna awewe nu meunang kacilakaaan menta pangyuga keur nu dikandungna. Roko dikenyot sababaraha kali. Haseupna ngahaja ditiupkeun meneran beungeut kuring pisan. “Naha mani siga bareurat kitu,” cenah bari terus ngojengkang ka lebah eunteung. Memener kutang nu ngaleke. Semu-semu nu taya urutna, padahal cikeneh tas pada-pada muru nu kacida rongkahna dina pangsarean. Buuk nu ngarumbay kalawan tapis digelungjucungkeun. “Ieuh, Kang. Nanging punten…. Dalah ieu nu dina jero beuteung baris ngarandapan hal nu sarua jeung nu bakal kasorang ku Akang, teu saeutik oge niat ti kuring pikeun ngagugulung karempan. Kumaha behna bae. Geus kagok jadi ieuh.” Cenah bari ngudar deui gelung jucungna. Gap kana sisir. Tapi teu laju. Manehna ngusey kana sorolok eunteung. Buuk nu ngarumbay sawareh meh nutupan beungeutna.
Kuring ngan bisa noroweco na hate. Ngemu omonganana. Kudu bisa narima kaayaan dirina; sarua jeung pangabutuh kuring ti nu lianna ngeunaan kaayaan diri. Uyuhan daek ngakandung si utun pibakaleun ”taeun”. Uyuhan daek ka mojang panyeupahan batur. Yey… uyuhan. Kuring nyusup kana hatena terus kaluar deui ngobet kaayaan diri. Ngan kitu jeung kitu, ijigimbrang mernah-mernahkeun cekelan hate. Pamustunganana kuring kawin sakumaha mistina. Dina waktuna gubrag si utun ka dunya, hirup mimiti karasa rada bear. Pamajikan lalaunan  ngawujud ilaharna nu boga salaki jeung anak. Birahi nu dimurah-mareh harita sigana hayang ditaur ku jalan ngumbah ku kaheman sagemblengna ka kuring jeung barudak. Nepi cunduk dina hiji peuting manehna balaka nembrakkeun karempan nu lawas dibunian ngeunaan panasiban barudak. Lebah dieu pisan nu nyiksa keur diri teh. Ku kaayaan ieu, lelembutan kuring remen dibalik-balikkeun deui ka mangsa heubeul. Lelembutan nu nguluran, ngomberan lebah-lebah katugenah, kahanjelu, jeung rasa-rasa lianna nu pagalo. Naha atuh kuring bet hirup kudu nadah getih ti tangtungan kolot nu wani ngumbar sumpah bari jeung teu malire kana panasiban turunanana nu kudu nandonan sumpahna; naha kolot teu tangoh pikeun nanggung lampah dirina ku sorangan; naha jaman teu bisa ngomberan pikeun megatkeun rante sumpah nu nalimbeng tujuh turunan.
Hate remen longkewang lamun indung barudak geus tihothat ihtiar neangan jalma nu bisa dipercaya pikeun ngubaran barudak. Lewangna nu geus puguh nujul kana kahirupan kuring pribadi. Barudak nu diubar-aber meungkeutan deui carita puluhan taun katukang mangsa kuring ditambaan. Nyoba mariksa, nyarua-nyaruakeun itu ieuna, susuganan bisa aya jalan tarekaheun nu leuwih undak tepung jeung hasil nu panceg tur nyugemakeun. Nyatana, can tepung jeung naon nu dianti-anti. Dunya kuring geus rangsak diburak-barik. 
Pukul lima subuh, barudak geus diguyah-guyahkeun ku indungna. Maksud rek neruskeun tatamba. Meunang beja, aya dipakidulan nu kawentar bisa ngubaran rupaning kasakit. Atuh jauh-jauh ge, maksakeun maneh kuring jeung pamajikan ngajugjug eta tempat. Pilemburan nu kacida jauhna keur ukuran barudak mah. Ka tempat panganjrekan Aki Sadu, kitu disarebutna, meh meakkeun sajam satengah. Leuheung basa lamun bisa nepi ku numpak ojeg, keretek, komo deui mobil. Ieu mah weleh ngan bisa ku leumpang. Jalan nu kacida tarahal jeung netekna teh bisa dijadikeun ukuran paniatan nu rek tatamba dina ngahontal pamaksudanana.
“Keun diakod sakali sewang ku bapa!” Kuring ngarawu budak nu geus meusmeus ngarandeg unggal lebah tanjakan nu netek. Adina ngahunted hayang sarua diakod.
“Pa, moal karuateun! Rek pijamsabarahaeun nepina kaya kieu mah.” Pamajikan deku nyusutan kesang si  bungsu. Ngahegak leuwih-leuwih ti nu ngahunted.
“Bapa uih….Bapa!” si bungsu mimiti runghak-renghik. Si cikal diecagkeun, akodan tuluy diganti ku si bungsu.
“Ke, bageur…sakedap deui oge dugi.”
“Jajan atuh… da cape!” tembalna deui.
“His, aya tukang dagang di mana! Emam deui we rotina, nya! Eueut?”
Geus dibebenjokeun sawatara lilana mah, antukna budak teh repeh deui. Teuing geus sabaraha ratus rebu hegakan, antukna cunduk ka nu dituju. Semah sawareh hempak di tepas. Sawareh deui ngagimbung di tengah imah nunggu giliran. Nu keur diuk di lawang tepas ngolesed mere jalan.
