SABENGBATAN

"sabengbatan", duduk manis dan simak dengan hati. semoga ditemukan ruang-ruang indahnya....

Jumat, 24 Desember 2010

IMPIAN SI KABAYAN


esey budaya
ku: A.Y. Hudayat

 
Basa ngaping adi-adi KKL ka Pandeglang Kecamatan Mandalawangi, bulan Januari 2005, aya nu kumejot hayang geura-geura nepi; rek uplek jeung masyarakat di dinya bari ngalalanyahan mupu data; susuganan mundel data ngeunaan dogeng si Kabayan. Wal hasil, waktu nu samporet teh teu mere lolongkrang kuring jeung adi-adi sangkan lungkra jauh muru pamaksudan. Aya eta ge beja, yen di desa Ciramea jeung Cikumbueun malah cenah aya kuburanana sagala.
            Teu rek hanjelu kumaha,  sabab tanaga pikeun neangan eta data geus dipernah-pernahkeun ti anggalna. Bangsa deungeun nu gemet tur daria ngotektak, nguyab, nguar, nalungtik, pangpangna Snoukck Hurgronje, ti mimiti 1893 geus rikat ngumpul-ngumpulkeun carita-carita lulucon Sunda. Daerah pupuanna nyaeta Banten, Cirebon, jeung daerah Priangan. Sabagian eta data teh, pangpangna ti Pandeglang Banten, digunakeun ku Lina Maria Coster-Wijsman dina disertasina: “Uilspeigel Verhalen in Indonesie: In het Beizonder in de Soendalanden” (Carita Lulucon  di Indonesia: Hususna di Tatar Sunda)  nu dipertahankeun dina sidangna tanggal 7 Juni 1929 di Rijks-universiteit Leiden di bidang sastra jeung fisafat.
            Ku haget naker ilmuwan Walanda harita ngumpulkeun jeung nalungtik  ngeunaan masarakat Sunda ngaliwatan eta carita. Cenah ceuk Hurgronje nu dicutat ku Coster-Wijsman netelakeun: Di tatar Sunda dina kondisi nu sarwa kawatesan, kolektifna leuwih seukeut nembrakkeun rasa humorna.
            Coster ku anjeun dina disertasina siga nu rek nembrakkeun, yen tipikal karakter urang Sunda moal jauh teuing jeung sipat-sipat si Kabayan. Najan guaranana ditujulkeun kana lebah gaya basana atawa kajadian-kajadian nu dianggapna unik ceuk ukuran bangsa Eropa.
Kapanasaran kuring  teh lain nujul kana jumlah dongeng si Kabayan nu dikumpulkeun ku Hurgronje jeung sumangetna  Maria Coster-Wijsman nalungtik dongeng-dongeng lulucon Sunda, tapi rasa panasaran kuring, kira-kira dina jarak saratus sapuluh taun ti harita, carita naon wae nu masih keneh masket keur masarakat Sunda dina kahirupan kiwari.
            Tacan kapaluruh nanaon-naon nu dipiharep. Ngan sabengbatan, harita teh pikiran ngomberan sangkan kuring matalikeun jeung hirup kumbuh padumukna ayeuna. Moal boa, dongeng si Kabayan geus teu nyesa deui di unggal tempat atawa ngan mampuh nyamuni dina kasang obahna paradaban jaman. Si Kabayan terus nyamuni, malah moal boa geus dicuculkeun tina hirup kumbuh urang Sunda pedah sieun terus katuding yen urang Sunda teh siga Kabayan. 
Naha enya geus gembleng dicuculkeun? Atawa kalan-kalan si Kabayan dihiap deui pikeun jadi panglumpatan nu bisa ngabangbalerkeun kahanjelu tina rupaning kasarwawatesan jeung panyengker hidup?
Horeng, kungsi si Kabayan “didangdanan” terus dipintonkeun ngaliwatan pilem jeung sinetron nu tangtu dilalajoan ku rahayat Indonesia. Lucuna jeung otelna ditembrakkeun; teu unina dirautan sangkan tembong yen gelarna ti pakumbuhan nu ngutamakeun tata-titi; daya joangna dikandelan. Ebreh weh Kabayan nu mibanda citra  “hade” keur ukuran nu ngutamakeun tata-titi, etos kerja, jrrd. nu tembong ngaliwatan interpretasi para sineasna.
            Aya sawatara dongeng si Kabayan nu ngebrehkeun (najan angger aya nu nyamuni) dina hal ngimpleng sorangeun jaga, horeng dirina teh lain ngan ukur hudang pedah ngadagoan tunduh deui, tapi dirina masketkeun implengan ku cara ngaguar impianana; kabengbat hayang jadi menak. Ieu dongeng (sample panalungtikan Maria Coster-Wijsman, no sample 23; 1929: 85) nembrakkeun implengan si Kabayan najan ngan ukur semet impian.

