SABENGBATAN

"sabengbatan", duduk manis dan simak dengan hati. semoga ditemukan ruang-ruang indahnya....

Sabtu, 25 Desember 2010

GALINDENG KATIDERESA


kritik karya
ku: A.Y. Hudayat 


Katideresa lalakon nu nyerek uga carita

 
Geus teu bisa dipungpang ayana cara maca atawa nyurahan nu teu sajalantrahna dina maca jeung nyurahan sajak atawa wangun-wangun liana. Alesanana, tilu hubungan antara nu nyipta, nu maca, jeung  téks nu dibaca tétéla aya dina beungkeutan nu teu basajan. Najan, upamana, ngan museur kana hiji pasualan nu kacangking dina téks, lolongkrang-lolongkrang sajak tetep kudu dieusian ku nu macana.  Éta jadi pasualan dialéktis. Najan kitu, nu maca teu kudu pugag nyurahan karya pédah nu maca nganggap dirina teu nampa lolongkrang pikeun dirina aub samistina kana téks nu dibacana alatan tacan timu lolongkrang nu rék ditempatanana; atawa nu maca teu kudu kaangsonan rasa ngawasa kana téks  pédah éta téks nu disinghareupanana méré lolongrang nu kacida legana pikeun disungsi.
Hal nu kawilang geus dianggap lumrah saupama nu ngarang bedas dina paniatan yén karya nu diciptakeunana ngan ukur nyubadanan pangabutuh batiniah dirina pribadi bari teu miroséa yen karyana baris dibaca ku balaréa (bongan  geus kagok aya dina beungkeutan publikasi nepi ka nu ngarang yakin yén karyana baris di baca ku balaréa). Teks karya tungtungna mah ngan ukur dijadikeun sampalan rasa nu diidek ku nu ngarangna nepi ka teu miroséa yén aya pihak nu keur nganti panggupay pikeun ngilu aub dina éta sampalan. Pon kitu deui nu maca, kalan-kalan anteng dina implengan jeung lelembutanana bari lalaunan beuki ngajauhan téks nu keur disinghareupanana. Ku nu maca, téks karya tungtungna ngan ukur dijadikeun lawang pikeun ancrub kana galur rasa pribadi nu maca; tonggoy nyipta dunya pribadina bari teu dibarengan ku tarékah nyorang milampah galeuh-galeuh téks nu dibacana. Aya jalan pikeun mernah-mernahkeun éta kaayaan?
Najan teu jadi sarat kudu gumulungna harepan nu ngarang jeung harepan nu maca, harepan téks jeung harepan nu ngarangna, atawa harepan téks jeung harepan nu macana,  tangtu téks nu dikarang atawa nu dibaca mangrupa bagian nu rosa pikeun makuat-kaitkeun éta hubungan. Sajak nu mangrupa kedalan rasa nu ngarang tinangtu jadi hal utama pikeun nu maca nu kudu disubananan ku nu macana ku jalan mernah-mernahkeun pangaweruhna (pikir jeung rasa) dina ancrub kana téks nu dibacana. Harepan nu ngarang, harepan nu maca, pon kitu deui harepan téks bisa dibaca ku sababaraha cara. Pedaran di handap ieu ngajujut salahsahiji cara “maca” nu aya patalina jeung harepan téks nu dipakuatkaitkeun jeung prosés aubna nu maca dina nyurahan éta téks.  Cara “maca” nu dimaksud dipuseurkeun kana hiji pasualan, nyaéta rasa katideresa dina wangun éstétika.
Sajak Mapag Harepan karya Aulia (Cupumanik, nomer 83,  Juni 2010) cumpon mibanda puseur lolongkrang nu kudu dieusian ku nu macana. Lolongkrang-lolongkrang nu dibeungkeut ku kondisi “katideresa” moal cumpon dieusian kitu waé alatan puseur pasualan aya dina sawatara pilihan kecap nu mibanda ma’na nu lega nu bisa ditujulkeun kana hal-hal husus nu teu disampakkeun ku éta téks sajak. Puseur lolongkrang nu dimaksud nyaéta: katideresa lalakon nu nyerek uga carita. Maksud nu ngarang patali jeung kasangtukang kaayaan katideresana nyamuni dina éta baris sajak. Tangtu jadi hal nu lumrah pikeun nyamunikeun maksud nu biasa nyumput dina réngkol téks sajak mah. Hal nu nyamuni bisa kasubadanan ku nu macana? Bisa!