“Mangga linggih” cenah. Kuring unggeuk, budak diecagkeun. Sawatara lilana kuring jeung pamajikan paheneng-heneng ngareureuhkeun cape. Barudak pakupis mukaan deui sesa bebekelanana.
“Ti mana?” nu keur ngalungsar tukangeun nanya. Lentongna meh sarua jeung dulur nu ti Tasik.
“Ti Saparako. Dupi, Ibu?”
“Caket nini mah… ti tonggoh.” Cenah bari nilepkeun sukuna lalaunan. “Lah, punten Encep…. Eneng, ari geus kolot mah kieu. Hese rek cengkat-cengkat acan.” Cenah bari  ngingsreuk.
“Aya nu nyarengan?”
“Lah…  incu salima-lima oge teu beunang diandelkeun.” Manehna katembong muringis siga nahan kanyeri. Terus sukuna ditanghujarkeun deui. “Nini mah kapiheulaan ku nu jarauh,” cenah. Obrolan teu terus manjang. Kuring ngolesed mere jalan ka rombongan nu anyar datang.
Wanci geus meh kasareupnakeun. Kuring kakara meunang giliran. Budak duanana geus talibra dina lahunan kenca katuhu indungna.
“murangkalih?” tanya Aki Sadu kalawan henteu malire pangunggeuk ti kuring jeung pamajikan. Hate rada ngemplong. Ehm, mudah-mudahan bae jodona barudak ditambakeun ka dieu mah. Da geuning saliwatan ge sigana geus bisa noong kaayaan nu keur karandapan dina rumah tangga kuring. Sawatara lila, paneuteupna gunta-ganti nujul ka beungeut barudak. Aya renghap nu kacida panjangna. Renghapan kuring katahan nungguan mernahna dikaluarkeun. Paneuteupna pindah ka kuring.
“Pageuh..” pokna. Hiji-hiji diteuteup deui. Tepung jeung paneuteup kuring. Seukeut pisan. Dipungkas ku renghap nu kacida panjangna. “Pageuh pisan!” cenah bari gogodeg. Wirahma engapan kuring nu ngahaja dipernah-pernahkeun sugan bisa aya mangpaatna lapur marengan kedalan nu geus bisa dierong naon pimaksudeunana.  
“Punten, aya carecet?” cenah.  Gancang pamajikan mikeun nu dipentana. Teuing ieu rasa geus apal nepi ka lebah manana, antukna sagala teuteupna, gerak-gerikna, jeung kekecapanana asa karasa euweuh nu istimewana keur kuring. Teu kungsi lima menit, manehna geus mere isarah yen pangjiadna geus rengse. 
“Mulih ayeuna mah pameng tos burit. Anggur murangkalih enggal kulemkeun di pengker. Karunya.  Keun ngampar samak oge. Nu sanes ge nu tebih mah tos sapalih aya dipengker. Wios enjing deui nyubuh bade mulih mah.”
Hareneg mah hareneg, tapi  kana naon-naon pamentana, kuring teu bisa mungpang. Budak dua digolerkeun lalaunan. 
“Alah, Eneng, punten we ieu kampuhna mung aya nu kieu!” awewe, sigana mah nu purah ngaladenan tamu, ngasongkeun simbut ka pamajikan.
“Wios. Hareudangeun keneh, panginten!” pamajikan ngarungkupkeun simbut padu kana suku barudak.
“Alah…muhun mani hareudang kieu! Punten, manawi jandelana tiasa dibuka sakedik.” aya nu nyelengkeun tukangeun. Direret, nu bayuhyuh keur ngipasan budak dina aisanna ku tungtung samping.
“Nu mawi, ieu teh sesah dibukana. Tos lami tara dibuka. Selotna pageuh!” nu ngasongkeun simbut cengkatna mah cengkat siga rek muka jandela, tapi terus pokna teh, “Ah, sakedap deui ge tiris.” Cenah bari terus ngoloyong ka tukang.
Isuk-isukna, samemeh miang, sanajan masih meneko ngaladenan nu tatamba, si aki nyelang heula nganteur nepi ka lawang panto.
“Jagi murangkalih!”
“Saena iraha abdi kedah nepangan deui?” paroman jeung lentong pamajikan sigana ngan ukur lalambe nanya kitu teh.
“Teu salawasna kedah ngaduakalian atanapi ngatilukalian. Nanging teu aya lepatna upami palay ka dieu deui mah.”
Ngan sakitu kedalan pamungkas harita. Tacan purun pikeun nyawang leuwih jauh deui pihartieunana, nu nyampak na pikiran ngan ngawangwang hayang gancang anjog di imah. Teu paduli tina naon-naon nu geus ditanyakeun mah. Lamun kudu disebut kuciwa mah, memang kuciwa. Sajauh-jauh ngan ukur kitu. Budak nu ditambakeun teu dicabak-cabak acan. Nyaho kitu mah karipuh-ripuh kudu mamawa budak.
Nepi ka imah, bapa nu keur ngabaheuhay teu dipalire. Kuring terus nangunjar lambar. Asa hayang  ngabalang-balangkeun kekecapan nu kadenge: pageuh, pageuh pisan. Aya nu kokolebatan mawa deui kuring ka tempat nu kamari dijugjug. Masih bisa ditarekahan. Kari kolotna keyeng ngudar rante-rantena. Jandela di eta imah plung-plong maruka. Pageuh. Pageuh pisan. Carecet keur naon? Jajan atuh. Punten kampuhna mung aya nu kieu! Pa, moal karuateun!