 Jaman baheula aya hiji jalma ngaranna Si Kabayan, ngomong ka kiyaina:
“Kiyai, tadi peuting kula ngimpi mandi di cai gede tapi di hilirna. Eta bakal naon Kiyai?”
Cek kiyaina, “Eta mah bakal jadi jaksa.”
“Bohong kading, rada girang.”
“Eta mah bakal jadi wadana.”
“Rada girang Kiyai.”
“Unjuk eta mah bakal jadi patih.”
“ Ka beh girang sakali.”
“Eta mah bakal jadi Regent.”
“Ka beh girang sakali.”
“Atuh Kabayan, ari girang-girang teuing mah matak dipajuh maung!”
“Ih bohong kading Kiyai... di dinya bae, di lebah Regent.”

            Eta dongeng di luhur teh meureun  bae kungsi dipikawanoh ku balarea, kapibanda, atawa jadi bagian  pangbangbaler tina sarwaning kamampuh nu kawatesanan atawa panyengker hirup nu tumiba ka masarakatna mangsa harita.  Bisa jadi keur kiwari mah eta dongeng teh ngan ukur disidem bae; dalah dina ditembrakkeunana oge, remen aya pangembohna: alesan yen eta mah ngan ukur dongeng, taya patalina jeung kapribadian urang Sunda.  Naha? Moal boa aya kasieun ti seler Sunda nu keukeuh inggis disamarutkeun jeung si Kabayan nu dianggap mahiwal. Najan kitu, meureun bae aya nu masih ngusey nyeungceum pepetetan pribadi si Kabayan, najan ngan sadirieun atawa tembrakkeuneun ngan keur nu surti: lucuna, spontanna, jeung cawokahna, akal-akalanana, jeung pasipatan lianna.
Najan si Kabayan ngudag harepan jadi “menak” teh ngan bedas ukur dina impian dibarung kapaur direweg “maung”, atuh dulur-dulur si Kabayan jeung rerehanana ayeuna mah geura bral bae muru girang, tong ieuh galideur satungtung yakin yen diri masih jejem; teu ngaganggu, teu miceun jeung  teu nepakeun geugeuleuh ka hilir.  Bral geura pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian dina ketak kompetitip nu sehat tur mernah !
****

2 komentar:

  1. abdi oge sok dipangdongengkeun kapungkur ku sepuh saacan nganjang ka alam impian teh.
    salah sawios dongeng favorit teh si kabayan, ngan versinna nu ringan: samodel si kabayan ngala tutut, si kabayan ngala nangka, si kabayan jadi suung, si kabayan macul, sareng sajabina.
    carita sareng humorna seger, sederhana sareng rada keuna kana karakter urang Sunda.
    da numutkeun guru SMP abdi kapungkur mah, dongeng si kabayan teh mangrupa kanyataan masarakat sunda, nu dilarapkeun sareng dilakonan ku tokoh si kabayan.
    janten saur anjeunna deui, heureuy sareng lelucon si kabayan teh bener-bener kaalaman ku manusa sunda, ngan jalmi-jalmina benten-benten. si kabayan mangrupa citraan sareng simbol.
    kapungkurna mah aya tokoh kabayan nu asli nu bener-bener kabayan, bakat ku terkenalna, dugi ka mun aya jalmi ngalakukeun hiji lelucon, heureuy, jail, lucu teh di identikeun sareng kabayan.
    nu panungtungna mah kabayan janten ikon dina ngagambarkeun jalmi nu bodor, lucu, tukang heureuy, pangedulan sareng sajabina di sunda.
    saurna teh...

    BalasHapus
  2. urang cicil wae dongeng2 ngeunaan si kabayan di ieu blog. hasil mupu data nyukcruk ka pilemburan jeung pustaka teh, tina luang lulucon nu nyampak di si kabayan, susuganan mageuhan kadeudeuh keur balarea ka Sunda.

    BalasHapus