 Éta lolongkrang baris kasubadanan ku nu maca ku jalan matalikeun jeung ngajujut pasualan unggal pada dina éta sajak. Dina pada kahiji, alam (bulan, béntang, angin) dipapandékeun kana kaayaan diri nu  teu walakaya alatan “katuna”. Pada kadua, nujul kana kayaan sukma nu  narékahan kayaan sajeroeun jeung saluareun dirina. Pada katilu, diri sadar kana panasiban nu moal bisa dipungpang. Pada kaopat, harepan nu teu dikandelan pikeun mapag kahirupan anyar. Ngajujut éta opat pada, tangtu lalakon hirup nu ngabalukarkeun diri katideresa dina éta sajak mimiti bisa kakobét. Lalakon nu mana? Tangtu lalakon nu nyerek uga carita. Lebah dieu, implengan nu maca dituyun ku teks sangkan nepi kana hubungan nu raket antara lalakon jeung uga carita nu ngabalukarkeun diri katideresa. Nya lebah ieu pisan maksud uga carita bisa dipakaitkeun jeung pada: Teu bina ti nasib kalakay/Sanajan geus tipepereket muntang kana tungtung dahan pangharepan/Angger kudu peunggas dina waktuna.
Kecap Uga  mibanda ma’na: geus kuduna karandapan dina mangsana. Dina ieu sajak kecap uga digunakeun pikeun ngawatesan harepan. Najan kecap biheung dina /biheung sirungan deui/ teu ngaleungitkeun tapak lacak yen diri nu ngalaman katideresa masih mibanda harepan nyorang dunya anyar, tapi uga nu nyengkerna geus dianggap baris meunggaskeun  eta harepan.
Kecap lalakon jeung uga carita upama rek dijujut leuwih jauh perlu digumulungkeun jeung rupaning potensi nu nyampak dina éta sajak. Alum. muringis, ngalalana, nyumput, jumerit, neneda, muntang, moyan, imut, jeung nu liana, éta téh beungkeutan lalakon. Alam nu ngawakilan rasa, alam tempatna rasa, alam nu dipadungdengan jeung rasa, alam pacaruk jeung rasa, alam ngungkulan rasa, éta teh tempat maneuhna galurna lalakon. Uga carita nyata dina ieu sajak mageran kadar diri nu lumampah.
Sajak Mapag Harepan masih kawatesan dina  ngahiap nu maca pikeun aub leuwih jero ngajujut masalah nu karandapan ku diri dina éta sajak alatan lolongkrang ngeunaan lalakon, harepan, jeung uga carita kaitung lega; dianggap lega alatan taya wates-wates nu nyata diuger ku éta sajak; lolongkrang bisa dieusian ku rupaning harepan: duriat, iman, kakawasaan, kalungguhan, jrrd. Antukna, dina sawatara kondisi, nu maca baris barieukeun dina milih rupaning lalakon, harepan, jeung uga carita nu payus dieusikeun kana éta lolongkrang nu lega. Najan kitu, Sajak Mapag Harepan  geus mampuh nuyun nu maca sacara “visual” mapandékeun alam rasa kana alam  ragana. Imagi visual nu minuhan ieu sajak tangtu baris jadi tanaga nu hadé pikeun ngawadahan atawa nebrakkeun rasa nu gampang kadongkang ku nu macana alatan nu ngarang dalit mikawanoh hal-hal umum nu nyampak dina rasa urang Sunda nu remen makaitkeun rasa jeung alamna. Galindeng rasa nu katideresa dina ieu sajak tangtu aya hubunganana jeung gambaran umum manusa Sunda nu moal boa remen nyidem rasa nu rosa dina kahirupan nyatana.