Kuring ngorejat. Bincurang katincak ku si bungsu nu lumpat muru kana lahunan akina. Manehna digalentoran. Lila ti lila budak sare na lahunan akina bari terus dihariringan.
Beda jeung lanceukna, si bungsu mah tara ieu ngarasa karagok. Lanceukna mah kudu bae ngadagoan isarah atawa idin ti indungna lamun aya kaperluan ka akina.
“Teteh mah wios ngabantuan mamah bae. Hawatos ulah ngarewong Aki. Pan nuju teu damang.” Lain ngan sakali pamajikan ngupahan si cikal nu rambisak teh. Kungsi harita dicarekan ku akina. Cepuk bako dipake pamaledog basa aya hayam ka lawang panto hareup. Atuh eusina  bacacar. Si cikal gancang mulungan  nu bacacar. Geus ngentep deui terus diasongkeun ka akina.
“Naha make dipulungan deui. Antep sina dihakanan ku hayam atah adol teh. Sugan nepi ka kojor!” Di kitukeun teh si cikal murungkut. Tapi kakara ge rek ngejat, leungeun katuhuna ditongtak, terus digeugeuweung. “Pipilueun wae siah! Dana…. bawa yeuh budak maneh!”
Nu cikeneh ambek teh siga nu euweuh tapakna. Si bungsu nu katingal mimiti sieun gancang dipangku. Budak teterejelan, tapi cekelan akina beuki pageuh.
“Bageur, jeung nangis sagala. Mending urang ngala cakcak jeung aki,” cenah. Nu teterejelan, antukna mah  anteng merhatikeun cakcak nu keur marebutkeun reungit. Dirigdig akina nuturkeun ka lebah cakcak nu keur kakarayapan rek newak mangsana. Dirigdig deui ka lebah cakcak nu nyangkewok juru tembok. “Hayoh, tuh… geura parebut jeung batur sia….” Bapa katingal pakupis nyieuhkeun cakcak nu nyangkewok sangkan guyub jeung baturna marebutkeun reungit. Si bungsu  ceuceuleukeuteukan. Budak ngahaja diajol-ajolkeun terus diponggo. “Tah, sok tewak cakcakna!” cenah. Budak nerejel sieuneun.
“Pa…..!” sora pamajikan ngabuyarkeun lamunan. “Ngalih ka kamar.” Cenah bari nuyun nu cikal nu geus disibeungeutan ka kamar. Imah comrek, kaanjangan lungse ku nu geus tatamba.
Dua poe ti harita, anak teh garering. Tayohna cape teuing bati indit jauh. Duanana salasar.  Harita kabeneran pamajikan rek nepungan indungna di Rancajigang. Cenah mah teu bisa cengkat-cengkat acan alatan tiseureuleu di kamar cai.
“Kang, abdi nyelang heula ka Ema. Si Ade jeung Si Teteh geus teu pati pihariwangeun teuing. Rada rerep ayeuna mah.” Pamajikan nyabak tarang barudak. Simbut nu ngagojod na tunjangeun dibebener, dirungkupkeun nepi semet dada barudak. “Mamah sakedap ka Enin heula, nya!”
“Uihna meser cocooan…” sora si bungsu haroshos. Manehna nguliat rek hudang tapi kuring nahan taktakna mere isarah sangkan ngagoler deui.
“Teteh palay naon? Jeruk?”
Nu cikal gideug. Neuteup jauh ka luareun lalangit. Kuring ngisarahan sangkan pamajikan gancang indit. Manehna ngolesed meneran aya sora bel ti hareup. Kuring ngojengkang ka deukeut panto kamar. Nu ngebel katingal ngan nangtung di lawang panto. Teuing naon kapentinganana, sorana gegerendengan. Pamajikan unggeuk ka nu ngajanteng terus lalaunan nutupkeun panto.
Manehna katembong gura-giru ngarawelan nu perelu dibawa. “Kade Bapa bisi teu kapalire. Tadi teu kersaeun tuang. Tos talatah da ka si Witri ulah lila teuing di heleran”. Leos manehna indit.
“Saha nu bieu teh?”
“Biasa nu pesen batik. Dulurna Mang Karja.”
“Nu ti hilir? Lain  mangkukna geus ka dieu?
“Enya. Nu bieu mah jurunganana. Nambahan pesenanana.”
Kuring teu terus mariksa kaburu pamajikan geus tuluy ka luar. Rada ngajorowok,  “Sakalian  ka wetan…   Tati sina ka dieu?” ceuk kuring. Pamajikan tonggoy leumpang.
Rasa asa ngolembar. Ingetan teu mampuh ngudag nu museur na hate. Hese beleke pikeun ngarawel kayakinan nu gembleng tina puhu cukang lantaran tug nepi ka kiwari. Aya sanghareupeun barudak. Tapi naha enya kudu tumiba. Geus beak dengkak mapay laratan tina kajadian nu saenyana. Nu aya ngan kahanjelu.
“Naha make jeung perlu bukti. Apan geus kabuktian ku bapa di dinya. Yeuh, Jang Dana… Ibi mah bodo-bodo ge moal bisa katipu. Teu asup akal, lain ahli warisna ari heg tanah kapimilik ku batur. Ragrag ka batur. Leuheung basa lamun puguh meulina, atawa puguh surat wasiatna, da ieu mah….” Sorana teu kebat. Nu aya mah pada-pada ngagetget.
Itu ieu ditanya nu dijawab ngan cukup nyebutkeun sadayana ge geus pada uninga. Ari uwa pribadi? Geuning kateranganana loba pasalia jeung nu ditepikeun ku maranehna. Angger diri kudu ngajajagan dina karempan.



V
Karasa kahirupan kuring satutas ngalaman kahirupan anyar harita beuki matak baluweng bae. Weleh matak lalewang. Teu rek kitu kumaha, lamun kiwari kuring dianggap geus cageur atawa meh cageur tina kasakit lain hartina kudu saendeng-endeng diri aya dina kaayaan waluya. Teu ngajamin. Da geuning  panasiban  kudu kabeungkeut pageuh ku sumpah tujuh turunan; tacan bisa loncer ngomberan pikeun leupas, teu bisa ngejatkeun  tina jiretanana. Sarua jeung panasiban bapa nu kasakitna dibawa nepi ka hanteuna.
Naha enya kuring bisa leupas tina jiretan. Moal boa, bakal datang deui. Bawaeun paeh kitu? Atawa nu dipikahariwang teh ngahaja ngaheureuyan sangkan kuring terus ngajajagang di antara dua kahirupan. Atawa… moal boa, nu saenyana mah bakal keuna ka adi pribadi. Ah….
Hayang kuat pisan mancegkeun diri yen kuring geus mampuh ngabedega di dunya nu sakuduna. Lebar temen kudu nyiksa barudak ku kaayaan kuring. Dalah kuring pribadi weleh asa diuudag rasa, teu beda jeung nu kaalaman ku bapa nu remen kanceuh kasakitna.
Harita umur kuring geus kaitung  cukup bisa ngahartikeun yen bapa aya dina kaayaan nu piwatireun. Dalah enya sakapeung selang-seling, tapi ngabalukarkeun kuring ngan satengahna bisa mikeun ieu hate. Sesana ngan ukur ngagugulung rasa kasieun jeung era. Paneuteupna harita siga nu kacida nyerina. Lain pedah aya nu tatu na lebah ramo atawa suku, tapi leuwih ti eta. Aya nu ngagerihan atina.
Upama dilenyepan,  dalah  kuring pribadi, sabenerna maranehna geus kudu kacida surtina alatan pangalaman nu ditembrak-tembrakkeun tina rupaning kajadian nu kaalaman ku bapa jeung kuring. Sakapeung diri era kacida, pangpangna ka nu jadi anak. Nyaah teuing barudak. Aki jeung bapana geus kacoceng harga jeung jati dirina pikeun ngalumangsungkeun pancen hirup dina rumah tanggana. Pisakumahaeun erana barudak lamun geus manjing kan naon nu disebut era basa kuring kungsi meh bareng “jadina” jeung bapa. Harita barudak keur aranteng ulin di buruan. Pamajikan jeung si Witri keur alaniprek di tengah imah ngentepan samping pesenan langganan. Ku hayang harita teh ngadeukeutan bapa. Kasampak keur melenyun kana udud.
“Kadieu!” cenah. Kuring gancang nyampeurkeun. “Naha lain pedah salah titingalian bapa wae kitu. Ieu baju teh asa tibalik!” Bapa ret deui ret deui ka lebah kelek jeung keliman lebah tuntung leungeun bajuna. “Aeh, heueuh… tibalik.” Cenah dituluykeun ku ngehkey. Kuring ngilu seuri ngan ukur hayang nyugemakeun dirina sangkan euweuh sangkaan kuring teu merhatikeun bapa. Gancang kuring ngadeukeutan terus ngalaan bajuna. Rap dipakekeun deui. Bapa kuraweud terus ngehkey deui.
“Lah… sugan teh bapa wungkul,” cenah bari nepak rada tarik kana puhu leungeun, “maneh oge, Dana..” bapa ngalenggak ngabarakatak. “Eta udud maneh tibalik. Yey sarua geuning!” Panon dipaksakeun nujul ka lebah roko nu napel na sungut. Udud gancang dibebeskeun kana asbak. Aya nu ngeletekan hate. Lebar lamun kudu ditahan-tahan. Ngan sajorelat aya rasa nu ngebrehkeun yen nu disinghareupan teh pantaran kuring. Antukna kuring oge ngehkey. Teuing asa ku pikaseurieun kajadian harita. Ngan hanjakalna kasugemaan teh dipungkas ku nu ngadeheman ti tengah imah.
“Kang, Bapa bilih palayeun leleson!” cukup sakitu pamajikan ngagentraan. Bari kuram-kireum oge kuring gancang muru tengah imah  api-api milu ngentepan samping. Sigana mah kareret ku bapa basa kuring rek ngojengkang ngangkut samping nu geus dipak ka kamar tukang.
“Dana, kadieu geuwat… ilikan …aya cakcak keur gancetan. Geuwat …ilikan!”
Nu di tengah imah semu nu era ngisarahan sangkan kuring teu ngaladenan bapa. Pamajikan nyelengkeun ti tengah imah…
“Kang Dana mah nuju ka pengker heula, Pa” Kareret pamajikan nyiwit pingping si Sawitri. Nu diciwit teu bisa kumaha ngan terus nonggongan.