Jumat, 24 Desember 2010

IMPIAN SI KABAYAN


esey budaya
ku: A.Y. Hudayat

 
Basa ngaping adi-adi KKL ka Pandeglang Kecamatan Mandalawangi, bulan Januari 2005, aya nu kumejot hayang geura-geura nepi; rek uplek jeung masyarakat di dinya bari ngalalanyahan mupu data; susuganan mundel data ngeunaan dogeng si Kabayan. Wal hasil, waktu nu samporet teh teu mere lolongkrang kuring jeung adi-adi sangkan lungkra jauh muru pamaksudan. Aya eta ge beja, yen di desa Ciramea jeung Cikumbueun malah cenah aya kuburanana sagala.
            Teu rek hanjelu kumaha,  sabab tanaga pikeun neangan eta data geus dipernah-pernahkeun ti anggalna. Bangsa deungeun nu gemet tur daria ngotektak, nguyab, nguar, nalungtik, pangpangna Snoukck Hurgronje, ti mimiti 1893 geus rikat ngumpul-ngumpulkeun carita-carita lulucon Sunda. Daerah pupuanna nyaeta Banten, Cirebon, jeung daerah Priangan. Sabagian eta data teh, pangpangna ti Pandeglang Banten, digunakeun ku Lina Maria Coster-Wijsman dina disertasina: “Uilspeigel Verhalen in Indonesie: In het Beizonder in de Soendalanden” (Carita Lulucon  di Indonesia: Hususna di Tatar Sunda)  nu dipertahankeun dina sidangna tanggal 7 Juni 1929 di Rijks-universiteit Leiden di bidang sastra jeung fisafat.
            Ku haget naker ilmuwan Walanda harita ngumpulkeun jeung nalungtik  ngeunaan masarakat Sunda ngaliwatan eta carita. Cenah ceuk Hurgronje nu dicutat ku Coster-Wijsman netelakeun: Di tatar Sunda dina kondisi nu sarwa kawatesan, kolektifna leuwih seukeut nembrakkeun rasa humorna.
            Coster ku anjeun dina disertasina siga nu rek nembrakkeun, yen tipikal karakter urang Sunda moal jauh teuing jeung sipat-sipat si Kabayan. Najan guaranana ditujulkeun kana lebah gaya basana atawa kajadian-kajadian nu dianggapna unik ceuk ukuran bangsa Eropa.
Kapanasaran kuring  teh lain nujul kana jumlah dongeng si Kabayan nu dikumpulkeun ku Hurgronje jeung sumangetna  Maria Coster-Wijsman nalungtik dongeng-dongeng lulucon Sunda, tapi rasa panasaran kuring, kira-kira dina jarak saratus sapuluh taun ti harita, carita naon wae nu masih keneh masket keur masarakat Sunda dina kahirupan kiwari.
            Tacan kapaluruh nanaon-naon nu dipiharep. Ngan sabengbatan, harita teh pikiran ngomberan sangkan kuring matalikeun jeung hirup kumbuh padumukna ayeuna. Moal boa, dongeng si Kabayan geus teu nyesa deui di unggal tempat atawa ngan mampuh nyamuni dina kasang obahna paradaban jaman. Si Kabayan terus nyamuni, malah moal boa geus dicuculkeun tina hirup kumbuh urang Sunda pedah sieun terus katuding yen urang Sunda teh siga Kabayan. 
Naha enya geus gembleng dicuculkeun? Atawa kalan-kalan si Kabayan dihiap deui pikeun jadi panglumpatan nu bisa ngabangbalerkeun kahanjelu tina rupaning kasarwawatesan jeung panyengker hidup?
Horeng, kungsi si Kabayan “didangdanan” terus dipintonkeun ngaliwatan pilem jeung sinetron nu tangtu dilalajoan ku rahayat Indonesia. Lucuna jeung otelna ditembrakkeun; teu unina dirautan sangkan tembong yen gelarna ti pakumbuhan nu ngutamakeun tata-titi; daya joangna dikandelan. Ebreh weh Kabayan nu mibanda citra  “hade” keur ukuran nu ngutamakeun tata-titi, etos kerja, jrrd. nu tembong ngaliwatan interpretasi para sineasna.
            Aya sawatara dongeng si Kabayan nu ngebrehkeun (najan angger aya nu nyamuni) dina hal ngimpleng sorangeun jaga, horeng dirina teh lain ngan ukur hudang pedah ngadagoan tunduh deui, tapi dirina masketkeun implengan ku cara ngaguar impianana; kabengbat hayang jadi menak. Ieu dongeng (sample panalungtikan Maria Coster-Wijsman, no sample 23; 1929: 85) nembrakkeun implengan si Kabayan najan ngan ukur semet impian.