Nu di kamar ngajorowok deui, “geuwat ilikan… tuh ayeuna mah silihudag. Ah… ah… si Dana mah, ceuk bapa ge gancang ka dieu. Tuh… euleuh…. Ragrag cakcakna ge. Witri, pangnyokotkeun sapu. Gancang!” Sora bapa kadengena beuki bedas bae. Tayohna aya kateupanujuna. Si Witri ngareret ka pamajikan. Geus diunggeukan ku pamajikan mah manehna ngojengkan ka dapur mawa sapu.
“Mangga, Juragan!”
“Geus ka dieu deui si Dana teh?
“Teu acan, Juragan… di pengker keneh. Teras ngunjalan kasur poeeun!” tembal si Witri sangeunahna.
“Lah, mangkeluk teh. Geus tunda we di dinya. Tuh geus ditumpakkan deui bikangna. Tadina mah rek dipake ngoer jaluna ngarah ngilu ragrag. Ngarah bisa gancetan  di handap.”
Si Witri geus aniprek deui gigireun pamajikan. Geus teu diwaro omongan bapa mah.
“Bu, kajamban heula, ah!”
Meh bareng, nu ti kamar geus ngajorowok deui…
“Witri, kadieu heula…!” Teu bisa kumaha, manehna ngolesed deui, nepungan bapa. Ngan semet ngelol wungkul.
“Aya naon deui, Juragan?”  
“Kadieu….!”
“Ti dieu bae. Pameng abdi bade ka jamban heula!”
“Eh, si orowodol teh. Kadieu heula….” Cenah bari semu nu maksa.
“ieu, Juragan!” si Witri hihidengan ngasongkeun sapu.
“Hih, saha nu nitah ngasongkeun sapu” sora bapa ti jero kadenge rada nyereng. Jempe sakeudeung, terus nu di kamar gegerendengan.
“Aw…!” kadenge si Witri ngajerit. sora nu di jero simpe sakedapan. Pamajikan  gancang muru kamar.
“Witri, lain rek ka cai?!!!”
Nu digentraan asa manggih panyalindungan. Gancang ka luar.
“Kang, tepangan heula Bapa!” Antukna pamajikan eleh deet.
Geus disalenggor-salenggorkeun mah obrolan teh ka lebah lulucuna barudak, pangpangna si bungsu nu keur arulin di tepas, rada leler jojorowokanana. Ngan paneuteupna angger ngulincer nunutur dua sato nu keur ngulinkeun birahina.
“Atos, Pa… leleson heula!”
“Lah, ari maneh Dana, sok ngatur ka kolot teh. Lain ieuh… si Witri bebeja naon bieu?” cenah siga hayang nyambungkeun deui obrolan.
“wawartos kumaha?”
“Enya, basa bieu ngajorowok di kamar pedah ku bapa dibetot leungeunna”
“Teu nyarios nanaon. Atos ah, Pa.”
“Atos, atos kumaha…. da can hayang sare! Lain ieuh, bieu teh si Witri ku bapa ditawaran, daek heunteu siga cakcak. Lamun daek engke ku bapa ditumpakkan. Tapi hanjakal…,” cenah. Paneuteupna mapay-mapay tembok kamar sakurilingeunana. “Dina daekkeunana ge, moal laluasa silihudag. Heureut teuing imah teh. Engke mah ka Uwa maneh, pangmenerkeun kamar bapa kituh,  ngarah jadi lega. Bobok we. Sambungkeun ka kamar hijina deui.” Cenah dipungkas ku ngehkey semu nu nikmat naker. Sieun ngadon kanceuh, kesel-kesel oge nu keur ngocoblak teh ditungguan. Angkenan teh ari geus capeeun mah moal burung repeh deui. Teuing rek ngabudalkeun nepi ka mana tina sual cakcak nu silihudag jeung nu keur gancetan.
Sora kadenge beuki teu pararuguh. Nu keur gancetan sorana beuki harus. Nu asup kana ceuli beuki loba. Beuki lila beuki ngaguruh. Lamun daekeun mah si Witri…. Ck….ck….ck….Jalu tewak….ck….ck….Sapu….. ck…ck…ck…ck. Udag tuh nu dijuru…ck…ck….ckckckckckckckckckkck………….
Rarasaan, kajadian harita nu ngomberan diri ngajanggelek jadi jalma nu pangleahna nampa pangangson hate. Geus teu katadah, karasa aya nu nyangkeh kuring sangkan ajeg ngabedega. Rarasaan sapu rabeng ngulincer diri siga nu ngahaja ngadagoan ditewak. Tembok kamar mimiti ngarised. Teuing rasa naon nu nyangkaruk. Sapu dibabukkeun ka cakcak nu keur gancetan. Teuing nepi sabaraha kali. Tembok kamar geus lain ngised deui, tapi karasana muter siga nu nangtang sangkan kuring leuwih bisa mernahkeun paneunggeul ka sasaran nu cing balecir, ngejat tina paneunggeul. Teuing sabaraha lilana. Kuring kakara sadar geus dirurubung. Bapa direrejeng. Sorana handaruan…
“Sia mah goblog…… Dana…. Lamun kitu mah sia teh rek maehan aing!” nu katembong ngan  urat nu ngageleng dina tarangna.