 Jaman baheula aya hiji jalma ngaranna Si Kabayan, ngomong ka kiyaina:
“Kiyai, tadi peuting kula ngimpi mandi di cai gede tapi di hilirna. Eta bakal naon Kiyai?”
Cek kiyaina, “Eta mah bakal jadi jaksa.”
“Bohong kading, rada girang.”
“Eta mah bakal jadi wadana.”
“Rada girang Kiyai.”
“Unjuk eta mah bakal jadi patih.”
“ Ka beh girang sakali.”
“Eta mah bakal jadi Regent.”
“Ka beh girang sakali.”
“Atuh Kabayan, ari girang-girang teuing mah matak dipajuh maung!”
“Ih bohong kading Kiyai... di dinya bae, di lebah Regent.”

            Eta dongeng di luhur teh meureun  bae kungsi dipikawanoh ku balarea, kapibanda, atawa jadi bagian  pangbangbaler tina sarwaning kamampuh nu kawatesanan atawa panyengker hirup nu tumiba ka masarakatna mangsa harita.  Bisa jadi keur kiwari mah eta dongeng teh ngan ukur disidem bae; dalah dina ditembrakkeunana oge, remen aya pangembohna: alesan yen eta mah ngan ukur dongeng, taya patalina jeung kapribadian urang Sunda.  Naha? Moal boa aya kasieun ti seler Sunda nu keukeuh inggis disamarutkeun jeung si Kabayan nu dianggap mahiwal. Najan kitu, meureun bae aya nu masih ngusey nyeungceum pepetetan pribadi si Kabayan, najan ngan sadirieun atawa tembrakkeuneun ngan keur nu surti: lucuna, spontanna, jeung cawokahna, akal-akalanana, jeung pasipatan lianna.
Najan si Kabayan ngudag harepan jadi “menak” teh ngan bedas ukur dina impian dibarung kapaur direweg “maung”, atuh dulur-dulur si Kabayan jeung rerehanana ayeuna mah geura bral bae muru girang, tong ieuh galideur satungtung yakin yen diri masih jejem; teu ngaganggu, teu miceun jeung  teu nepakeun geugeuleuh ka hilir.  Bral geura pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian dina ketak kompetitip nu sehat tur mernah !
****

RANCET

 carpon AY Hudayat


      Jam satengah sapuluh peuting, manehna masih keneh ngarengkud mencetan salahsaurang pagawe pabrik, tatanggana. Ledak-ledak paremna di balurkeun kana tonggong nu keur dipencetan. Geus lantis, lalaunan tina lebah punduk disasar, dilelebah.  Terus dipencetan, nunutur ceuk pangrasana kudu disasar jeung dirancet kalawan lantip.
      “Ceu Odah, sok kamana wae ngider teh” nu nangkuban sorana rada ngosom. Tukang dampal leungeunna dipake pangganjel gadona. Sakapeung muringis meneran mamarasna dipencet rada tarik.
      “Nya ari abdi mah kumaha nu nganggo bae. Tapi teu acan ari ka nu tebih pisan mah.” cenah. Rancetatanan geus nepi kana bitis. Nu keur nangkuban cengkat.
      “Ke heula…alah ieu dada meni eungap kieu.” Katingali nu dipencetan maksakeun maneh nyeuseup hawa sababaraha kali. Geus katembong mernah deui,  bantal dipake pangganjel, manehna nangkuban deui. Sawatara lilana paheneng-heneng. Nu mencetan jongjon ngulinkeun ramona. Ramo kenca katuhuna meber siga kukupu, gugulusuran dina tonggong nu leucir ku balur. Jempol jeung jempol nu adek lalaunan silihpajauh. Masing-masing ngawangun gerakan muter. Saputeran, jempol jeung jempol tepung deui. Ayeuna mah nu mencetan teh museurkeun gerakanana kana dampal leungeunna.
      “Alah… Ceu ngeunah..” nu dipencetan peureum beunta. “Tah sasar lebah walikat.” Ku cara sakitu ge sabenerna geus cukup pikeun nyambung deui obrolanana. Nu nangkuban geus pok deui nanya,
      ”Ceu, ulah kokomoan teuing digawe teh. Ieu mah ceuk beja sok nepi ka peuting pisan geuning Euceu mah. Karunya ku budak!”
      “Karunya kumaha, pan sadidinten ge dibantun. Ayeuna teu dibantun teh, ngiring ka ninina ka nu hajat.” Geus biasa pikeun dirina mah nampa kedalan sarupa kitu. Geus remen jawaban-jawaban ti dirina museur kana lebah, sugan bisa,  mernahkeun pikiran jeung sangkaan nu sejen kana kaayaan nu saenyana keur kaalaman. Sakapeung jero hatena nganaha-naha ka maranehna nu keukeuh neundeun karempan atawa curiga nu kaleuleuwihi. Leuheung basa lamun semet kahariwang mah, dalah diri pribadina ge kalan-kalan kalimpudan ku rasa nu kitu. Tapi lebah curiga? Naon atuh nu keukeuh ngomberan maranehna da puguh sakitu buktina. Ngerong deui kana pangabutuh, geus dianggap jamak rupaning bagal-bagal katugenah nu mindeng katampa mah. Manehna nandonkeun rupaning katugenah. Ceuk pikirna, moal nulungan rasa nu epesmeer mah.  
Jawaban teh karasa rada beda keur nu dipencetan harita. Rasa panasaran  terus nuyun manehna  ngudar rupaning peta ti nu  keur ngarengkud mencetan. Sora nu karasa rada nyereng tadi, kacindekanana geus nepi kana lebahna. Nu dipencetan teu bisa kapalingan, rancetanana geus beda ti wirahma nu mimiti.
      “Komo kitu…. Budak dibawa sapopoe. Ulah disaruakeun jeung urang. Ku angin tea. Kurang-kurangna kuat mah, sidik pipanyakiteun teh narapeu ayeuna mah”
      “Ah, henteu pun anak mah. Ngartieun bae meureun…ngajurung laku ka indung. Paling kaserang pileg. Lamun sapopoe ditinggalkeun, beuki melang. Ulinna sisi walungan wae budak teh. Aya dititipkeun ka ninina, karaos ku abdi… kumaha adat budak teh… rudet.
      “Tara sieun lamun balik ti peuting?