Bapa dibawa ka luar. Kuring ngaheruk. Karasa aya nu gancang teuing nyusup kana lelembutan. Taya pangawasa pikeun mungpang nu  geus kagok caliweura na hate. Hambalan rasa teuing kumaha ngentepanana.
Katingal si Witri keur ngusey nyeumpal cakcak nu geus mejrel. Si bungsu molohok ningali kuring nu can ngejat tina rubungan. Manehna nyalingker nepi kana lahunan.
“Pa, naha bet dipaehan?” cenah asa-asa bari panonna mah teu leupas melong ka beungeut kuring.
Kuring teu bisa ngajawab nanaon. Aya nu silihsered keneh dina hate; silihudag. Nu hiji hayang ngabalakakeun yen peta teh lain aya dina kadali sajatining kuring. Nu hiji deui ngangsonan sangkan kuring teu galideur. Kitu peta teh memang geus sakuduna. Teu loba nu bisa ngungkulan masalah nu teu pikahartieun ku jalan nu teu pikahartieun deui. Tapi nu mimiti nodel hate, nyebutkeun yen kuring teh kalepasan. Enya meureun. Saha atuh nu kuat mernah-mernahkeun paroman jeung hate lamun kudu salalawasna nu pikarempaneun teh narampeu di imah. Teuing kumaha pinasibeun barudak nu digedekeun dina lingkungan siga kieu. Duh…!
“Jalu…. Ka dieu atuh ka aki. Teu sono kitu ka aki” cenah ngahiap-hiap. Tapi awakna angger ngabaheuhay dina korsi goyang, siga nu lalungse. Ingetan kuring nu aya ngan ka lebah peuting kamarina saacan kajadian bapa ngamuk gara-gara soal cakcak. Ngamuk di kamar bari sagala diawut-awut. Pamajikan bari ramisak ngarinduk barudak tuluy di bawa ka kamar Sawitri.
Bapa harita katingal pakupis siga nu keur nyieuh-nyieuhkeun hayam. Pamajikan surti maca galagat. Barudak gancang di bawa ka kamar tukang.
“Teteh jeung Ade cicing di dieu sareng Bibi,” cenah bari ngisarahan Sawitri sangkan gancang ngasupkeun si cikal jeung si bungsu. Si bungsu jeung lanceukna katingalna maling-maling hayang ningali polah akina. Najan kajadian nu siga kieu teh geus sababarapa kali kasaksian, tapi ieu mah karasa leuwih rongkah. Bapa direjengan ku Bah Kanta, jalma nu dipikolot di lembur. Tanaga bapa katingal kacida bedasna.
“Cing atuh, nu lainna geroan,… Ieu abah teu kuat!” ceuk Bah Kanta siga nu geus beakkeun tarekah pikeun meruhkeun nu keur ngamuk.   Sakapeung leler tapi tuluy buringas deui.
“Sia rek naon ka dieu? Pipilueun kana urusan batur. Nyingkah….kabeh… Nyingkah, Sia nyingkaaaaaaaaaah! Aing mah tara pipilueun kana urusan batur. Nyingkah”
“Jang Istigfar, Jang!”
Pangrejeng teu matak mampuh ngabendung tanagana nu ngagugudag; panggeuing teu matak neurak ngalempeskeun amarahna. Sakur nu aya di sabudeureunana siga nu hayang diburak-barik. Si Witri katingal mani ngayakyak. Segruk ceurik. Nini-nini nu ti dapur ngarinduk nu keur ceurik; dituyun ngajauhan kamar. Si bungsu ngan lieuk deui lieuk deui ka akina.
Teu kakawa ku hayang ngeureunkeun sakur nu keur karandapan. Kuring gancang muru bapa. Hayang ngalelempeng kumaha tarekahna sangkan nu keur ngamuk leler. Teu kaduga. Pamajikan nu keur ramisak ngagentraan si Witri.
“Bawa budak ka kamar…!” sanajan sorana pegat-pegat tapi tandes aya parentah sangkan barudak kudu nyingkah. Atuh, nu keur ngayakyak teh tipaparetot mawa barudak. Kaharti,  cukup pangbeubeurat teh katarima ku kuring jeung pamajikan, teu kudu jang sasaha deui. Sareretan katembong si Uwa kakara hol terus muru nu masih keneh jojorowokan.  Asa manggih jalan, nu leutik lumpat muru, nyekel leungeun katuhuna.
“Atos….cape….. karunya ku barudak” sora si Uwa leuleuy. Sawareh nu aya di kamar kalaluar. Kuring muru deui ka kamar. Nu keur ngamuk kasampak geus bubulucun.
Pukul satengah hiji tatangga nu ngumpul di imah mimiti ngurangan. Bapa ngamukna geus leler.  Nu aya tinggal humarurungna. Siga aya nu dipidangdam. Kuring  gancang nyimbutkeun sarung kana awak nu bulucun. Nu di imah geus mimiti wani deui ngadareukeutan. Katembong, si bungsu  nyumput  dina tonggong indungna. Sigana indungna geus teu malire perluna sare atawa henteuna barudak. Harita aya nu leuwih penting ti diri bapa pikeun ditalingakeun.
Bapa ngagukguk siga nu kanyenyerian. Sakapeung siga aya nu diteangan. Sakur juru rohangan diteuteup. Luk tungkul terus nyuuh. Semu nu nyeri-nyeri teuing.
“Duh… tobat, ampun…ampun….” Bapa lalaunan muru dipan. Dampal leungeunna nutupan harigu. Sorana beuki ngalaunan. Lila ti lila mah bapa geus morongkol bari nanangkeup dampal leungeun kencana. Awak nu dipurungkutkeun meh ngadekkeun tuur kana gadona. Nu mimiti leumpeuh keur muru lalakonna di alam pangimpian, ngajugjug mustikaning atina nu nu geus miang salalawasna.
Lamun aya jenatna mah, moal burung kajadian harita teh karasa pisan pikaketireunana. Indung nu salalawasna teu galideur nyanghareupan rupaning bangbaluh, sok sanajan ari cimata mah tetep tara bisa disumputkeun.  Beurang peuting nu keur midangdam salawasna ditalingakeun. Renghap jeung nu ngalembereh mapay pipi indung geus jauh ti beh ditu mula ngawakcakeun kaheman nu taya papadana. Aya nu ngantelkeun kaheman di antara duaan, taya lian ti rokahana nanjeurkeun parepokan dina usiking hirup rumah tanggana.



 VI
Ngan kari sahambalan deui nu meureun baris kasorang dina tungtung hirup. Barudak nu kiwari keur meumeujeuhna mancegkeun jati dirina, teu eureun-ereun diupahan. Tandon sagala sumpah, ditandeskeun sababaraha kali ka maranehna, geus dibayar keur sarerea ku kuring. Geus euweuh deui carita hirup nu dikukuntit kasieun jeung hariwang.
Si bungsu nuturkeun lanceukna. Nu cikal dibawa ku salakina ka tempat nu kacida jauhna. Kari kuring jeung pamajikan nu nyicingan imah anyar di Cisurupan, pernahna di suku gunung. Ngahaja nyingkurkeun maneh dadaku hayang niiskeun pikir. Sanajan enya diolo ku pamajikan, tapi kuring teu ngarasa kaolo. Da ieu mah kahayang sorangan. Geus waktuna kuring kudu tengtrem ngambah kahirupan rumah tangga. Maenya, ari tangtungan awewe, nyatana adi pribadi, mampuh nanjeurkeun rumah tanggana. Beuki dieu  beuki tohaga bae. Rajakayana beuki ngalobaan siga nu geus lain wadaheun boboko deui. Sanajan tug nepi ka kiwari tacan diparengkeun boga anak. Ngukut budak ti dulur salakina, ngan kuat bubulanan. Euweuh saurang ge nu teu rungsing jeung ririwit. Antukna, sok sanajan beurat-beurat oge, dipalasrakeun deui ka kolot-kolotna. Tapi pikeun maranehna kahirupan ayeuna geus leuwih ti nu disebut cukup.
Ketang, lebah kacukup mah… rarasaan  ayeuna geus kahontal ku kuring. Hirup teh geus ngahenang-ngahening. Carita baheula remen ngahaja dipangpengkeun kana pacabakan anyar, ngurus kebon jeung ingon-ingon. Tapi teu bisa dipungpang ari rupaning harewos hate mah kalan-kalan ngajak ngudar deui carita baheula, daratang deui. Laah, nyaringkah ka dituh!
Geus bedas ayeuna mah kuring teh. Teu mangmang deui lamun sakur nu rek nyiruruk na hate, gancang kuring ngabedega bari nangtang sangkan aduhareupan jeung kuring. Rek nepi ka alak paul ge moal burung diudag. Lebar temenan ku pamajikan jeung anak lamun kuring kudu angger wae mah. Da geuning kabela  pamajikan geus sidik buktina, ngan keur kuring hirupna.
Ehm hampura, Akang. Remen ngagunta-ganti rasa ka di dinya. Sakapeung nu ngalimpudan rasa teh  ukur neundeun harga ka di dinya  ngan semet nyumponan kanikmat dina pangsarean nu jadi mega. Hampura, Akang… hampura. Sakapeung ngerong hate di dinya, geus nepi ka mana jeung kumaha tunggul nu ngaganti diri kuring teh. Remen diri ngarasa dianggap tunggul. Geuning …
Kuduna mah Akang diajar bedas teh ti dinya. Ceda nu baheula geus punah keur di dinya mah, sanajan  ngan ukur dibayar ku cimata tug nepi ka kiwari. Geus punah keur di dinya mah.
Enya, cimata nu ngagarendang nu nyeuceuhan ieu hate teh. Ku kituna, kuring asa beuki hayang leuwih katingali bedas. Enya, kuring geus bedas. Tangtu reueus dibarung ku beuki nyaah ayeuna mah  di dinya ka kuring teh. Buktina cimata di dinya terus marengan  laku kuring pikeun  nyingkah-nyingkahkeun carita baheula. Tapi hanjakalna teh tara balaka siga baheula. Padahal kuring teh ayeuna mah geus bisa deui dikumahaan. Ayeuna mah lain kuring nu kungsi kacoceng siga harita. Prak geura balaka. Naha sono ka barudak? Ah, piraku da aya Akang.
Sakapeung nu keur ngalimba diupahan, ditanya naon kahayangna. Tapi weleh ngabetem.
Geura cacapkeun cimata panungtung atuh, da ayeuna mah urang geus teu kudu nyangsaya nu cukang kahariwang.