      “Lah, jamak nu kitu mah. Nu nyangka lain-lain mah, aya. Tapi kumaha urangna. Ari tadi naon, bade ka dieu teh, aya nu nunutur dugi ka buruan! Ngagugulung kasieun teuing mah atuh abdi moal gaduh keur balanja uyah-uyah acan panginten” beuki dieceskeun ku manehna, kateuneung jeung kaludeung teh lain rek disalenggorkeun ka lebah nu matak pikanistaeun.
      “Enya, matak ge kade.  Puguh mah ladang kesang halal, nu lain mah can tangtu bisa…  ” sorana teu kebat. Aya nu didagoan nepi ka mana nu mencetan teh surti kana maksud eta ucapan. Nu didagoan kedalanana geus mungkas rancetanana. Wadah balur geus ditutupan deui. Duit receh diasupkeun kana carecet.
      “Har, ari Ceu Odah… atos kitu. Ari ieu ramo suku naha moal dicetrekkan?”  sorana ngahaja dihampangkeun. Gancang manehna ngarongkong kana kutang nu ngalumbruk di gigireun.
       “Lah…. Ulah seueur teuing dicetrekkan. Cenah mah persendianana bisi garing. Atuh jadi rarengkeng keh. Kersa kitu?!!”
       “Enya ..lah. Ceu Odah tea ahlina atuh. Eh… Kadieu deui minggu hareup, nya? Lamun aya waktu mah hayang dipangundeurkeun pucuk sampeu. Urang ngalalab jeung meuleum peda geura. Abong mun te pedo sambel Ceu Odah mah!” Cenah bari ngusiwel ngaluarkeun duit terus dikeupeulkeun ka Nyi Odah.
       “Kumaha engke bae. Gampang lah…caket ieuh!”
      Teuing naon nu nyangkaruk dina pikiran jeung hate Nyi Odah harita. Peuting nu suni tur palataran nu meredong tacan bisa nyalametkeun dirina tina rupa-rupa hal nu kudu karandapan. Sakur laku lajuna tacan mampuh ngabalakakeun ka nu sejen yen dirina masih tatag panceg dina titincakanana.
       Budak ditutungtun diaakod teh lain teu beurat lain teu cape, lain teu ridu. Tameng nu pangampuhna keur dirina taya lian ti kudu mamawa budak. Meungpeung can manjing sakola. Da mun geus waktuna sakola mah, kapaksa meureun aya nu kudu ditarekahan sangkan dirina bisa ngalumangsungkeun pacabakanana kalawan taya halangan harungan.
      Enya, ku mawana budak, sahanteuna aya pangreugreug. Leutik-leutik ge lalaki., bisa jadi batur ludeung. Bisa jadi saksi yen indungna kalawan euweuh niat saeutik ge rek mengpar tina tujuan mimiti: ngipayahan budak jeung indung ku jalan halal. Sakalieun di titah mencetan lalaki, mikir heula, satungtung masih wawuh, puguh dulur jeung kulawargana bisa wae ditedunan, komo lamun nu saimah atawa tatanggana milu hayang diparencetan. Teu pati ieuh salempang.
      Budak montel teh pikeun dirina mah hiji kauntungan keur pamanceg jeung panyengker tina sagala rupa nu baris mengparkeun paniatan mimiti. Kungsi hiji waktu, manehna teu mawa budak. Ninina keukeuh nyarek. Cenah, ulah dibiasakeun. Geus diolo mah teu burung repeh budak teh. Nu miang meusmeus ngarandeg. Karasa aya nu narampeu matak pikarempaneun. Rada jauh ti lemburna, antukna manehna anjog ka hiji imah nu combrek. Apal nu ngeusian ngan saurang, lalaki deuih, karempanna beuki ngandelan. Harita Kaitung pangalaman anyar keur dirina mah kudu lunta ka imah lalaki keur urusan kitu. Pikiran ngopepang kana kaayaan imahna. Enya, lamun tea mah nyumponan nanon-naon nu dipikabutuh keur nu daratang, meureun bae nepi ka ayeuna ge masih bisa mencetan di imahna bari teu kudu ninggalkeun indung. Bubuhan we meureun dibarung niat nulungan, tatangga remen nitah sangkan kuring datang ka imahna, ngadon mencetan di imah sewang-sewangan. Lila ti lila, ku beja pabeja-beja, ti nu jauh ge daratang, ngahaja ka imah heula. Aya nu gadon langsung menta dipencetan. Ngan hanjakal, teu lana. Enya, sakalieun hayang kiih ge, nu keur narungguan giliran teh, kudu bae neang rungkun nu kaitung teu kagiridig ku nu aya di lembur. Atawa teu kitu kudu bae ka tampian nu jauh ti imah teh. Komo deui lamun hayang ngising mah, make kudu jeung teteregeng ka walungan sagala. Nya ti harita, aya urang Ciantanan nitah manehna ka imahna. Alesanana mah hayang leuwih rineh.