***
Peuting ieu, teuing ku tingtrim. Sanajan awak karasa riksek bati beurang ngababad nu barala. Buruhna ayeuna. Hayang dadapangan, hayang ngabebengkang, hayang lalanggiran, hayang rineh di tepas dina kaayaan geus suni. Geus waktuna hirup kudu nyalse. Naon deui nu kudu dipikiran. Mun tea mah aya keneh, nu pasti kudu muru lebah undakna katingtrim diri. 
Pamajikan geus surti kana paniatan kuring. Sareupna, Kuring geus disalinan ku baju piyama kelir kulawu. Teuing pohoeun, ngasongkeunana mah nu bulao sausap. Tapi kuring gideug. Eta mah samblehna geus pinuh ku cai meuting.
Kuring nyangsaya. Lalaunan buuk disisiran ku pamajikan. Buuk nu meulit na sisir lalaunan dipautan hiji-hiji. Manehna nyanda dina tihang tepas. Sakapeung paneuteupna nu dipaksakeun meuraykeun mega, geus teu mampuh nuyun implengan. Geus dipautan ku cimata nu taya pungkasna kana carita baheula.
Luk deui tungkul. Sigana mah mega nu ngadingding geus katohyan moal wasa nembongkeun nu nyengcelak tingkaretip. Henteu, bageur. Nu nyengcelak na heherang soca nu utama mah.
Aya ku tingtrim ieu hate. Sirah geus aya na lahunanana. Anteng pateuteup-teuteup. Nu rek ngeclak kana beunget gancang diusap. Taya sora deui. Lalaunan nu ngalahun gunta ganti. Hanjakal ngan sakolepat sakolepat. Siga nu surti kana cimata, maranehna ngajarugjug mega. Malah aya nu siga rek balaka, ngahiap ti kajauhan.
 Aya nu rek ditepungkeun antara katringtrim diri  jeung  nu baris dipitembeyan. Susuganan datang deui carita anyar. Sugan bisa ngiberan heula ka sadirieun kuring, ngarah lumakuna diri geus tangtu na tatapakan sorangeun.
Kokolebatan katembong aki nu keur ngusey papuket rek ngudar heurap nu meulit awakna. Rek ditulungan tapi da kakalincesan. Digero teu ngawaro. Karunya teuing. Pilakadar heurap. Eta deuih indung, naha atuh  ngan ukur cumalimba. Deudeuh teuing. Cape teuing ngurus aki jeung bapa. Tuh da enya, teu wasa ngalengkah-lengkah acan. Tapi, naha bet tuluy kokoreh sagala. Neangan naon? Atuh kari balaka ka Bapa. Kitu kieu oge tangtungan lalaki; dikumahaan mah maenya rek teu bumela. Ari bapa deuih,  keur naon cinutrung siga aya nu didagoan. Si pelung mah geus disingkurkeun jeung si Witri. Tong sieun. Moal cuih maranehanana mah. Keun soal cakcak mah, urang ngahaja kukut geura. Sugan ngalobaan. Anggur geura udar heurap si aki. Geura upahan  tuh indung nu keur cumalimba. Da sidik kuring mah ngan kongang nyerangkeun tikajauhan.
Sidik nu kakalincesan teh beuki dieu beuki ebreh sok sanajan angger jauhna mah. Asa ku hayang gancang ngajugjug maranehna. Geus lawas hayang namplokkeun kasono. Piraku tangka teu mere pangbagea mah. Ah, tapi asa sono keneh di ieu tepas. Sugan kuat nepi ka subuhna, sanajan ngan ukur paheneng-heneng. Palataran nu anyar dibukbak geus nganti pikeun digarap. Enya, sugan engke pasusubuh, rek ngahajakeun jeung pamajikan mitembeyan deui.
Tapi geuning nu kakalincesan teh beuki remen nembongan. Angin tingtrim geus nyaliara kana hate sagemblengna. Enya, tingtrim. Nu dipikasono geus narembongan deui. Aya nu nguyab-nguyab deui eusining hate siga nu nyacapkeun kasono. Aya nu ngaharewos deui yen kuring teh  teu kudu mikiran itu ieu deui. Hirup teh  geus merdika. Nu kawasa nangtukeun itu ieu ngan kuring wungkul, cenah. Nu ngaharewos na hate kaganti ku sora nu ngocrang ditampokeun kana ceuli: “Pageuh pisan”. Beungeut nu ngubaran barudak harita nembongan deui. Lalaunan ngiles.
 Lapat-lapat katingal aki disangkeh ku bapa, ti tukang indung nuturkeun.
“Lamun rek milu, geuwat ka dieu. Aya jugjugeun urang. Urang udaran rante nu baris nalimbeng seler urang jaga!” sora aki halon naker.
Teu bisa kumaha, sok sanajan beurat oge ka nu can bisa mungkas cimatana, kuring nguniang. Nu narembongan geus deukeut ngariung. Kuring lalaunan disangkeh ku bapa, nincak kana mangrewu hambalan kapas. Taya deui nu karasa. Katemboh ti kajauhan pamajikan nangkeup pageuh raga katresnana.  Kuring terus leumpang, nyorang cahya nu hibar beh jauhna. Kuring meh cunduk na carita anyar.    


**tamat**



 




















           
           
           

           

Tidak ada komentar:

Posting Komentar