      Nyi Odah langsung di titah asup ka kamar. Reuwasna teuing semet mana.  Kasampak nu boga imah keur nangkuban padu dikaos sangsang jeung calana kolor. Manehna langsung nuduh-nuduhkeun lebah-lebah nu carangkeulna. Bari ngarengkud, tanda tanya mah masih terus ngulincir dina uteuk manehna. Naon kajadian nu baris karandapan ku manehna. Naon kahayang sabenerna ieu jelema. Ngan kitu jeung kitu. Tapi lila ti lila mah kasalempang teh ngurangan. Tina omongan eta lalaki, teu mampuh dihartikeun ku manehna minangka galagat nu teupihadeeun. Ilaharna obrolan di sela-sela mencetan, nu mencetan ngobrol padu teu jempling teuing. Aya atohna kituna mah. Ngadedempes omanan malah matak nyumput-nyumputkeun nu teu pikahartieun nu tungtungna bisa ngerekeb dirina nu teu bisa walakaya, teu diomberan pikeun ngejat atawa ngabela diri heula.
      Teu lila teuing mencetan teh, eta lalaki geus ngeureunkeun. Cukup cenah poe ieu mah. Geus mere buruh, ngomat-ngomatan sangkan datang deui minggu hareupna. Nyi Odah nembalan ngan cukup ku unggeuk terus amitan.
      Enya, ku geus ngarasa aman mah, aya kana dua tilu kalina mencetan di eta imah lalaki teh. Ku ngarasa euweuh nu pisalempangeun, budak kalan-kalan teu dibawa. Ninina mah atoheun kacida. Pokna teh itung-itung nungguan ninina nu camieu sorangan di imah.
      Antukna si lalaki teh jadi ngalanggan. Keur Nyi Odah mah karasa hiji kauntungan. Bayaranana leuwih undak ti sasaha oge. Malah kaitung ngarti eta lalaki teh. Ngahaja Nyi Odah, dielingan, lamun perelu mah bawa bae budak teh. Ulah ngarasa kagok da dirina mah teu ngarasa kaganggu ieuh.
      Geus diangkir deui, saperti biasa, obrolan ngan padu miceun kasimpe wungkul. Nu dipencetan nunuduh lebah-lebahna nu kudu dirancet. Lebah bobokong nu dirancet teh teu laju nitah deui ka lebah sejenna. Cenah mah asa carangkeul pisan. Atuh Nyi Odah terus bae ngarengkud. Tapi teu kungsi lila, manehna nitah ngarancet ka nu leuwih handapna. Manehna mimiti galider. Lain soal lebah-lebah mana nu kudu dirancet, tapi aya nu leuwih nandeskeun kapaur. Panitah eta lalaki teh ngadenge haroshos. Geus teu kudu dihartikeun nu sejen, keur tangtungan Nyi Odah nu kungsi ngalaman mamanisna birahi, geus mangrupa pangbalaka  ti eta lalaki. Manehna keur ngadodoho kasempetan pikeun ngudar rereged nu nyaksrak saawak-awak.
      Teu diengkekeun deui, Nyi Odah ngeureunkeun rancetan. Nu keur haroshos neger-neger maneh. Sieun katohyan naon nu keur nyaksrak na awakna.
      “Enggeus kitu?’
      “Seueur keneh bujengen!”
      “Har…. buruhna ge atuh kudu dikurangan.”
      “Teu langkung” cenah bari terus ngojengkang muru lawang panto. Nu ti jero kamar ngudag. Nongtak leungeun Nyi Odah.
      “Heureuy atuh kuring mah. Tah…!” cenah bari ngasongkeun buruhna.
            Nyi Odah ngingkig. Dirina neger-neger maneh. Minggu hareup, naon deui nu baris karandapan?